Barnabas matuhna di Pulau Siprus di Mediterania (Rasul-Rasul 4:36). Panginten Barnabas ngadangu Beja Kabungahan sarta percaya ka Gusti Yesus nalika nganjang ka Yérusalém dina raraga dinten Péntakosta.
Ngaran aslina mah Yusup, hartina dina basa Ibrani teh “manéhna bakal nambahan atawa ngaronjatkeun”. Tapi lantaran Barnabas geus kawentar sok maparin sumanget ka batur, ku murid-murid lianna dilandi Barnabas, hartina “anak panglilipur”.
Barnabas asal ti kaom Lewi (Rasul- Rasul 4:36). Urang Lewi gaduh tanggung jawab pikeun ngalayanan di Bait Allah. Rupina Barnabas teh guru Hukum Toret di hiji sinagoge, tempat ibadah urang Yahudi di Siprus.
Anjeunna ngajual lahan milikna, duitna diserenkeun ka rasul-rasul (Rasul-Rasul 4:37). Tujuanana supaya ulah ngabeungbeurat jamaah Gusti. Kitu anu ditegeskeun ku rasul Paulus jeung Barnabas, yen aranjeunna mah moal nyuhunkeun pangrojong ti jamaah. Aranjeunna mah ngupayakeun ku nyalira keur kaperluan dirina (1 Korinta 9:6-7).
Saurang nu ngaranna Saulus tobat kalawan cara anu beda ti nu ilaharna. Tapi taya jamaah anu kersaeun narima, sabab samemeh tobat teh anjeunna sok nganiaya jamaah Gusti. Nya ku Barnabas diangkir.
Saulus dikenalkeun ku Barnabas ka para rasul. Tuluy diterangkeun hal anjeunna ditembongan jeung didawuhan ku Gusti di jalan ka Damsik, jeung hal kateuneunganana mertelakeun Yesus di Damsik (Rasul-Rasul 9:27).
Jadi Barnabas yakin pisan yen Saulus bener-bener geus tobat. Barnabas oge ngarojong hiji nonoman nu ngaran Yohanes Markus pikeun ngalayanan Gusti babarengan jeung anjeunna sarta Saulus oge (Rasul-Rasul 12:25). Aya pangalaman anu unik dina palayanan Barnabas jeung Saulus patali jeung Yohanes Markus.
Hiji mangsa Saulus henteu kersaeun ngajakan Yohanes Markus dina palayanan aranjeunna, lantaran pernah ninggalkan palayanan. Tapi Barnabas keukeuh hayang ngajakan Yohanes Markus (Rasul-Rasul 15:36- 41). Ahirna mah Barnabas jeung Saulus papisah.
Pangna Barnabas disebut “anak panglilipur” nyaeta ku jalaran lalampahanana anu someah hade ka batur (Rasul-Rasul 4:36). Memang anjeunna layak disebut kitu.
Barnabas jeung Saulus teh dua jalmi anu kalintang pentingna dina pangwawaran Beja Kabungahan di jamaah munggaran. Aranjeunna babarengan ngalalayanan Gusti di sababaraha tempat.
Hiji mangsa para pamingpin jamaah di Yerusalem ngutus Barnabas ka Antioki supaya nguatkan iman para jamaah di ditu. Jamaah teh ku Barnabas dipeupeujeuhan supaya enya-enya “satia satuhu ka Gusti”. Barnabas jalma berbudi, manahna pinuh ku Roh Suci, kacida percayana ka Gusti, nepi ka loba anu katarik aranut ka Gusti. (Rasul-Rasul 11:22-24).
Barnabas angkat ka Tarsus geusan nepangan Saulus, tuluy ku anjeunna diajak ka Antioki. Aranjeunna karumpul jeung jamaah di Antioki sataun campleng bari ngawulang ka jalma rea.
Malah mah nalika Barnabas jeung Saulus nyarioskeun sagala mujijat jeung kaahengan anu dipidamel ku Gusti Allah di kalangan bangsa sejen ku jalan aranjeunna, anu ngabarandungan mani jarempling (Rasul-Rasul 15:12). Harita Saulus geus katelahna Paulus.
Dina perjalanan nu kadua ngawawarkeun Beja Kabungahan, Barnabas ngajakan Yohanes Markus, alona. Tapi Paulus teu panuju sabab Yohanes Markus kantos ninggalkeun aranjeunna dina perjalanan nu kahiji nalika kaayaanana raripuh (Rasul-Rasul 13:13).
Ahirna Yohanes Markus tetep diajakan ku Barnabas bari terus diwarah. Ari Paulus mah neruskeun lalampahanana bareng jeung Silas (Rasul-Rasul 15:37-41).
Barnabas kacida nyaaheunana ka Yohanes Markus. Anjeunna kersaeun narima Yohanes Markus sadaya-daya. Tapi Paulus oge
Ilustrasi: Paulus ngabewarakeun beja kabungahan di Antioki
Jalma-jalma panganut Gusti Yesus mimitina disarebut “Urang Kristen” teh nya di dinya, di Antioki (Rasul-Rasul 11:26). Kristen teh hartina para pangiring Kristus. Aranjeunna dialajar kumaha carana sangkan jadi saperti Gusti Yesus dina ucap lampah sadidinten.
Hiji mangsa waktu aranjeunna keur ngalakonan ibadah ka Gusti bari paruasa, aya timbalan Roh Suci, kieu: “Kami menta Barnabas jeung Saulus, pikeun ngajalankeun pagawean ti Kami pribadi.” Sanggeus rengse ngadoa jeung paruasana, Barnabas jeung Saulus ditumpangan panangan tuluy diutus (Rasul-Rasul 13:2-5).
Barnabas jeung Saulus diutus ku Roh Suci arangkat ka Seleukia, sarta terus balayar ka pulo Siprus, ngajugjug ka Salamis. Di dinya aranjeunna ngawulangkeun pangandika Gusti Allah di imah-imah ibadah urang Yahudi. Yohanes Markus oge aya di dinya, heg milu mantuan (Rasul-Rasul 13:4-52).
Barnabas oge ngaluuhan gempungan para pamingpin di Yerusalem. Ieu gempungan ngabahas jalma-jalma anu kakara percaya ka Gusti Yesus tapi nu lain urang Yahudi. Kumaha carana sangkan aranjeunna bisa ngagabung ka jamaah munggaran.
Malah mah nalika Barnabas jeung Saulus nyarioskeun sagala mujijat jeung kaahengan anu dipidamel ku Gusti Allah di kalangan bangsa sejen ku jalan aranjeunna, anu ngabarandungan mani jarempling (Rasul-Rasul 15:12). Harita Saulus geus katelahna Paulus.
Dina perjalanan nu kadua ngawawarkeun Beja Kabungahan, Barnabas ngajakan Yohanes Markus, alona. Tapi Paulus teu panuju sabab Yohanes Markus kantos ninggalkeun aranjeunna dina perjalanan nu kahiji nalika kaayaanana raripuh (Rasul-Rasul 13:13).
Ahirna Yohanes Markus tetep diajakan ku Barnabas bari terus diwarah. Ari Paulus mah neruskeun lalampahanana bareng jeung Silas (Rasul-Rasul 15:37-41).
Barnabas kacida nyaaheunana ka Yohanes Markus. Anjeunna kersaeun narima Yohanes Markus sadaya-daya. Tapi Paulus oge ahirna mah kersaeun ngahampura ka Yohanes Markus.
Sanggeus sawatara lila, Paulus inget ka Yohanes Markus dina suratna ka Timoteus. Anjeunna nyuhunkeun ka Timoteus supaya bisa narima Yohanes Markus, upami pareng nyampeurkeun ka anjeunna (Kolosa 4:10).
Salasahiji lalampahan Barnabas anu rada kirang sae nyaeta nalika anjeunna kapangaruhan ku Petrus. Anjeunna henteu kersa tuang bareng jeung jamaah nu lain urang Yahudi di Galata (Galata 2:13).

Sabenerna mah Barnabas apal yen Gusti Yesus sumping geusan nyalametkeun sakumna bangsa di sakuliah dunya, lain keur bangsa Yahudi wungkul. Ieu sikep Barnabas ku Paulus disebutna kecing tur munapek. Tapi tungtungna mah Barnabas oge bisa narima pamadegan Paulus kalawan iklas.
Alkitab henteu ngajelaskeun kalawan jentre pupusna Barnabas. Namung tradisi jamaah netelakeun yen Barnabas maotna salaku martir antara taun 61M di Siprus. Barnabas ditelasan jalaran imanna ka Gusti Yesus.
Barnabas janten tuladan anu kalintang saena salaku pamingpin (mentor) di kalangan jamaah Gusti. Anjeunna maparin sumanget nalika Saulus teu dipercaya ku saurang-urang acan. Barnabas oge maparin kasempatan ka Saulus geusan ngalayanan Gusti, sarta ngabaturan dina perjalanan misi ku kahiji.
Anjeunna terus meparin sumanget ka Yohanes Markus, anak anu diatikna anu
merlukeun pangrojongna. Salian ti eta, Barnabas oge geus ngupayakeun sakuat naker dina nyiapkeun Saulus jeung Yohanes Markus sangkan tiasa babarengan ngalayanan Gusti.
Ahirna mah Saulus jadi langkung kasohor tibatan Barnabas. Duanana silih rojong, sanajan aya sakedik pamadegan anu teu sarua. Di tungtung pelayanan babarengan, dina perjalanan misi aranjeunna, nu disebut ti payun mah Paulus, tapi katelahna Paulus jeung Barnabas (Rasul-Rasul 15:2).
Salajengna, urang diajar ti Barnabas pikeun jadi sumber anu maparin sumanget ka batur dina perjalanan kahirupan aranjeunna. Kaasih tur kurnia Gusti Allah anu nyarengan Barnabas jeung Paulus, oge nyarengan urang sadaya, sangkan batur tiasa wanoh ka Gusti Yesus.
Barnabas ngabantu batur sangkan tumuwuh dina iman jeung ngalayanan Gusti. Anjeunna lir ibarat maparin pananganana sangkan tiasa nungtun batur, nya kitu sakedahna urang oge dina milampah ieu kahirupan.