Poe ieu aya murid anyar di kelas
Nina, kelas XI. Murid anyar teh awewe,
ngaranna Della. Ceuk beja mah manehna teh
dipindahkeun ti kota. Aya sababaraha murid
kelas XI anu geus ngintip waktu Della keur di
kantor kapala sakola.
“Duh, mani geulis nya,” ceuk murid nu
saurang.
“Ceuk uing mah biasa wae,” ceuk
murid nu sejen.
“Tapi katempona teh sombong, ceuk
uing mah,” ceuk murid nu sejen deui.
“Piraku sombong?” tanya saurang
murid, “acan ge panggih, can ditanya, acan
amprok, kumaha rek nyebut sombong?”
“Tapi nu jelas mah camerok,” ceuk nu
saurang deui.
Nina jadi beuki panasaran. Tapi ku
sabab poe ieu aya tugas persiapan kelas, Nina
teu bisa asup ka kantor kapala sakola.
Barang lonceng asup disada, kabeh
murid geuwat gura-giru, sup arasup ka kelas.
Teu kungsi lila jol guru wali kelas XI asup bareng
jeung hiji murid awewe anu panjang buukna
sataktak. Kadenge sora nu haharewosan sakelas
barang eta murid anyar asup ka kelas
Tanpa loba carita, bu Yuyun salaku wali
kelas ngawanohkeun eta murid anyar ka baturbatur sakelasna. “Barudak, ieu murid anyar di
kelas XI, ngaranna Della Putri Elia.”
“Ooo… Della,” ceuk sawareh murid
meh bareng. Sawareh deui mah ukur balem.
“Bapana pindah pancen ka desa
Sukawangi bulan kamari, jadi Della oge kudu
milu pindah jeung bapana,” ceuk bu Yuyun
ngajelaskeun.
Ku Nina teh disidik-sidik. ‘Asa beda
ieu mah,’ ceuk Nina di jero hatena. Nina
ngarasa yen Della mah teu nembongkeun sikep
sombong, henteu kawas anu diomongkeun ku
sawatara murid sakelasna.
Malah Nina ngarasa reueus barang
nempo Della. ‘Aya anu beda dina panon, kitu
deui dedeganana,’ ceuk pikir Nina, ‘henteu
sombong kawas ilaharna barudak ti kota, atawa
sabalikna, sieun asup ka lingkungan anyar.’
Memang katempona ku Nina mah Della teh
someah, henteu ijidan kawas murid anyar
lianna
Waktu balik ti sakola, teu disangkasangka Della leumpang ka arah imah Nina.
Nina rada asa-asa rek nanya teh. Manehna
ngan ukur leumpang di tukangeun Della bari
rada susulumputan bisi kanyahoan. Tapi Della
kalah ka ngalieuk ka tukang. Breh katenjo aya
Nina.
“Eh, pan urang teh sakelas nya?” tanya
Della ka Nina. “Ke… ke… saha tadi teh namina
nya? Duh, punten nya abdi tacan apal,” ceuk
Della bari imut.
“Abdi Nina,” tembal Nina bari imut
oge.
“Oh...enya, Nina geuning,” ceuk Della,
“punten pisan nya, abdi tacan apal ngaranngaran batur sakelas. Tapi engke oge bakal apal
lah… hehehe.”
“Ah, teu nanaon,” ceuk Nina
ngamalum.
Di jero hatena Nina beuki mikanyaah
ka Della sanggeus nyaho yen Della uah-uih ti
imah ka sakola teh leumpang. Padahal imahna
ampir 1,5 kilometer ti sakola.
Pangalaman Nina, barudak ti kota
mah arang pisan rek leumpang jauh. Nya
panas mun keur halodo, nya jibrud mun keur
usum hujan, nya cape, nya hoream. Sanajan
aranjeunna tungtungna laleumpang, eta oge
mun kabeneran aya batur, moal sosoranganan.
***
Sanggeus sababaraha waktu
babarengan, Nina jadi beuki deukeut ka Della.
Sifat Della teh matak haneuteun ka batur.
Manehna sabar ngabandungan
batur cumarita, tara sugan hare-hare atawa
nyapirakeun kana omongan batur. Atuh Nina
oge jadi resepeun ngadongengkeun rupa-rupa
hal ka Della. Antukna Nina jadi wani nanya ka
Della sual urusan pribadina.
“Della... hampura nya mun abdi teu
sopan atawa kurang ajar,” ceuk Nina.
“Na ku naon kitu?” tanya Della rada
bingung.
“Kieu nya… biasana mah budak ti kota
nu pindah ka dieu teh sok sombong. Jarang
manggihan nu siga Della,” ceuk Nina.
Della nyerengeh, tuluy pokna, “Sanes
sombong meureun, ngan can biasa we sigana
mah. Perlu waktu keur ngabiasakeun diri kana
kahirupan di dieu.”
“Maksudna kumaha?” tanya Nina.
“Pan unggal jalma beda-beda,” tembal
Della, “aya nu bisa gancang nurutan kabiasaan
di lembur, aya nu henteu. Di kota mah leuwih
rame, sagala aya. Tah, anu teu bisa nyaluyukeun
diri jeung kaayaan di tempat nu anyar mah
biasana sok kalah jadi aral.”
“Tapi naha Della mah teu kitu?” tanya
Nina panasaran.
“Ceuk saha, Neng Geulis?” tanya Della
bari heureuy. “Sarua wae. Tapi abdi mah muji
syukur ka Gusti, gaduh kulawarga anu resep
silih tulungan. Samemeh pun bapa pindah,
abdi sakulawarga ngadoa heula, Nin.”
“Ooo kitu,” Nina hookeun.
“Lumayan oge ngadoa teh, asana mah
sabulan,” ceuk Della. “Ema jeung Bapa oge
mepelingan yen ka mana wae urang pindahna,
pasti aya dina rarancang Gusti Allah. Nu mawi
teu kudu sieun tur hariwang.”
“Sae atuh kitu mah,” ceuk Nina.
“Kabukti pan, Gusti maparin Nina ka
abdi jadi batur sakola,” ceuk Della bari imut.
Nina unggeuk. Tuluy pokna, “Tapi
bener da, Della mah langsung we


daek babarengan jeung urang lembur. Padahal Della
teh pinter, tur dipikanyaah ku guru-guru.”
“Ah... biasa wae eta mah,” Della
ngahibur Nina. “Ulah muji wae atuh, engke
beukah geura ieu irung,” ceuk Della bari
seuri. “Jeung deui, sagala pangaboga abdi mah
paparinan ti Gusti. Naha bet kudu sombong?
Anu pangpentingna mah kudu muji syukur
sarta handap asor.”
“Ari abdi sok tatanya wae PR, teu
nanaon, Del?” tanya Nina.
“Nya teu nanaon atuh,” tembal Della.
“Mending tatanya tibatan niron. Mun sok
niron hartina teu percaya kana gawe sorangan,
teu jujur, sarta teu percaya yen Gusti Allah
anu maparin kapinteran ka urang. Sanajan
meunang peunteun alus oge tetep moal
percaya diri. Pan rugi sorangan,” ceuk Della
ngajelaskeun.
Nina ngarasa kacida bungaheunana,
sabab boga babaturan anyar anu beda ti budak
kota sasarina. Della mah teu saruana. Manehna
oge atoheun pisan bisa sosobatan jeung Della.
Ceuk paribasa: Teu wawuh wuwuh
pajauh, teu loma tambah paanggang. Sing
wawuh tur sing loma sabab balukarna alus
pisan. Hartina kudu silih kenal tur deukeut
sabab hasilna kacida pihadeeunana.