Mitra Sepuh
Dina kahirupan sadidinten, biasana urang sok resep ningal anu caraang. Komo upami urang aya di nu poek, ningal caang sekedik oge mani atoh.
Di leuweung atanapi di kebon anu poek, lamun urang ningal cika-cika atawa kica- kica mani asa atoh pisan, padahal cika-cika mah caangna oge leutik. Malah mah di urang Sunda sok aya anu nyebutkeun yen cika-cika teh asalna cenah tina kuku anu maot.
Kitu deui dina kahirupan manusa, lamun manusa hirupna aya di nu poek, komo kapoekeun mah, lamun ningal anu caang teh jadi kataji. Tah, ku margi seueur manusa di alam dunya ieu anu hirupna di nu poek sarta kapoekan bae, atuh lamun aya jalmi anu hirup di nu caang teh benten pisan katingalna.
Jalmi anu hirup di nu caang mah benten dina ucapna, dina paripolahna, kitu deui dina emutanana. Jalmi anu nuju kapoekan, upami ningal jalmi anu hirupna caang, bersih, bengras katingal ku sasaha, janten kataji jeung kabongroy hoyong nurutan.
Di kampung Sukatingal tempat linggihna Mang Onyon, aya jalmi anu hirupna teu leres, hirup di nu poek. Kalakuaanana matak teu pikaresepeun batur. Anjeunna katelah preman kampung tea.
Paripolah eta jalmi sakarep-karep, teu nurut kana hukum atawa aturan, kumaha aing pisan. Ceuk paribasana tunggul dirurud, catang dirumpak, pokona asal ngeunah ehe teu ngeunah eon teh bener-bener dilampahkeun ku anjeunna mah.
Tapi hiji mangsa anjeunna petepang jeung Mang Onyon di hiji warung. Mang Onyon nuju reureuh bari ngaleueut ci enteh. Ari eta jalmi anu katelah Kang Jebrod oge nuju ngaso di dinya sanggeus nguriling narikan jatah kaamanan ti nu daragang.
Basa ngawitan patepung jeung Kang Jebrod di eta warung, Mang Onyon tos ngaraos yen Kang Jebrod lain jelema bener. Ku sabab eta Mang Onyon anu hatena dipinuhan ku welas asih, hoyong ngemutan ka Kang Jebrod supaya babalik pikir, ulah milampah anu ngalanggar hukum jeung ngarugikeun batur.
Mang Onyon anu hade hate langsung naros ka Kang Jebrod, “Punten Kang, ari Akang kawit ti mana? Asa nembean pendak?” Kitu Mang Onyon ngamimitian ngobrol jeung Kang Jebrod.
Ditaros kitu ku Mang Onyon teh Kang Jebrod rada reuwas oge. Tara-tara ti sasari aya jelema anu wawanianan tatanya ka manehna. Tapi ningal Mang Onyon anu sakitu darehdehna ka manehna, Kang Jebrod anu tadina hayang ngambek jadi leuleuy.

“Kuring ti Ciseke,” tembal Kang Jebrod pondok.
“Oh, urang Ciseke,” ceuk Mang Onyon bari tetep darehdeh. Saterusna Mang Onyon nanya deui, “Naon ari padamelan Akang?”
Ditanya kitu ku Mang Onyon, Kang Jebrod rada arap ap eureup eup, lantaran manehna nyaho yen pagaweanana teu lumrah ti batur, sarta gawena ngarugikan batur. Tapi teu burung ngajawab oge ka Mang Onyon. “Biasa we, Mang, nagihan artos kaamanan ti nu daragang.”
Dijawab kitu ku Kang Jebrod teh Mang Onyon nyarios deui, “Naha Akang yakin yen tiasa ngajamin kaamanan kana sagala rupina?”
Kang Jebrod cicing, teu ngajawab deui, sabab manehna oge apal henteu bisa ngajamin kaamanan anu sapinuhna. Da tujuanana ngan saukur hayang meunang duitna wungkul. Ari resikona mah manehna oge teu tanggung jawab.
Ningali Kang Jebrod teu bisa ngajawab deui, saterusna Mang Onyon nyarios, “Kieu, Kang, saleresna di dunya mah teu aya tempat anu aman, sabab kaayaan dunya mah tos ruksak. Dunyana oge geus jahat, makin dieu kaayaan dunya makin jahat, jadi teu aya tempat anu aman di dunya ieu mah.”
Kang Jebrod teu nembalan. Manehna ukur ngahuleng bari rada mikir.
“Sanajan Akang ngagaduhan tempat anu paling aman oge, angger weh di dunya mah teu aman, sabab dunyana geus ruksak, geus poekeun ku kajahatan,” ceuk Mang Onyon.
“Enya,” ceuk Kang Jebrod singket.
“Salami aya di ieu dunya, urang moal mendakan tempat anu aman, tempat anu aman mah sanes di ieu dunya, tapi ayana di kalanggengan. Lamun hoyong leres-leres aman, urang kedah ngiring ka nu gaduh tempat di kalanggengan,” ceuk Mang Onyon ngajelaskeun.
“Naon maksudna eta teh?” tanya Kang Jebrod rada panasaran.
“Maksudna, tempat di kalanggengan teh aya nu gaduhna, tapi pamohalan bisa kahontal ku jalmi anu masih di alam poek,” ceuk Mang Onyon.
“Atuh sarua jeung bohong ari kitu mah,” ceuk Kang Jebrod.
“Nu mawi Anjeunna sumping ka ieu dunya kanggo nyaangan anu poek, supados jalmi anu kapoekeun tiasa ningal caang Anjeunna, sarta ku Anjeunna dipaparin tempat anu caang, anu genah, merenah, tumaninah di alam langgeng,” ceuk Mang Onyon.
“Asa rada kaharti saeutik ayeuna mah,” ceuk Kang Jebrod.
“Tah, saha-saha anu kersa nampi jalan caang paparinan ti Anjeunna, pasti hirupna bakal aman,” ceuk Mang Onyon. Tuluy pok nanya ka Kang Jebrod, “Naha Akang kersa nampi eta jalan caang supaya hirup Akang henteu poekeun deui?”
Ditanya kitu teh Kang Jebrod mimitina teu daek ngomong. Tapi tungtungna ngajawab oge, “Nya daek atuh ari dibere jalan anu caang mah, da kuring oge milampah kieu soteh sabenerna mah kapaksa, dumeh geus poekeun, hese neangan usaha. Boro-boro neangan usaha anu halal, anu haram oge jaman ayeuna mah geus hese.”

Dijawab kitu ku Kang Jebrod, Mang Onyon seuri bari terus nyarita deui, “Tah, mun hoyong kenging usaha anu halal, jalan anu caang, Akang kedah nampi caang-Na dunya, nyaeta anu ngagaduhan jalan sangkan sadaya umat manusa disalametkan.”
Gusti Allah teh caang. Sing saha anu kersa nampi Mantenna, pasti aman jeung salamet. Dina kaayaan dunya anu poek, Gusti Allah maparin caang ka ieu dunya lain ku panon poe, bulan jeung bentang-bentang, tapi Mantenna ngutus putra tunggal-Na, sangkan jadi caangna dunya, supaya sadaya jalma anu kersa nampi ka Anjeunna pasti disalametkeun.
“Tah, naha ayeuna Akang kersa nampi caangna dunya?” tanya Mang Onyon ka Kang Jebrod.
Ditanya ku Mang Onyon, ayeuna Kang Jebrod jadi leuwih leuleuy ngajawabna, “Nya daek atuh ari kitu mah, Mang.”
Hade atuh!” ceuk Mang Onyon.
“Tapi kumaha carana, Mang?” tanya Kang Jebrod ka Mang Onyon, “Da kuring mah jelema teu bener jelema doraka.”
Mang Onyon ngajawab, kieu, “Justru caang dunya teh diutus sumping ka ieu dunya sangkan jelema anu teu bener, jelema anu daroraka disalametkeun siga abdi jeung Akang. Carana, urang ngaku dosa sarta nampi Anjeunna salaku Jurusalamet pribadi. Akang kersa nampi Anjeunna?”
“Siaplah, kuring daek nampa caang dunya salaku jurusalamet pribadi,” ceuk Kang Jebrod ka Mang Onyon. Ti dinya Kang Jebrod diajar ka Mang Onyon sacara pribadi.
Salam ti Juragan Anom