HIRUP SAKUMAHA JALMA MERDIKA

Pangjajap

Taun 2024 nagara urang mieling dinten kamerdikaan anu ka-79. Urang geus 79 taun merdika tina panjajahan. Dupi kamerdikaan teh geus karasa ku sakumna bangsa Indonesia? Tetela henteu sadaya jalma ngarasa merdika. Di sababaraha daerah, kalebet di sabudeureun urang, seueur keneh masarakat anu tacan merdika tina walurat jeung kasusah nyiar kipayah.

Salaku jalma anu percaya ka Gusti, urang muji syukur jalaran bangsa urang geus leupas tina panjajahan, pon kitu oge geus dibebaskeun tina panjajahan dosa. Tapi, sakumaha kamerdikaan nagara urang tacan karasa ku sakumna bangsa Indonesia, kitu oge kabebasan rohani. Kamerdikaan henteu karasa ku jalma-jalma anu masih keneh hirup dina dosa, sanajan ngakuna mah percaya ka Gusti Yesus.

Dimerdikakeun tina Panjajahan Dosa

Dawuhan Gusti netelakeun yen sadaya jalma geus dosa (Rum 3:23). Hartina sing saha wae anu dibabarkeun di ieu dunya teh dosa, geus diperbudak, dijajah ku dosa. Urang aya dina kakawasaan dosa.

Upami urang hirup dina kakawasaan dosa, hukuman nu bakal katampi ku urang nyaeta maot, sabab dawuhan Allah nyebatkeun yen upah dosa teh maot (Rum 6:23a). Dosa ngabalukarkeun karuksakan langgeng. Manusa kalintang perluna dibebaskeun tina borogod dosa.

Kemerdikaan anu Mahal

Dosa ngabalukarkeun maot langgeng di naraka. Manusa perlu Jurusalamet, margi pamohalan bisa salamet ku ihtiarna sorangan. Kitu margina pangersa Gusti Allah langkung ti payun nyalametkeun manusa tina borogod dosa. Kumaha carana? Dawuhan Gusti, kieu ungelna: “Karana kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na, supaya sakur anu percaya ka Anjeunna ulah binasa, tapi meunang hirup langgeng.” (Yohanes 3:16)

Gusti Allah ngutus Gusti Yesus ka alam dunya. Anjeunna hirup salaku manusa, tapi henteu dosa sabab Anjeunna Gusti. Gusti Yesus mintonkeun seueur mujijat, dugi ka ahirna pupus dina kai dipalang. Pupusna Kristus mangrupikeun jalan pikeun ngabebaskeun manusa tina panjajahan dosa.

Pupusna Kristus pikeun ngabebaskeun urang mangrupikeun harga anu kalintang awisna anu dibayar ku Gusti Allah ku Manten. Di jaman Perjangjian Lawas, upami urang Israil milampah dosa, aranjeunna kedah nyanggakeun kurban panebus dosa ka Gusti Allah (Imamat 4:1-35).

Sato paranti kurban dosa teh kedah anu panghadena, anu kasebatna kurban anu sampurna, tur dilaksanakeunana teterasan dugi ka Kristus ngalaksanakeunana salaku kurban anu sampurna (Ibrani 10:1-18). Henteu mung eta, Alkitab oge netelakeun ka urang yen Gusti Yesus ku Manten nanggel dosa-dosa urang dina kai dipalang supados urang tiasa hirup dina bebeneran (1 Petrus 2:24).

Pangorbanan Kristus jadi kabebasan nu kalintang luhung ajenna, teu bisa dibandingkeun jeung emas atawa perak. Ieu anu dilaksanakeun ku Allah ka manusa. Dawuhan Gusti, kieu ungelna: “Aranjeun geus terang, naon anu ku Mantenna dianggo nebus aranjeun supaya bebas tina kalakuan anu taya paedahna tuturunan ti karuhun. Lain ku barang anu sok ruksak saperti upamana perak atawa emas, tapi ku anu kacida mulyana,” (1 Petrus 1:18-19a).

Ayeuna urang anu geus percaya ka Gusti Yesus, geus dibebaskeun tina borogod dosa. Hartina yen urang bebas tina penjajahan dosa. Tapi salami hirup di ieu dunya, urang kedah terus waspada kana dosa. Anu kedah dilaksanakeun nyaeta ngajaga eta kabebasan dugi ka ahir hirup urang.

Ngajaga kamerdikaan di lebet Kristus

Urang geus dibebaskeun tina dosa ngaliwatan kurban Gusti Yesus dina kai dipalang. Gusti Yesus ngurbankeun salira-Na pikeun nyalametkeun urang. Ayeuna bagian urang nyaeta berjuang pikeun ngajaga eta kabebasan.

Kahirupan salaku jalma bebas hartina pipikiran tur ucap lampah nembongkeun gaya hirup jalma bebas. Dina 1 Petrus 2:16 sahenteuna aya dua gaya hirup jalma bebas anu tiasa diterapkeun ku urang dina kahirupan.

Kahiji, salaku jalma anu geus dimerdikakeun tina dosa, urang diperedih sangkan hirup bener salaku manusa anyar. Dawuhan Gusti ngalangkungan Rasul Paulus, kieu ungelna: “Jalma anu geus satunggal jeung Kristus, geus jadi manusa anyar, manusa heubeulna geus sirna, kari anu anyarna.” Hartina urang henteu hirup nurutkeun kahayang jasmaniah deui tapi taat kana panuyun Roh Suci.

Kitu margina rasul Petrus negeskeun ka urang sangkan henteu ngamangpaatkeun kabebasan pikeun nyimbutan kajahatan (1 Petrus 2:16a). Pangersa Gusti Allah nyaeta sangkan urang henteu munapek, henteu api-api jadi jalma hade bari hirup tojaiah. Urang milampah hirup salaku jalma anu geus dibebaskeun tina dosa.

Kadua, merdika di lebet Gusti Kristus sanes hartina bebas tanpa aturan. Malih mah urang diperedih sangkan hirup kumawula ka Gusti Allah (1 Petrus 2:16b). Alkitab netelakeun yen anu dimaksud kabebasan teh sanes bebas tina sagala hal, bebas milampah dosa. Tapi urang bebas dina bebeneran. Bebeneran nyaeta Putra Manusa anu ngabebaskeun urang (Yohanes 8:36). Nalika urang dibebaskeun tina dosa, otomatis sanes budak dosa deui.

Urang geus robah, nu asalna budak dosa, ayeuna jadi kawula bebeneran (Rum 6:18). Maksudna, salaku jalma anu kumawula kana bebeneran, urang kedah hirup dina bebeneran. Bebeneran Kristus jadi ukuran hirup urang. Piwejang rasul Petrus: urang kedah hirup salaku badega Gusti Allah jalaran urang geus dibebaskeun ku Kristus.

Pikeun Lenyepaneun

Merjuangkeun kamerdikaan teh sami sesahna sareng ngajaga kamerdikaan. Puji syukur ka Gusti rehna jalma anu percaya ka Mantenna gaduh dua kabebasan dina kahirupanana. Kabebasan jasmani salaku warga nagara Indonesia anu gaduh hak jeung kawajiban anu sami. Kabebasan rohani, salaku umat anu geus dibebaskeun tina kakawasaan panjajahan dosa. Kamerdikaan teh kedah dilaksanakeun kalawan sae, henteu dilalaworakeun, ku hirup sakahayang diri nyalira. Poma, kabebasan anu ditampi teh henteu murah tapi jalaran pangorbanan Gusti Yesus Kristus dugi ka pupus dina kai dipalang.

Hayu urang hirup langkung sae deui, jauh tina lampah dosa, langkung soson-soson ngawula ka Gusti Allah, di ieu dunya anu geus ruksak ku dosa. Urang satia dugi ka tungtung hirup. Masing teras jadi saksi Gusti Allah anu nyaritakeun kasaean, sangakan Nami Gusti Allah dimulyakeun ngalangkungan kahirupan urang.

Ku: Bpk. David S., S.Th.