Kahirupan Rohani Anu Tumuwuh

Paramaos, tepang deui sareng Abah. Ieu bahasan ngawengku hartos, carana, sarta berkah tina tumuwuhna karohanian urang. Kahirupan urang parantos dijait tina kabinasaan tur dipaparin nugraha kasalametan, sarta janten putra-putra-Na. Mantenna miharep sangkan karohanian urang tumuwuh janten dewasa.

Jamaah di kota Korinta digeunggeureuhkeun ku Rasul Paulus, lantaran aranjeunna masih keneh hirup nurutkeun tabeat dunya (1 Kor. 3:3). Tabeat dunyawi kalebet rucah, aeb, teu uni, muja brahala, sihir, ngamusuh, gelut, dengki, ngumbar amarah, mentingkeun sorangan, papecah, sirik-pidik, beuki kana mabok, ria-ria, jeung salian ti eta (Gal. 5:19-21). Manusa anu masih mibanda tabeat dunyawi, dina basa aslina disebat “sarkinoy”, hartina bubudakeun. Kahirupan rohanina samemeh ngiring ka Gusti dibandingkeun jeung saparantosna, angger keneh kitu, teu aya kamajuan. Ciriren jalmi anu “sarkinoy” nyaeta sok resep keneh mentingkeun diri sorangan; belikan. Tujuan hirupna museur kana masalah dunyawiah. Sabalikna jalmi anu karohanianana tumuwuh mah sipatna nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia, jeung handap asor. Memang sipat-sipat samodel kitu teh gampang disebatkeunana, raos kakupingna, tapi sesah dilarapkeunana.

Carana sangkan Tumuwuh

Sahenteuna aya dua cara anu ngajantenkeun kahirupan rohani urang tumuwuh. Kahiji, urang kedah ngapimilik hubungan anu raket sareng Gusti. Kadua, urang kedah iklas diproses dina rupa-rupa pangalaman najan matak teu raos karasana.

Hubungan anu raket sareng Gusti tiasa dilaksanakeun ngalangkungan doa jeung panalungtikan Alkitab. Upama leukeun tur geten dilakonanana, bakal mangaruhan lampah hirup urang.

Dina manah urang bakal aya pitulung Roh Suci anu ngamampuhkeun sangkan urang tiasa ngalampahkeun bebeneran anu diajarkeun. Hirup anu pinuh ku kabagjaan nalika urang milampah bebeneran, bakal ngadorong urang kangge teras ngalengkah dina bebeneran geusan ngahontal kasampurnaan rohani.

Salaki-pamajikan anu tos lami ngarumah-tangga, biasana sifat jeung tabeatna, karesep jeung kabiasaanana, jadi sok loba samina. Malah aya anu pameunteu salaki jeung pamajikanna oge jadi mirip. Doa jeung panalungtikan Alkitab sacara pribadi bakal ngarobah watek jeung kapribadian urang.

Watek Jeung Kapribadian

Watek jeung kapribadian nyaeta sikep batin anu aya di jero hirup urang anu mangaruhan laku lampah anu katinggal ku batur. Watek jeung kapribadian anu hade boh anu goreng, biasana jadi ngawujud dina diri urang. Contona jalmi anu gede ambek, geus jadi kabiasaanana lamun aya masalah sok gancang pisan ambek.

Parobahan watek tiasa ngawujud dina hubungan anu raket sareng Gusti ngalangkungan doa jeung panalungtikan Alkitab. Saur pangandika Gusti: Eusi Kitab Suci, sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at pikeun ngawurukkeun kayaktian, pikeun ngaweweleh anu salah, pikeun ngomean kasalahan, jeung pikeun nungtun kana hirup bener, supaya jelema anu ngabdi ka Allah lengkep sampurna kanyahona kana sagala rupa lampah nu hade. (2 Tim. 3:16-17).

Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na. (Rum 12:2).

Yesus Kristus sang Pangandika Gusti anu mijalma, sakitu jelasna mintonkeun conto perkawis hubungan anu sakitu raketna sareng GUSTI ALLAH RAMA anu lenggah di Sawarga. Wanci wengi, subuh, kitu deui tengah dinten di luhur gunung Mantenna ngayakeun hubungan dina doa sareng GUSTI ALLAH RAMA (Mat. 14:23; Mar. 1:35; Luk. 9:28-30). Kamulyaan Gusti Yesus kasaksian ku para murid-Na.

GUSTI PANGERAN nyipta langit sareng bumi katut sagala eusina ku Pangandika-Na. Hubungan Gusti Yesus Kristus estu raket sareng GUSTI ALLAH RAMA. Urang anu hoyong hirup rohanina tumuwuh, kedah gaduh hubungan anu raket sareng PANGERAN ngalangkungan doa sareng panalungtikan pangandika-Na nyaeta Alkitab.

Sarana Tumuwuhna Karohanian

Karerepet anu kaalaman dina hirup urang mangrupikeun alat GUSTI anu paling sae GUSTI kangge ngalatih rohani. Ku kituna otot rohani iman urang jadi tumuwuh tur kuat.

Yusup kapaksa hirup di nagara deungeun, di Mesir salaku budak beulian. Harita harkat darajatna direndahkeun, dipitenah ku istrina Potipar, dugi ka Yusup dijebloskeun ka panjara. (Kaj. 37-42).

Tapi eta rupa-rupa kasangsaraan mangrupikeun proses GUSTI kangge nyiapkeun anjeunna sangkan janten pamingpin anu bisa dipercaya. Yusup nanggulangan masalah kalaparan balukar tina halodo panjang salami 7 taun anu narajang nagara Mesir jeung sabudeureunana. (Kaj. 42).

Ngalangkungan hal ieu, urang tiasa ngaaminkeun Pangandika GUSTI anu kieu ungelna, “Urang terang, sagala perkara ku Allah diatur sina alus pijadieunana pikeun sakur anu cumantel ka Mantenna, anu ku Mantenna geus disalaur sakumaha tujuan Mantenna.” (Rum 8:28).

Dumasar kana ieu bebeneran, sakedahna dina mangsa nandangan sagala rupa kasusah, urang henteu sedih, sumawona pegat pangharepan, terus ninggalkeun PANGERAN. Ku margi GUSTI kawasa midamel kahadean pikeun satiap jalma anu percaya ngalangkungan sagala rupa kasusah.

Dina widang olah raga naon bae, urang kedah ngajalanan sagala rupa proses latihan, kangge mekarkeun bakat jeung kaahlian lahiriah. Pon kitu oge dina mekarkeun karakter jeung karohanian urang.

Urang kedah leukeun ngalatih rohani urang ngalangkungan doa, nalungtik Alkitab. Kitu oge ngalangkungan masalah jeung pasualan anu dialaman ku urang, najan teu ngeunah karasana dina mangsa dirandapanana.

Pangandika Gusti netelakeun: “Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.” (Siloka 27:17). Hartosna manusa bakal jadi tambah hade ku cara nandangan masalah jeung pasualan.

Upami tanggapan urang hade dina karerepet, karohanian urang bakal tumuwuh, sakumaha anu dialaman ku Yusuf di Mesir. Sabalikna upami dina mangsa nandangan karerepet, tanggapanana awon, saderek bakal tumuwuh langkung mirip nyeples sareng Iblis.

Pangandika Gusti netelakeun yen karerepet teh lir pamaperih Gusti ka umat-Na, lir bapa ka anak supaya diwarah. Upami henteu dipikanyaah tangtos diantep wae. Gusti Allah meperihna teh keur pibagjaeun urang, supaya urang bisa milu kana kasucian Mantenna. (Ibr. 12:6-10). Gusti ngaberkahan paramaos sadaya. Amin.

Ku : Abah Pandita Gideon Masri