UCAP SALUYU JEUNG LAMPAH

Mang Sarma pangangon domba anu jujur. Unggal isuk mang Sarma sok ngala parab domba milik juragan Darsa. Mang Sarma ku dununganana kacida dipikanyaah.

Hiji poe, waktu mang Sarma keur ngala parab domba, aritna lesot tina gagangna cleng we ngacleng teuing ka mana. Mang Sarma mani reuwas, jung wae diteangan ka ditu ka dieu, tapi weleh teu kapanggih. Bakat ku bingung gek mang Sarma diuk handapeun tangkal kai gede.

Sabot kitu aya jajaka ngaliwat, heg nanya ka mang Sarma. Ku mang Sarma dijelaskeun pasualanana.

“Ka mana ngaclengna arit teh, Mang?” tanya jajaka tea ka mang Sarma.

“Nu mawi teu katempo ka mana arahna, da Mamang keur tungkul ningali kana jujukutan,” tembal mang Sarma.

Jajaka teh ngajakan mang Sarma neangan aritna, tapi teu digugu, sabab geus ngarasa pamohalan bisa kapanggih. Manehna diuk soteh pedah geus cape jaba bingung ongkoh.

“Upami kitu mah ngagaleuh deui we atuh anu enggal, Mang, tangtos langkung sae,” ceuk eta jajaka mere bongbolongan.

“Ari kudu meuli deui mah ripuh ka Mamangna, Jang,” tembal mang Sarma.

Eta jajaka teu nembalan deui, tapi amitan tuluy ngaleos. Teu pati lila manehna jol deui.
“Mang, nu ieu arit Mamang tea teh?” ceuk eta jajaka bari ngasongkeun arit anu henteu weuteuh tapi mencrang keneh katempona.

Barang ditilik ku mang Sarma, pok manehna ngomong, “Lain, Jang, ieu mah alus teuing, nu Mamang mah geus rada butut da geus heubeul, geus lila pisan dipakena.”
“Nya anggo we atuh, Mang,” ceuk jajaka tea rada maksa.


“Ah, moal, Jang,” ceuk mang Sarma, “Mamang mah pantrang make barang anu lain milik sorangan, jaba teu apal nu saha, bisi diteangan ku nu bogana.”

Jajaka teu maksa ka mang Sarma. Manehna amitan tuluy ngaleos. Teu pati lila manehna jol deui.

“Mang, nu ieu arit Mamang tea teh?” ceuk eta jajaka bari ngasongkeun arit anu weuteuh tur mencrang.

Karak oge direret arit teh ku mang Sarma, pok manehna ngomong, “Komo deui nu ieu mah, Jang. Puguh ieu mah weuteuh keneh.”

Sanajan kapepet, mang Sarma tara akon-akon kana barang batur. Kajujuran mang Sarma sanes mung ukur dina ucap tapi dibuktikeun oge ku lampahna.

Dawuhan Gusti ngalangkungan rasul Paulus, kieu ungelna: “Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna.” (Siloka 11:3).

Para pamaos, ieu pedaran bade ngabahas kahirupan jalma anu ucapna saluyu jeung lampahna sangkan kamanah ku Gusti Allah. Sumangga para pamaos neraskeun maca kaca-kaca salajengna. Gusti ngaberkahan.