Lalakon hirup dina pedaran anu kadua taun 2024 baris medarkeun paguneman redaksi LM sareng saurang palayan Gusti. Anu janten bahan paguneman nyaeta kumaha carana ieu palayan Gusti dipilih ku Gusti kalawan aheng. Ieu palayan Gusti namina bapa Toto, calikna di daerah Subang.
“Abdi mah resep maca,” ceuk pa Toto ngawitan paguneman, “sarta nulis.”
“Biasana sok maca naon wae, Pa?” tanya redaksi LM.
“Ayeuna mah maca Alkitab atanapi buku-buku rohani tur buku umum kanggo nambihan pangaweruh,” tembal pa Toto.
“Dupi kapungkur, samemeh wanoh ka Gusti Yesus, naon anu janten karesep kanggo bacaeun, Pa?” tanya redaksi deui.
“Kapungkur mah samemeh wanoh ka Gusti Yesus ... seuseueurna buku umum, koran atanapi majalah anu aya,” tembal pa Toto.
“Kumaha pangna Bapa tiasa tepang sareng Gusti Yesus?” tanya redaksi.
“Tah, kapan tadi abdi tos nyanggemkeun, sok resep maca,” ceuk pa Toto, “janten upami mendakan bahan bacaan teh mani bungah, sumanget, hoyong enggal dibaca.”
“Ooo ... eta anu janten lalakon awalna panginten nya, Pa?” tanya redaksi.
“Leres, kitu,” tembal pa Toto.
“Atuh upami kitu mah urang balik deui wae kana riwayat awalna Bapa tiasa tepang sareng Gusti Yesus,” ceuk redaksi, “mangga, Pa.”
“Sakali mangsa abdi ngalangkung ka payuneun hiji percetakan,” ceuk pa Toto, “katingal aya pagawe nuju miceunan buku- buku seueur pisan.”
“Euleuh ... mani lebar nya, Pa,” ceuk
redaksi.
“Nu mawi,” pa Toto nyaluyuan.
“Buku heubeul panginten nya, Pa?” tanya redaksi
“Sumuhun,” tembal pa Toto.
“Tapi abdi mah mani asa manglebarkeun, piraku buku dipiceunan kana wadah runtah nya, Pa,” ceuk redaksi.
Tuluy ku pa Toto ditanya, naha bet dipiceunan buku sakitu seueurna teh. Nu gaduh bumi ngajelaskeun yen eta buku-buku heubeul nu geus teu kapake.
“Tiasa disuhunkeun kanggo abdi?” tanya pa Toto ka eta pagawe percetakan, anu nuju miceunan buku tea.
“Mangga,” tembalna. Heg buku-buku teh dipasihkeun tur dicandak ku pa Toto.
“Dugi ka rorompok buku teh ku abdi dibacaan, ditalungtik,” ceuk pa Toto, “geuning sae pisan, eusina teh mani matak kataji.”
Di antawis buku-buku teh aya Alkitab pedaran taun 1971, masih keneh nganggo basa Melayu. Disebatkeun dina Alkitab yen Yesus teh Gusti. Padahal anu kahartos ku pa Toto mah Yesus teh nabi, jalmi anu dipilih ku Gusti Allah, sapertos nabi-nabi anu sanesna.
“Dina Alkitab dicatet yen Yesus mintonkeun mujijat salami Anjeunna kumelendeng di alam dunya,” ceuk pa Toto, “Anjeunna nyageurkeun nu udur, jalma nu geus maot dihirupkeun deui, anu lolong jadi bisa ningal, anu lumpuh jadi bisa leumpang. Anjeunna nyuguh dahar lima rebu jalma ukur ku roti lima siki jeung lauk dua siki.”
“Memang Gusti Yesus mah Mahakawasa, Pa,” ceuk redaksi.
“Anu kataji ku abdi mah, para murid- Na oge dipaparin kawasa pikeun nyageurkeun nu aludur, sarta ngahirupkeun nu maot,” ceuk pa Toto.
Hiji mangsa aya nu sumping ti luar kota ka bumi pa Toto, ngagogotong nu udur, geus teu walakaya. Pa Toto hoyong ngabuktikeun kawasa Gusti Yesus anu dipasrahkeun ka para murid-Na.
“Di lebet Nami Yesus Kristus, geura cengkat!” ceuk pa Toto ka jalma anu udur tea, tanpa ditanya, “da emutan abdi mah Gusti Yesus oge henteu tunya tanya ku naon bet udur.”
Saharita keneh oge, jalma anu datangna digotong ku dalapan urang teh kuniang hudang. Eta jalma nyarios, ‘Kuring teu kudu digotong deui, bisa balik leumpang sorangan.’
“Tapi abdi masih tacan yakin,” ceuk pa Toto, “dugi ka tujuh masalah dikintun ku
Gusti.”
Jol deui anu kana motor, aya genepan,
nyandak nu lolong. Didamangkeun ku pa Toto, tiasa ningal. Tapi pa Toto masih tetep cangcaya, naha leres ieu teh jalma cageur ku karana kawasa Gusti Yesus.
Ku Gusti dikintun deui jalma anu lumpuh, sok icalan rokok bari ngesot. “Di lebet Nami Yesus Kristus, geura nangtung!” ceuk pa Toto ka jalma anu lumpuh. Saharita keneh eta jalma bisa nangtung, leumpang kalawan normal. Ti harita pa Toto yakin yen estu Yesus Kristus teh Gusti anu Mahakawasa. Kawasa-Na geus kabukti.
“Unggal jalma anu percaya ka Gusti Yesus Kristus dipaparin kawasa ku Mantenna,” ceuk pa Toto, “kantun kumaha urang ngalaksanakeun pangersa tur parentah-Na, sarta mintonkeun kawasa-Na.”
Redaksi yakin yen lalakon hirup bapa Toto tiasa janten berkah kanggo para pamaos LM. Gusti Yesus nyarengan salalamina.