Aranjeun pribadi terang kumaha kuduna nyonto kana lampah sim kuring. Waktu sim kuring di aranjeun keneh geuning jajauheun tina hirup kedul. Sagala anu katarima teu aya anu ku sim kuring teu dibayar. Beurang peuting digawe banting tulang, embung nyusahkeun ka aranjeun anu mana bae oge. Lain ku sabab sim kuring teu aya hak menta balanja, tapi maksud teh arek nyontoan ka aranjeun. Bareto basa keur di dieu keneh geuning sim kuring biasa sok ngomong kieu, “Nu embung digawe mah tong dibere dahar!” (2 Tesalonika 3:7-10)
Ayat-ayat di luhur mangrupi nasehat ti rasul Paulus ka jamaah di kota Tesalonika, pangeling kangge warga jamaah harita, margi sapalih eta warga jamaah kalebet jalmi kedul. Hirupna gumantung ka batur, ekonomi henteu mandiri. Namung ieu pangeling masih keneh nyekapan kangge kahirupan urang kiwari.
Sanaos kahirupan urang kiwari parantos langkung “modern” batan mangsa rasul Paulus, prinsipna masih tiasa dilarapkeuneun kiwari. Eta prinsip tiasa dijantenkeun prinsip kamandirian ekonomi.
Kahiji, prinsip tanggel waler. Tanggel waler kangge nyumponan kahirupan sorangan. Leres pisan urang percanten yen Gusti anu ngagem ieu alam sumber sagala kaperyogian urang. Namung jalmi diciptakeun ku Mantenna sarimbag sareng Mantenna (Kajadian 1:26). Hartosna urang dipasihan katiasa anu benten sareng bangsa sato.
Eta katiasa maksadna supados urang tiasa murba ka sagala mahluk sanesna malih ka ieu alam raya. Eta katiasa kedah diangge geusan hirup anu tanggel waler, kalebet ka Gusti Allah, sanes sagawayahna, margi urang teh badega Mantenna.
Tanggel waler ka Gusti Allah kalebet kangge nyekapan kaperyogian urang nyalira. Margi dunya anu diciptakeun ku Mantenna parantos lengkep sateuacan Mantenna nyiptakeun karuhun manusa. Manusa kantun mulasara, ngolah sareng ngamangpaatkeun ieu alam kangge hirup anu tanggel waler. Manusa dipasihan katiasa kangge ngarekayasa alam pikeun kasaean, sarta kaperyogian kahirupanana.
Sanaos karuhun urang tigebrus kana dosa, hal katiasa sarta kawenangan kangge ngawasaan alam tur murba ka mahluk sanesna henteu dicabut ku Gusti Allah. Kitu oge kangge katurunana, sakumna manusa, tetep nyandang ieu citra Allah, kalebet katiasa sarta kawenanganana. Namung ku margi dosa tea, sok remen kawenangan sarta katiasana diangge pikeun kapentingan diri bari ngarugelkeun batur; malih henteu kirang anu ngareksak ieu alam.
Jalmi mah henteu walakaya nyalametkeun dirina tina kawasa dosa. Panghampura sarta kasalametan mangrupi sih kurnia ti Gusti.
Urang mung tiasa nampi panghampura dosa sarta kasalametan upami urang kersa percanten ka Gusti Yesus anu ditangtoskeun janten Jurusalamet hiji-hijina kangge umat manusa (Lukas 24:47). Tapi hal katiasa sarta kawenangan ka mahluk tur alam mah angger nyarengan bangsa manusa.
Sumawonna kangge jalmi anu parantos nampi kasalametan ti Mantenna. Sakedahna urang langkung murba ka sagala mahluk tur ngawasaan alam. Gusti tangtos mukakeun jalan kangge urang tiasa nyekapan kaperyogian urang.
Ayat-ayat di luhur diserat jalaran waktos harita aya jalmi, sok sanaos parantos percanten ka Gusti Yesus, hirupna kedul, gumantung ka batur kangge kaperyogian hirupna. Hirupna sapertos mangandeuh, gumantung kana pepelakan sanes, henteu migawe sorangan.
Sipat sapertos mangandeuh ditegor ku Gusti ngalangkungan rasul Paulus. Jalmi anu sapertos kitu diperedih supados sadar yen aranjeunna kedah hirup tartib sarta kedah kersa barangdamel kangge kaperyogian hirupna (2 Tesalonika 3:12).
Janten cindekna unggal jalmi anu iman ka Gusti Yesus sakedahna langkung getol barang damel; paling sakedik kangge nyekapan kaperyogianana nyalira sarta kulawargana. Langkung sae deui tiasa ngabantos anu meryogikeun bantosan, tapi sanes ngabantos jalmi kedul sanaos jagjag belejang. Rasul Paulus nyerat yen anu kedul mah teu kedah dipasihan tuangeun (2 Tesalonika 3:10).
Kadua, prinsip getol. Rasul Paulus ku anjeun masihan conto janten jalmi anu getol barang damel supados henteu nyesahkeun batur. Saleresna anjeunna kagungan hak kangge nampi bantosan, margi anjeunna anu ngabina karohanian jamaah Tesalonika (Galata 6:6). Namung anjeunna kagungan tekad tetep barang damel, siang wengi banting tulang kangge nyekapan kaperyogianana (2 Tesalonika 3:8). Rasul Paulus masihan conto ka warga jamaah anu dibinana, nyaeta getol barang damel; kagungan tekad kamandirian sacara ekonomi oge.
Kahirupan rasul Paulus nembrak di payuneun warga jamaah. Anjeunna tebih tina sikep kedul, janten picontoeun (2 Tesalonika 3:7). Anjeunna sanes mung ngawulang hal hirup anu tartib, supados tiasa mandiri sacara ekonomi, sakantenan masihan conto ngalangkungan kahirupan pribadina. Anjeunna henteu bau kana barang damel, kalebet padamelan anu kasar nyaeta janten tukang tenda (Rasul-rasul 18:3).
Hal tanggel waler, paling sakedik kangge nyekapan kahirupan nyalira parantos mangrupi prinsip utama sapapanjang sajarah jalmi. Gusti Allah nyiptakeun karuhun bangsa jalmi, masihan katiasa sarta kawenangan supados jalmi tiasa kagungan pacabakan kangge kahirupanana.
Jalmi anu getol tapi henteu tanggel waler tangtosna sapertos jalmi anu lumaku tapi henteu terang bade ka mana. Jalmi anu getol kedah disarengan ku prinsip tanggel waler supados henteu ngarugelkeun batur, sabalikna ulah pedit; bantos batur anu meryogikeun bantosan (Mateus 25:35-40; Galata 6:10). Ngabantos batur anu panglaipna, saur Gusti Yesus sami sapertos masihan bantosan ka Gusti ku Anjeun.
Mandiri sacara ekonomi tangtos kedah disarengan ku sikep anu sae supados urang janten berkah kangge anu sanes. Berkahna dipasihan kaluangan kangge ngamulyakeun Gusti (PurT).