BEJA KABUNGAHAN
Para pamaos, kiwari aya sababaraha pangajaran anu matak geunjleung. Di antarana nyaeta pangajaran anu nyebatkeun yen sing saha bae anu hade hate, dibuktikeun ku seueur milampah kahadean di ieu dunya, bakal lebet ka Sawarga, nampi hirup langgeng. Naha leres kitu carana? Hayu urang talungtik bebeneran Alkitab.
Hirup langgeng, nugraha ti PANGERAN
Seueur jalmi anu ngagaduhan pamadegan yen kahadean urang di dunya mangrupikeun bekel pikeun ngengingkeun hirup langgeng di Sawarga. Pamadegan ieu tangtos henteu luyu sareng pangajaran Alkitab.
Aranjeun oge pang salamet teh ku karana sih kurnia Allah lantaran percaya ka Yesus, nugraha ti Allah, lain beunang ihtiar sorangan. Moal aya jelema anu salamet ku ihtiarna sorangan, jadi ulah nyombong ku hal eta (Epesus 2:8-9).
Jalmi tiasa nampi hirup langgeng di Sawarga jalaran geus dibebaskeun tina hukuman langgeng di naraka. Hirup langgeng di Sawarga mangrupi nugraha ti PANGERAN. Jadi upami kitu kumaha carana sangkan urang tiasa nampi kasalematan ti PANGERAN?
Percaya sarta nampi Gusti Yesus
Saprak Adam tigebrus kana dosa, peurah dosa ngawasaan hirup manusa. Balukarna manusa jadi teu daya teu upaya, teu boga kakuatan keur ngaleupaskeun diri tina eta kawasa.
Manusa geus satekah polah upaya ngaleupaskeun dirina, tapi sagala ihtiarna mubadir di payuneun PANGERAN. Manusa butuh pitulung pikeun ngaleupaskeun dirina tina kawasa dosa. Saha anu tiasa nulungan manusa anu keur dikawasaan sarta lambokot ku dosa? Teu aya sanes iwal ti PANGERAN ku Manten anu kawasa nulungan sarta ngajait manusa tina leutak dosa.
Ieu pitulung mangrupi buktos yen PANGERAN mikaasih ka umat manusa. PANGERAN henteu rido upama manusa salaku ciiptaana-Na kudu binasa lantaran kawasa dosa. Ieu pitulung PANGERAN disebutna nugraha.
Kumaha carana PANGERAN nulungan manusa sangkan salamet? PANGERAN nulungan ku jalan masihkeun Putra tunggal- Na pikeun pupus ngaganti manusa nu dosa. Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng. (Yohanes 3:16).
Kumaha sareng para pamaos? Naha para pamaos bade nampi pitulung PANGERAN? Upami hoyong salamet, mangga percanten sarta tampi Gusti Yesus salaku Gusti tur Jurusalamet sacara pribadi.
Hal ieu oge ditegeskeun dina Alkitab, “Lamun aranjeun ngaku jeung percaya yen Yesus teh Gusti, anu ku Allah geus digugahkeun tina maot, tangtu aranjeun salamet. Ku jalan percaya, urang bisa diangken bener ku Allah, sarta ku jalan ngaku ka Anjeunna urang tangtu salamet”. (Rum 10:9-10 ). Sarta urang oge dipaparin kawasa janten putra-putra Mantenna: ... anu narima jeung palercaya ka Anjeunna teh; ... ku Anjeunna dipaparin hak jadi putra-putra Gusti Allah. (Yohanes 1:12).
Tobat tina kahirupan heubeul
Kanggo nu percaya sarta nampi Gusti Yesus salaku Gusti tur Juru salamet sacara pribadi, tangtos kedah tiasa muji sukur ku nugraha PANGERAN. Muji sukur sabab anu sakedahna kudu binasa lantaran dosa, parantos digentos ku pupusna Gusti Yesus.
Sukur urang ka PANGERAN kedah dipintonkeun ku tobat tina kahirupan heubeul. Hartosna aya parobihan hirup sarta janten manusa ciptaan anyar (2 Korinta 5:17; Kolosa 3:9-10). Piwuruk Gusti Yesus, “Tembongkeun ku lampah yen aranjeun geus tarobat.” (Mateus 3:8).

Hirup saluyu sareng Pangandika Gusti
Iman kapercayaan urang tiasa teras tumuwuh sarna urang aya dina panuyunNa, peryogi pisan diajar, dididik janten murid saluyusarengamanatagung-Na(Mateus28:19- 20). Murid kudu ngahirupan pangandika-Na sangkan eta pangandika hirup dina dirina sarta dipintonkeun dina lalampahanana saluyu sareng anu dicutat dina Kitab Suci.
Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun, supaya ulah disebut nipu diri sorangan. (Yakobus 1:22).
Dulur-dulur! Ku sabab Allah sakitu murah asih-Na ka urang, sim kuring menta ka aranjeun supaya ngabaktikeun diri ka Mantenna, jadikeun kurban hirup-hirup; kumawula ka Mantenna bae supaya sukaeun manah-Na. Kudu kitu ibadah teh, kakara bener. Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na. (Rum 12:1-2).
Jadi para pamos, dina Kitab Suci jelas pisan yen kahadean urang di ieu dunya, mangrupikeun buah tina sukur urang ka PANGERAN, buah pertobatan urang sanes pikeun nampi kasalametan. Kasalametan mangrupikeun nugraha ti PANGERAN. Konci pikeun nampi rahmat nyaeta ngalangkungan percaya sareng nampi Gusti Yesus salaku Gusti sareng jurusalamet sacara pribadi.
Ku: Kang Daus