Henteu Leungit Sumanget

Mang Aju jeung bi Enah keur ningalian barangkal urut imahna anu rugrug jalaran lini gede sabulan ka tukang. Tapi aranjeunna tetep teger.

“Puji sukur nya, Ma,” ceuk mang Aju ka bi Enah, “urang henteu nepi ka cilaka, barudak saralamet.”

Memang nalika kajadian aya lini gede teh mang Aju jeung bi Enah ngan duaan di imah. Barudakna kabeneran keur ngaranjang ka nini jeung akina.

Bi Enah ngahaminan, tuluy pokna, “Puguh Ema oge keur ngalenyepan kaasih Gusti anu sakitu ageungna ka urang.”

“Urang ngeureyeuh we, Ma, pan keusik geus cukup,” ceuk mang Aju.

“Tah, kitu, Pa, engke upami aya berkah deui mah urang nungtutan meser semenna,” ceuk bi Enah.

Mang Aju nyaluyuan, tuluy pokna, “Batako mah urang pilihan deui we sugan aya nu bisa kapake keneh, kari meuli keur nambahan.”

Sabot kitu jol Eman jeung Iis babawaan, kintunan ti ninina. Barudak teh mani sonoeun pisan ka indung-bapana, kawas anu geus jauh papisah tur lila teu papendak.

Padahal mah imah nini-akina teh mung benten kampung. Malum kulawarga mang Aju mah kasebutna kulawarga anu layeut.

Eman jeung Iis bingungeun ningali indung-bapana anu tenang tur senang dina kaayaan kitu. Cacakan imah rugrug oge aranjeunna tetep sumanget.

“Kapan Apa jeung Ema teh diajar ngalarapkeun dawuhan Gusti,” mang Aju ngajelaskeun.

“Anu kumaha tea ungelna, Pa?” tanya Eman jeung Iis meh bareng.

Sim kuring sering ditarajang ku kasusah, tapi teu kungsi balahi. Sakapeung sok bingbang, tapi tara nepi ka leungit sumanget. Eta teh kasauran rasul Paulus ka jamaah di Korinta (2 Korinta 4:8).

“Anu kaalaman ku Apa jeung Ema mah teu pira lamun dibandingkeun jeung anu sering kaalaman ku rasul Gusti,” ceuk mang Aju.

“Nu mawi Ema jeung Apa mah moal nepi ka leungit sumanget,” bi Enah nambahan.

“Tuh, buktina, Apa jeung Ema geus ngeureuyeuh ngagundukkeun keusik. Eman jeung Iis salamet tina bahla basa aya lini,” ceuk mang Aju.

Mang Aju jeung bi Enah yakin yen Gusti mirosea ka sing saha anu gumantung ka Mantenna. Eman jeung Iis ditegerkeun imanna.

Dina kaca-kaca salajengna bade dibahas langkung jembar tur jero ngeunaan kahirupan anu henteu leungit sumanget. Sumangga para pamaos neraskeun maca kaca-kaca salajengna.