Iblis teh bapana sagala tukang bohong. Upami iblis teu ngabohong mah jadi araneh, ku margi sipatna memang tukang bohong. Sagala rupi kajantenan di ieu dunya aya pangaruh tina kabohongan iblis tea.
Eta margina iblis paling resep upami sadaya jalmi di ieu dunya ngabarohong. Bohong tos janten kabiasaan kanggo jalmi anu teu percanten ka Gusti. Ku margi bohong memang dijantenkeun alat ku iblis kanggo teras nambihan para pangiringna.
Seueur jalmi di ieu dunya anu ahirna katipu ku bohongna si Iblis. Taktik si iblis kanggo mangaruhan jalmi sae pisan. Dugi ka sacara teu sadar seueur jalmi anu hirupna dipinuhan ku bohong, dikadalian ku bohong. Tungtungna bohong teh tos janten kabiasaan hirup jalmi-jalmi anu teu percanten ka Gusti.
Tangtos aya hal anu tiasa ngelehkeun sipat bohong iblis, nyaeta kajujuran. Iblis teu resep kana sipat jujur.
Jalmi anu jujur, balaka dina sagala rupina pasti dimusuhan ku iblis. Kumaha carana? Ku cara nganggo para pangiring iblis, jalmi-jalmi tukang bohong tea.
Aya hiji conto dina Alkitab, jalmi anu mawa beja bohong ka Abah Yosua, nyaeta dalapan jalmi anu dipaparin pancen nalungtik kaayaan di Kanaan. Sadayana aya dua belas. Anu duaan mah mawa warta anu bener. Tapi anu sapuluh urang deui mah mawa warta bohong, yen urang Kanaan mah hamo dikawonkeun.
Ngawitanana tiasa wae anu jujur kawon, diserang ku jalmi-jalmi tukang bohong. Tapi bebeneran mah hamo tiasa dikawonkeun. Saperti kisah Yusuf anu jujur, kalah digebruskeun ka panjara.
Bebeneran, kajujuran dina waktosna pasti bakal unggul. Ku margi kitu jalmi-jalmi tukang bohong mah unggulna teh ngan ukur samentara. Dina waktosna jalmi anu jujur, jalmi anu balaka bakal unggul sacara luar biasa.
Kumaha carana urang tiasa janten jalmi anu unggul, anu jujur, anu balaka? Urang kedah wantun ngalawan ka jalmi-jalmi anu resep ngabohong, wantun ngalawan kana kaayaan lingkungan jalmi-jalmi tukang bohong. Memang henteu gampang ngalawan lingkungan, jalmi-jalmi tukang bohong teh, tapi upami urang wantun, urang bakal tiasa ningal hasil anu nyugemakeun.
Sahebat-hebatna oge kabohongan, hiji waktos pasti bakal kabongkar bohongna. Sarikip-rikipna mungkus bangke hiji waktos bauna bakal kaambeu. Eta margina upami urang jujur, balaka, kajujuran urang bakal ngahasilkeun kaayaan anu luar biasa.
Kumaha carana sangkan urang tiasa ngelehkeun kabohongan anu tos sumebar di alam dunya. Teu aya sanes urang kedah janten tuladan dina kahirupan, nyaeta naon anu dicarioskeun ku urang, kedah dilampahkeun. Janten antawis ucapan sareng kalakuan henteu patukang tonggong. Dina basa deungeunna mah nu kitu teh disebatna ‘integritas’.
Dina Alkitab aya pangajaran anu nyanggemkeun yen lamun enya sebutkeun enya, lamun henteu sebutkeun henteu. Langkung ti eta mah asalna ti roh jahat. Janten upami urang hoyong janten jalmi anu jujur, jalmi anu dipercanten, urang kedah nyarios anu sabalakana, teu aya anu disimbutan, dibunian, sagala rupina eces jentre. Upami teras-terasan ngalampahkeun hirup anu jujur, eces, sabalakana, urang bakal janten conto sareng tuladan anu sae di masarakat.
Dina paripaos Sunda disebatkeun kieu, “Munding dicekel talina, jalma dicekel omonganana’. Ieu paripaos nembongkeun ka urang sadaya yen jalmi anu sae, jalmi anu leres tiasa dicepeng omonganana. Hartosna anjeunna bakal jujur, moal sulaya.
Upami jalmi teu tiasa dicepeng omonganana, urang bade percanten kana naonna? Omongan jalmi tiasa ngebrehkeun saha eta jalmi saleresna. Ngalangkungan omongan hiji jalmi urang tiasa terang, naha eta teh jalmi anu leres atanapi henteu.
Dina ieu paripaos, omongan jalmi dibandingkeun sareng munding anu dicekel talina. Hartosna, munding teh sato anu ageung sarta bedas tanagana, tapi tiasa dikadalian ku talina.
Tali anu alit tiasa ngawasaan munding anu ageung. Ngalangkungan eta tali urang tiasa nungtun munding ka mana bae kahoyong urang. Janten anu ngadalikeun si munding teh nyaeta tali tea.
Tah, kitu deui dina kahirupan urang, anu tiasa ngajantenkeun hiji jalmi dipercanten atanapi henteu teh ku omonganana. Upami omonganana teu tiasa dicepeng, hartosna eta jalmi tukang bohong, resep sulaya. Upami hiji jalmi tos teu tiasa dicepeng omonganana, salami hirup eta jalmi moal dipercanten deui.
Pangajaran Kitab Suci jelas pisan, upami urang nyarios anu teu jujur, sami sareng ngalampahkeun naon anu janten kahoyong kawasa jahat. Ku margi memang kawasa jahat mah resepna kana bohong, midamel anu teu uni, mitenah, sirik pidik jeung rea-rea deui.
Supados janten jalmi anu unggul, urang kedah panceg dina ngalampahkeun antawis cariosan urang sareng kalakuan urang. Jalmi anu ucap sareng lampahna sapagodos, pasti janten jalmi anu dipercanten ku batur. Jaman ayeuna memang rada sesah milari jalmi anu unggul kitu, ku margi lingkungan sabudeureunana tos dipinuhan ku jalmi-jalmi tukang ngabarohong.
Hirup anu munapek, ucap lampah bohong di ieu dunya tos janten kabiasaan anu lumrah. Janten upami aya jalmi anu ucap lampahna sapagodos, sok kasebat jalmi anu mahiwal. Eta margina mindeng jalmi anu sapartos kitu dimarusuhan ku jalmi-jalmi tukang ngabarohong. Ku naon jalmi anu jujur dimarusuhan? Ku margi sieun kabongkar bohongna.
Hayu urang janten jalmi anu tiasa dicepeng omonganana, supados tiasa nyumponan eusi pangajaran Alkitab. lamun enya sebutkeun enya, lamun henteu sebutkeun henteu, leuwih ti eta asalna ti roh jahat, sareng urang oge tiasa nyumponan naon anu disebut dina paripaos Sunda, ‘Munding dicekel talina, jalma dicekel omonganana’.
Sipat jujur sareng nyarios anu sabalakana dipikaresep ku Gusti, tapi dipikangewa ku iblis. Hayu urang ngawonkeun si iblis ku cara nyarios anu jujur, sabalakana, teu aya anu ditutupan, teu aya anu dibunian, anu didinding kelir. Sadayana eces jelas satarabasna. Upami kitu urang janten jalmi anu unggul, anu tiasa dicepeng omonganana. Gusti Yesus ngaberkahan!
Salam ti Kang Aam di Nusasari tea.