Ulah Peunggas Harepan

“Hiji, dua, tilu!” Ampir kabèh jalma nu aya di lapang RT 06 surak nyumangetan pamilon lomba balap karung dina acara 17 Agustusan. Ieu acara diayakeun di kampung Sukajaya.

Dina raraga ngareuah-reuah poè kamerdekaan, unggal taun warga kampung Sukajaya rutin ngayakeun pasanggiri keur barudak. Pon kitu deui keur kolotna, saperti lomba balap karung, ngadahar kurupuk, balap bakiak, tarik tambang, pasanggiri ngawih jeung sajabana.

Para pinunjul lomba ogè baris meunang hadiah anu pikabitaeun. Pasanggiri dina raraga 17an taun ieu jadi hiji acara anu didodoho. Sabab acara ieu tèh jadi nu munggaran deui sabada mangsa sasalad nu kiwari kondisina geus leuwih hadè.

Suasanana tèh ramè pisan. Loba pisan barudak nu sumanget pikeun ilubiung dina lomba, pon kitu deui kolotna nu marengan. Katambah deui nu datang tumplek minuhan acara ku dagangan saperti jajanan jeung barang-barang murah nu dijual di dinya. Warga kampung Sukajaya kacida bungahna. Tapi tetep disiplin kana protokol kasehatan.

Hanjakal, di satukangeun reuahna acara di èta kampung, aya hiji budak nènèhanana Wati nu ngajentul di peuntaseun lapang. Katempona mah keur hariwang sarta keur ngabeberah manèh.

“Wati! Wati!!” caluk Egi, tatangga Wati nu sapantar jeung manèhna ti kaanggangan.

Egi nu sadar yèn Wati teu ngadèngè calukanana tuluy nyampeurkeun manèhna. Ti kadeukeutan, ku Egi katempo, Wati keur hariwang sabab teu malirè pisan kana calukanana.

“Wati!” caluk Egi deui, ayeuna mah bari nepak kana taktakna.

“Eh, mani reuwas! Egi, ah, ngareureuwas waè!” protès Wati bari ngusapan dada.

“Nya atuh da ti tadi ku kuring digeroan teu ngawaro. Keur naon di dieu?” Egi nanya, “Naha teu miluan lomba?”

“Enya, Gi, kuring mah enggeus tadi,” ceuk Wati ka Egi, “Ieu keur deg-degan nungguan engke peuting.”

“Wengi? Peuting ayeuna?” Egi nanya bangun nu bingung.

“Enya atuh, Gi, lain taun hareup, lila kèneh.”

“Euleuh, aya naon kitu peuting ieu?”

“Eta, pentas seni tèa. Pan aya lomba ngawih di pentas seni, abdi tos daptar tapi asa teu percaya diri kitu,” ceuk Wati bari tuluy ngusapan dada.

“Sok ayeuna mah tarik napas… piceun… tarik napas… piceun. Geus latihan, pan?”

“Atos… dua kali,” ceuk Wati bari nyengir.

“Èh kumaha atuh mani ngan dua kali,” ceuk Egi bari gigideug.

Wati seuri bangun nu èra bari gagaro mastaka, “Enya, Gi, kuring tèh sabenerna ngarasa bisa, jadi asana tèh teu kudu latihan deui. Tapi nyatana poe ieu tèh asa jadi deg-degan pisan.”

“Oh, pantes atuh ari kitu mah deg-degan ogè. Kuring apal Wati bisa ngawih, tapi latihan ogè penting. Anjeun jadi deg-degan tèh sabab can nyiapkeun diri. Inget pesen sakola minggu kamari? Naon waè nu dipilampah ku urang, kudu dipilampah sing enya-enya, sepertos kanggo Gusti," ceuk Egi, ngingetan.

“Oh bener ogè nya, Gi. Jadi kumaha atuh ayeuna? Abdi mundur waè kitu nya? Sieun èlèh.”

“Teu nanaon, Ti, sok cobaan heula wè, ulah peunggas harepan. WAti masih boga waktu nepi ka peuting ieu, jadi bisa latihan sakali deui. Meunang atawa èlèh mah teu jadi masalah, nu penting anjeun tos ngalakukeun nu pangsaèna nu anjeun bisa, ulah nyerah saacan nyoba. Sok ayeuna tenangkeun diri heula nya,” ceuk Egi bari nyumangetan Wati nu kiwari geus teu pati hariwang.

“Nuhun pisan nya, Egi, ayeuna kuring geus leuwih tenang. Sanggeus ieu kuring rèk latihan deui!” jawab Wati leuwih sumanget.

“Ayeuna urang awitan lomba ngadahar kurupuk, keprok barudak!” MC lomba ngumumkeun di lapang.

“Hayu, Ti! Ayeuna lomba ngadahar kurupuk rèk dimimitian! Ayeuna mah urang sukan-sukan heula wè miluan lomba ieu,” Egi ngajak bari ngabedol leungeun Wati.

Sabada bèrèsna lomba dina poè èta, Wati buru-buru balik ka imah supaya bisa latihan keur lomba ngawih peuting èta. Manèhna inget kana pesen Egi sangkan ngusahakeun nu panghadèna tur henteu nyerah saacan nyobaan.

Wati milih pakèan jeung sagala kabutuhan nu panghadèna pikeun malem pentas seni tèa. Saacan indit, manèhna inget kudu ngadoa heula.

‘Gusti, hatur nuhun kanggo talenta ngawih anu tos dipaparin ku Gusti kanggo abdi. Ayeuna abdi badè ngiringan lomba ngawih. Hapunten abdi margi abdi ngaraos mampu sarta nyapirakeun lomba ieu dugi henteu nyiapkeun latihan. Ayeuna abdi badè masihkeun nu pangsaèna, mugia Gusti nulungan abdi supados tiasa nampilkeun anu pangsaèna. Amin.’

Datang kana mangsana pentas seni jeung lomba ngawih rèk dimimitian. Wati geus siap di sisieun panggung. Ayeuna mah Wati seuri tur katempo leuwih percaya diri tibatan tadi.

“Ayeuna urang sakseni patandang salajengna, nyaeta penampilan ti Wati!” ceuk MC ti luhur panggung.

Wati narik napas panjang tuluy imut, nyoba nenangkeun dirina. ‘Di lebet nami Gusti Yesus,’ dina jero hatena bari naek ka luhur panggung.

Di luhur panggung, Wati ngawih kacida endahna. Sanajan aya nada-nada anu karasa kurang pas, tapi kabeh nu lalajo keprok bari surak sabada Wati beres ngawih.

Egi oge ngilu keprok bari surak. “Eta babaturan kuring!!” Egi ngagorowok tina bangku penonton, matak pikaseurieun nu lalajo.

Pentas seni tuntungna beres kalayan rame pisan. Kabeh nu datang lalajo teh katempona bungah sarta kataji.

Dina panungtung acara, dibewarakeun patandang anu jadi pinunjul lomba beurang tadi sarta pinunjul lomba ngawih dina pentas seni. Wati sabenerna teu

miharep manehna jadi pinunjul. Manehna geus reueus ku usahana sarta ngucap syukur lantaran manehna bisa nyobi jeung diajar pikeun ngusahakeun nu panghadena.

Kacida reuwasna Wati sabab sihoreng Wati jadi pinunjul katilu dina lomba ngawih tea. Wati bungah pisan tuluy lumpat ka luhur panggung. Sanajan teu jadi pinunjul kahiji, tapi Wati meunang loba pangalaman tina lomba poe ieu. Nepi ka imah, Wati tuluy asup ka kamar sarta ngadoa, ngucap sukur ka Gusti.

Ku: Teh Illa & kang Dicky