Tambah taun jumlah penduduk di dunya terus nambahan kalebet jumlah penduduk di nagara urang Indonesia, pon kitu oge di Jawa Barat. Hal ieu ngabuktoskeun yen anu diandikakeun ku PANGERAN leres-leres cumpon (Kajadian 1:28).
Para pamaos nu satia, ku tambihna jumlah penduduk di ieu dunya, kajahatan beuki nerekab ka mana-mana. Naon naon anu dipilampah ku umat manusa terus bae ngadatangkeun pidosaeun jeung ngaraheutkeun manah Gusti.
Umat manusa beuki ngajauhan hirupna ti payuneun PANGERAN sarta hirupna mawa karep sorangan. Hal ieu oge saluyu sareng naon anu diserat dina Alkitab yen manusa kabeh geus dosa, jarauh ti Allah Anu tiasa nyalametkeun (Rum 3:23).
Dina Alkitab diserat yen upahna dosa teh maot (Rum 6:23). PANGERAN kantos bade numpurkeun sakumna umat manusa di ieu dunya. Naha cios? Tiasa disebat cios, tiasa henteu, ku margi Gusti nyesakeun sakulawarga anu disalamaetkeun nyaeta kulawarga Enoh anu jumlahna ngan dalapan urang.
Kulawarga Enoh disalametkeun ku margi kenging sih kurnia ti PANGERAN. Kulawarga Enoh tiasa nampi sih kurnia ti PANGERAN lantaran nyugemakeun manah PANGERAN.
Naon anu dipidamel ku kulawarga Enoh anu matak nyugeumakaeun manah PANGERAN? Dina Alkitab diserat yen anu nyugemakeun tina kulawarga Enoh nyaeta hirupna hade sarta rumaket ka PANGERAN (Kajadian 6:9).
Hirup Hade
Para pamaos, saha anu resep kana kahadean? Tangtos sadayana oge resep kana kahadean, mung hanjakal henteu sadaya jalmi tiasa ngalampahkeun kahadean dina hirupna anu saluyu sareng pangersa PANGERAN.
Seueur jalmi anu milampah kahadean numutkeun pamadeganana nyalira. Ceuk urang hade teu acan tangtos numutkeun nu sanes hade, pon kitu deui sabalikna.
Upami kitu, naon anu janten ukuran hirup hade keur manusa? Waleranana nyaeta ngaji diri. Jalmi anu ngaji diri baris apal ka dirina, saha dirina, kumaha hirupna, ti mana asal dirina sarta bakal ka mana engkena.
Jalmi anu apal ka dirina, pasti apal ka Gustina. Panuyun keur urang sangkan bisa ngaji diri nyaeta aya di pribadi Gusti Yesus Kristus ku Anjeun.
Seueur jalmi milampah kahadean lantaran gaduh pangharepan nyaeta sugan jeung sugan kahadeanana anu dipilampah tiasa kamanah di payuneun PANGERAN sarta nampi hirup dina kalanggengan. Tapi anu parantos apal ka Gustina di lebet Gusti Yesus Kristus, janten putra-putra Gusti, kahadean hirup sanes tujuan kanggo nampi kasalametan dina kalanggengan tapi salaku buah anu dipintonkeun dina kahirupan sadidintenna (Galata 5:22).
Enoh tiasa salamet tina hukuman lantaran Enoh parantos ngaji diri, apal ka Gustina, nampi sih kurnia ti Gustina sarta dipintonkeun ngalangkungan lampah hirup anu hade. Salaku putra-putra Gusti hayu urang pastikeun urang parantos ngaji diri, wanoh ka Gustina sarta pintonkeun yen di diri urang aya Roh Suci.
Kumaha cara urang mintonkeun yen dina diri urang Roh Suci barangdamel? Tangtos ku cara ngabuktoskeun ku laku lampah dina kahirupan sadidintenna sarupaning nyaahan, galumbira, resep rapih, tengtrem hate, sabar, hade ka batur, leuleuy, satia, handap asor, nahan napsu (Galata 5:22-23). Putra Gusti kudu hirup hade sangkan kahadean urang janten tuladan sarta caang keur sakumna jalmi anu aya di sabudeureun urang.
Hirup Rumaket ka PANGERAN
Salian jalmi hade, Enoh oge hirupna rumaket ka PANGERAN. Jalmi anu rumaket ka PANGERAN tangtos sadar yen dirina pasti disarengan ku PANGERAN lantaran wanoh ka PANGERAN.
Sadaya rarancang PANGERAN keur dirina pasti apal, sabab PANGERAN pasti ngedalkeun sadaya rarancang-Na salaku mitra- Na di ieu dunya. Hal ieu tiasa katingal ku urang nalika PANGERAN gaduh rarancang rek numpurkeun umat manusa anu dikedalkeun ka Enoh sareng kulawargana.
Hal anu sami oge kaalaman ku Ibrahim nalika PANGERAN rek numpurkeun Sodom jeung Gomora. Ku naon pangna Gusti ngedalkeun sadaya rarancang-Na ka Enoh sareng Ibrahim? Ku margi Enoh pon kitu deui Ibrahim ngagaduhan hubungan anu raket sareng PANGERAN.
Para pamaos, samemeh Gusti numpurkeun umat manusa di jaman Enoh, kulawargana kalayan sabar ngabewarakeun perkawis rarancang PANGERAN rek numpurkeun umat manusa, malak mandar umat manusa tiasa tobat sarta milari Gusti nalika kenging ancaman ti PANGERAN. Mung hanjakal di jaman Enoh, umat manusa teu aya anu mirosea kana bewara anu didugikeun kulawarga Enoh (1 Petrus 3:20).
Kitu oge sareng kota Sodom jeung Gomora, kalayan sabar Lot oge ngabewarakeun bebeneran. Mung hanjakal, sami oge henteu dipirosea (2 Petrus 2:7).
Para pamaos, nu saleresna PANGERAN teh miharep henteu aya saurang-urang acan umat manusa anu cilaka. PANGERAN sabar ngantosan jalmi-jalmi tobat tina dosa-dosana (2 Petrus 3:9).
Samemeh munggah ka Sawarga, Gusti Yesus maparinan amanat Agung keur sakumna umat nu percaya ka Mantenna, nyaeta ngabewarakeun Beja Kabungahan perkawis kasalametan hirup langgeng di lebet Gusti Yesus Kristus.
Rasul Paulus nyerat kieu: Sing cilaka, lamun sim kuring henteu ngawawarkeun bewara kasalametan (1Korinta 9:16). Jadi sing saha jalmi anu ngagaduhan hubungan anu raket sareng Gusti, pasti ngagaduhan hate Gusti. Hate Gusti anu kumaha? Hate Gusti anu mikaasih ka sakumna jalmi anu keur kaancam ku kabinasaan.
Ku: Bpk. Firdaus, S.Th.