Bubuka
Paramaos Langlang Mitra anu dipikaasih ku Gusti Yesus, ieu pedaran bade ngabahas kahirupan kulawarga anu unggul. Anu kumaha kahirupan kulawarga anu unggul teh? Kumaha carana sangkan tiasa unggul?
Dina Alkitab oge diserat kulawarga umat Gusti anu tiasa janten tuladan kanggo urang kiwari. Kulawarga anu janten tuladan nyaeta anu kahirupanana unggul.
Kahirupan kulawarga anu unggul tiasa ditingal tina sababaraha pandangan. Naha unggul dina ekonomina, kahirupan rohaniahna; atanapi kahirupan sosialna? Atanapi, tiasa oge unggul dina ngungkulan rupa-rupa masalah. Unggual kulawarga miharep
sangkan tiasa unggul dina mayunana masalah, malah mah ihtiar supaya tiasa unggul boh dina widang ekonomi pon kitu deui sosialna.
Kulawarga anu Bagja
Kahirupan kulawarga anu unggul aya patalina jeung kahirupan kulawarga anu bagja tur tengtrem. Kumaha carana sangkan kahirupan kulawarga urang tiasa bagja tur tengtrem? Naha kedah didasaran ku kaayaan ekonomi anu unggul? Rupina henteu kitu.
Rasul Paulus netelakeun yen kahirupan kulawarga anu bagja tur tengtrem nyaeta anu didasaran ku dawuhan Gusti. Kulawarga anu hirupna luyu tur taat kana papakon Gusti anu diserat dina Alkitab.
Dawuhan Gusti ngalangkungan Rasul Paulus negeskeun, yen dasarna kahirupan kulawarga anu bagja, anu unggul, nyaeta kaasih.
Kahirupan kulawarga anu unggul nyaeta anu sadaya bagian dina kulawarga tiasa ngalaksanakeun kawajiban masing-masing sapagodos sareng papakon Gusti. Unggal bagian dina kulawarga gaduh kawajiban saluyu sareng papakon Gusti.
Kabagjaan dina kulawarga tiasa kahontal upami sadaya kulawarga leukeun ngalenyepan dawuhan Gusti. Kulawarga tiasa nulad ka Gusti Yesus Anu ngadeuheus ka Gusti Allah samemeh ngalaksankeun padamelana- Na unggal dinten.
Bagian dina Kulawarga
Bagian utama dina kulawarga aya tilu, nyaeta: bapa, ibu, para putra. Upami unggal bagian milampah saluyu sareng papakon Gusti, tanwande kahirupan ieu kulawarga bakal unggul.
Dawuhan Gusti, kieu ungelna:
Pamajikan kudu tunduk ka salaki cara ka Kristus. Sabab salaki teh wenang ka pamajikan, sakumaha Kristus wenang ka gareja, tur jadi Jurusalametna gareja anu jadi salira-Na ku anjeun. Eta sababna dina sagala hal pamajikan teh kudu tunduk ka salaki, sakumaha gareja tunduk ka Kristus (Epesus 5: 22-24).
Pamajikan atanapi ibu salaku bagian tina kulawarga kedah tunduk ka nu jadi salaki. Maksudna sanes tunduk, pasrah sadaya-daya. Tunduk maksudna nyaeta mikaasih, ngajenan ka nu jadi salaki, salaku pamingpin dina kulawarga.
Henteu mung dugi kadinya. Dawuhan Gusti salajengna kieu ungelna: Salaki kudu nyaah ka pamajikan, cara Kristus mikaasih ka gareja nepi ka ngurbankeun nyawa-Na pikeun gareja. Nya kitu salaki teh kudu nyaah ka pamajikan, kawas nyaah ka dirina keneh. Da moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh dimemenan, diurus dipulasara .... (Epesus 5: 25, 28-29).
Salaki anu jadi pamingping dina kulawarga wajib mikaasih ka nu jadi pamajikan lir ka dirina nyalira. Kanyaah anu saestu nyaeta anu didasaran ku kaasih Kristus. Kaasih Kristus iklas nyanggakeun nyawana kanggo kasalametan sakumna manusa.
Hubungan salaki jeung pamajikan dina kulawarga sakedahna didasaran ku kaasih Gusti Yesus. Ku jalaran kitu kahirupan kulawarga tiasa unggul. Dawuhan Gusti kanggo salaki jeung pamajikan, kieu ungelna: Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki (Epesus 5: 33).
Kumaha sareng para putra dina kulawarga? Dawuhan Gusti kieu unggelna: Barudak! Ari percaya ka Kristus mah kudu nurut ka kolot, sabab kalakuan kitu teh hade. ‘Kudu hormat ka bapa jeung ka indung teh’ parentah kahiji ti Allah, anu make jangji kieu: ‘Supaya maraneh mulus jamuga dina sagala hal jeung supaya panjang umur hirup di lemah cai’ (Epesus 6: 1-3).
Sakumaha salaki mikaasih ka pamajikan, jeung sabalikna, kitu deui para putra ka ibu jeung bapana. Para putra kedah ngajenan sepuhna kalawan kaasih Kristus, henteu pedah kapaksa atanapi pedah aya tujuan sanes.
Kitu deui indung jeung bapa ka barudak. Dawuhan Gusti dina Surat Epesus pasal 6 ayat 4, kieu ungelna: Aranjeun nu jaradi kolot, ka anak ulah sakarep-karep nepi ka anak jadi ambekeun. Sabalikna, gedekeun anak teh make pranata jeung pangajaran-pangajaran kakristenan. Maksudna nyaeta pangajaran anu kaserat dina Alkitab.
Para putra dina kulawarga apal kana bebeneran dawuhan Gusti ngalangkungan para sepuhna. Kitu deui pranata kahirupan kulawarga nu jadi sepuh mangrupi tuladan kanggo para putrana. Dina babasan disebatkeun: uyah mah tara tuus ka luhur. Sakumaha lampah indung-bapa, nya kitu anu bakal dilampahkeun ku nu jadi anak.
Kumaha sareng para pamaos Langlang Mitra? Naha para pamaos dina kulawarga tos milampah saluyu sareng papakon Gusti? Upami parantos, mangga teraskeun. Upamu teu acan mah hayu urang ngawitan, sangkan urang tiasa ngahontal kahirupan kulawarga au unggul.
Pangandika Gusti ngalangkungan raja Daud, anu kaserat dina kitab Jabur, kieu ungelna: Ti ngongora tepi ka kolot kieu, acan kungsi kaula nenjo jalma bener diantep ku PANGERAN, nepi ka anak incuna kapaksa jajaluk menta dahareun. Malah sabalikna anggur barisa mere maweh, tutulung ka nu barutuh, turta anak incuna ngajadi berkah (Jabur 37: 25-26).
Kacindekanana
Kahiji, kahirupan kulawarga anu unggul nyaeta kahirupan kulawarga anu gaduh hubungan raket sareng Gusti Allah. Pangandika Gusti dina kitab Yohanes, kieu ungelna: “Sing tetep ngahiji di Kami, Kami oge baris tetep ngahiji di maraneh. Maraneh anu jadi dahan-dahan moal baruahan lamun henteu ngahiji di Kami, sabab dahan mustahil buahan lamun henteu ngahiji dina tangkalna” (Yohanes 15:4).
Kadua, kahirupan kulawarga anu unggul nyaeta anu tumut kana Pangandika Gusti. Rupa-rupa pasualan hirup, kasusah jeung kasedih, balukar tina tumut kana Pangandika Gusti, mangrupikeun proses anu hade pikeun ngahontal kaunggulan. Tujuanana mah nyaeta sangkan jadi kahirupan anu ngamulyakeun Gusti Allah. Sanes mung semet kahirupan urang, namung dugi ka anak-incu jeung buyut, tiasa mintonkeun kamulyaan Gusti Allah.
Ku : Abah Pandita Gideon Masri