Dina hiji poe Minggu, Abah, Ibu, Bapa, Eci jeung Eca bade angkat ka tempat ibadah. Eci jeung Eca bungah pisan angkat dinten Minggu ieu teh sabab minggu kamari guru Sakola Mingguna jangji bakal aya pertandingan sanggeus rengse Sakola Minggu. Atuh Eci jeung Eca geus nungguan ti mimiti poe Senen, hayang geura poe Minggu.
“Eci, Eca, engke teh rek aya pertandingan nya?” tanya Abah bari sarapan, “sanggeus beres Sakola Minggu.”
“Sumuhun, Bah!” Eci jeung Eca ngajawab meh bareng, mani sumanget pisan.
“Kumaha lamun heug teh eleh?” tanya Ibu.
“Teu sawios, Bu,” tembal Eci. “Bade eleh bade meunang oge moal rek protes, Bu.”
“Moal ceurik kitu, mun eleh?” ceuk Eca ngaheureuyan.
“Moal atuh,” tembal Eci mani yakin. “Meunang atawa eleh mah normal atuh, namina oge pertandingan. Anu penting mah happy, suka bungah, kitu tah.”
Abah, Bapa jeung Ibu satuju pisan kana omongan Eci. Tuluy aranjeunna sasadia bade angkat ka tempat ibadah.
Sakola Minggu dimimitian ku pupujian ka Gusti, diteraskeun ku ngadangukeun carios tina Alkitab anu didugikeun ku Teh Nia. Sakumaha anu dijangjikeun ku guru Sakola Minggu Eci jeung Eca, tungtungna diumumkeun, pertandingan naon wae anu bakal diayakeun.
“Nah, barudak, sanggeus urang muji ka Gusti sareng ngadangukeun carios tina Alkitab, ayeuna mah hayu urang teruskeun jeung lomba tea,” ceuk Teh Nia.
“Asssiiikkk,” barudak sarurak mani rame bakat ku bungah.
“Saha anu bade ngiringan?” tanya Teh Nia.
Sadaya barudak ngaracung bari nembalan, “Abdi...abdi...abdi, Teh!” nu tuluy pada sarurak bakat ku sarumanget.
“Anu bade ngiringan, sok geura caralikna sing rapih... dinten ieu urang bade maen neguh kecap make gerakan,” ceuk Teh Nia. “Engke maenna sapasang- sapasang nya.”
Eci jeung Eca bungah pisan bisa maen babarengan. Eta adi-lanceuk teh mani alakur.
Hanjakalna mah harita Eci jeung Eca eleh sabab aya sababaraha kecap anu teu katebak. Eci jadi keuheuleun, teu daekeun maen deui.
Di jalan bade uih, Bapa jeung Ibu bingungeun ningali raray Eci anu baeud, jamedud. Eca mah tenang, kawas anu taya kajadian naon-naon.
“Eci ku naon, Neng?” tanya Bapa. Eci ngabetem, teu nembalan.
“Oh eta, Pa, tadi basa ngiringan lomba tea, Eci jeung Eca teh eleh,” Eca nu nembalan.
“Ooo ... kitu kutan,” ceuk Bapa.
“Eci jadi keuheuleun ... alimeun maen deui, Pa,” ceuk Eca ngajelaskeun.
“Apanan tadi enjing ku Ibu geus ditanya, kumaha mun eleh ...?” Ibu ngemutan ka Eci.
“Tapi pan ...,” tembal Eci asal nempas, bari teu diteruskeun nyaritana.
“Pan ceuk Eci mah teu sawios, da ngaranna oge pertandingan, pasti aya nu eleh aya nu meunang ... nu penting mah bungah,” ceuk Ibu.
“Naha ari ayeuna Eci bet jadi pundung, mani baeud kitu?” tanya Bapa bari ngusapan sirah Eci.
Ngadenge naon anu diomongkeun ku Ibu, Eci jadi sadar. Manehna eraeun ku lalampahanana sorangan.
“Tah, ieu mah Bapa ngemutan ka neng Eci,” ceuk Bapa mapagahan.
Paroman Eci rada robah saeutik. Manehna melong ka bapana.
“Urang teh kudu ati-ati ari nyarita naon bae oge,” ceuk bapana, “anu ku urang dicaturkeun kudu sarua, ulah lanca linci.”
“Maksud Bapa, Eci geus ngabohong?” tanya Eci rada protes.
“Eeehh, lain kitu,” tembal bapana, “lampah urang kudu nembongkeun naon anu diucapkeun ku urang, kudu bener- bener.”
“Omongan urang teh kudu jeung prakprakanana, Neng,” Ibu milu ngajelaskeun.
“Lain ngan ukur kaluar tina baham urang wungkul,” ceuk Bapa neruskeun deui, “tapi kudu bari dilakonan kalayan sagemblengna hate, ulah bari kukulutus ... komo bari jeung baeud.”
“Leres nya, Pa, nyarios mah gampang,” ceuk Eca nyaluyuan omongan bapana, “ngalaksanakeunana nu sesah mah.”
“Tapi leres ceuk Eca, Pa ... mani sesah ieu teh,” ceuk Eci bari nembongkeun paroman anu sedih.
“Memang henteu gampang,” ceuk Bapa, “tong boro ning barudak, dalah kolot oge sok hararese.”
“Tapi Eci jeung Eca kudu inget yen aya Roh Suci anu siap ngabantos Eci jeung Eca,” ceuk Ibu, “supaya naon wae anu ku Eci jeung Eca diomongkeun, bisa dilaksanakeun demi ngamuliakeun Gusti.”
“Apal keneh lagu Sakola Minggu?” tanya Bapa.
“Lagu nu mana, Pa?” tanya Eca panasaran.
“Anu kieu tea geuning ... Hati-hati gunakan mulutmu ..., ” ceuk Bapa bari nyanyi. Eci jeung Eca seuri.
“Apal atuh, Pa,” tembal Eci jeung Eca meh bareng.
Tuluy Eci jeung Eca nyaranyi ....
Hati-hati gunakan mulutmu.
Karena Bapa di surga melihat ke bawah.
Hati-hati gunakan mulutmu ....
Ku: Teh Illa