Lalakon hirup dina pedaran katilu, tahun 202, medarkeun pangalaman hirup ibu Nany Anedjah, kalahiran 3 Nopember 1957 di Bandung, putra ka-2 ti bapa Sudjana Winata (almarhum) sareng ibu Yuliana Lubis (almarhumah). Anjeunna ngawitan wanoh ka Gusti Yesus tengah taun 1977 dina acara reureuh kaom muda.
"Abdi rumaos jalma dosa," saur bu Nany. "Abdi kalintang bagjana dihampura dosa ku Gusti Yesus salaku Jurusalamet pribadi, anu mapaparin hirup anu enggal ka abdi."
Ti harita bu Nany dibingbing maca tur nalungtik Alkitab pon kitu oge dina ngabadikeun Beja Kabungahan ka batur. Kahoyong anjeunna mah seseueur-seueurna jalma tiasa nampi panghampura ti Gusti sangkan salamet, bebas tina hukuman langgeng.
Hiji mangsa, anjeunna sapara kanca kaom muda ngiring doa tur saum salami saminggu bari nalungtik dawuhan Gusti tina kitab Yesaya, utamina Yesaya 6:7-8, anu kieu ungelna "...Kadorakaan maneh geus nyingkir, dosa maneh geus dihampura." Kaula ngadenge PANGERAN ngandika, "Saha nu ku Kami kudu diutus? Saha nu kudu jadi utusan Urang?" Kaula miunjuk, "Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!"
Harita bu Nany nuju didamel di Rumah Sakit Imanuel, Bandung. Namun, anjeunna hoyong pisan diajar Alkitab langkung jero deui. Taun 1981 anjeunna dijajapkeun ku Meike Lolong (anggota PMK ITB), salasahiji rerencangan anu sasarengan doa saum tea, ka sakola Alkitab di Batu, Malang.
Seueur anu manglebarkeun, bet ngantunkeun padamelan. Tapi anjeunna geus buleud patekadan hoyong diajar Alkitab.
Anjeunna dipengkuhkeun ku dawuhan Gusti, anu kieu ungelna: Maneh ku Kami dicandak ti unggal tungtung jagat, disaur ti juru-juru anu jarauh, ... moal ditampik, malah ngahaja dipilih. Ulah sieun, aya Kami! Kami teh Allah maneh, maneh tong sieun ku naon naon! Maneh ku Kami rek dijieun jadi bedas. Maneh ku Kami bakal diraksa jeung dirahayukeun. (Yesaya 41:9-10).
Januari 1987 bu Nany tamat sakola Alkitab, teras ngalayanan Gusti di Jakarta. Taun 1989 anjeunna nikah sareng bapa Richard Lalensang, rerencangan di sakola Alkitab, teras sasarengan ngalayan Gusti.
Kaping 6 Januari 2005 bu Nany sareng pa Richard dipercanten ku Gusti, kenging sih kurnia saurang putra anu dinamian Almer Johannes Lalensang. Almer teh singgetan tina Allah memelihara; dina basa Sundana: Gusti Allah ngaraksa.
Rupina pancen pa Richard ngalayanan Gusti teh kaetangna ku Gusti geus rengse, kaping 20 Oktober 2010. Anjeunna ngalih alamat ka Taman Pirsaus Gusti (Lukas 23:43).
Harita putrana nembe yuswa 5 taun. Dupi ayeuna mah Almer teh geus kelas 1 SMA di SMAK Kalam Kudus, Bandung. Dugi ka ayeuna bu Nany tetep satia ngalayanan Gusti di GEKARI sareng di Gereja Kristen Kalam Kudus Bandung.
"Kalintang pentingna urang percaya tur satia ka Gusti Yesus dugi ka tungtung hirup," saur bu Nany, "ngajaga laku lampah sangkan hirup urang suci tur kamanah ku Mantenna."
Numutkeun bu Nany, asih ka Gusti teh kedah dipintonkeun ku sikep handap asor sangkan tiasa janten berkah keur sasama. Bu Nany tiasa nyarios kitu ku margi anjeunna estu ngalaman kaasih Gusti.
"Hirup anu asih ka Gusti dibuktikeun ku sikep tur hate anu gumantung sagemblengna ka Gusti, miharep mung ka Gusti, iman anu pengkuh ka Mantenna, sarta ngajauhan lampah dosa," saur bu Nany.
Pamugi lalakon hirup bu Nany Anedjah tiasa janten berkah kanggo para pamaos. Gusti ngaberkahan.
