Wabah Corona nerekab di mana-mana. Meh henteu aya wilayah di sakuliah dunya anu bebas tina ieu wabah. Jumlah korbanna tos teu kawilang.

Balukarna urang kudu hirup cara anu beda ti biasa; gaya hirup normal anu anyar. Pamarentah nyiptakeun hiji siasat supaya urang bisa ngigelan kaayaan wabah virus Corona (Covid-19). Di antarana, masarakat kudu ngabudayakeun hirup 3M: Memakai masker, Mencuci tangan, Menghindari kerumunan.
Dina mangsa pandemi Covid-19, aya sababaraha hal anu ku urang ulah dipohokeun, di antarana kudu bijak nanggulangan masalah ekonomi kulawarga. Pasangan anu papirak di pengadilan agama wuwuh seueur dina mangsa pandemi, mintonkeun aya perkawis anu raket pisan sareng ekonomi.
Salami pandemi Covid-19, ti Januari dugi ka Agustus 2020, di Jawa Barat parantos aya 55.876 perceraian numutkeun laman resmi Pengadilan Agama Bandung (kabayan.pta-bandung.go.id). Ieu puluhan rebu kasus didasaran ku rupa-rupa panyababna.
Panyabab anu paling seueur nyaeta pacengkadan rumah tangga anu teras-terasan dugi ka 29.033 kasus. Penyabab ekonomi: 23.476 kasus; pasangan ninggalkeun salasahiji pihak; 2.511 kasus.
Yuswa anu ngagugat cerai paling seueur antara 31-40 taun. Padahal dina tingkat pendidikanana mah SLTA. Direktorat Jenderal Badan Pengadilan Mahkamah Agung Republik Indonesia, Aco Nur, nyanggemkeun yen ieu sadaya rupina mah dibalrkarkeun ku masalah ekonomi.
Akibat Covid-19 memang seueur pisan jalma anu di-PHK, dugikeun ka ekonomi jadi henteu jalan sakumaha anu dipiharep. Ieu anu ngabalukarkeun kaperyogian ekonomi ibu-ibu henteu kacumponan ti carogena.
Kumaha sikap urang salaku jalma-jalma anu percaya ka Gusti, dina mangsa mayuanan kaayaan anu werit kieu? Alkitab kedah jadi dasar kahirupan jalma anu kuat, dina ngalengkah, nangtoskeun sagala rupa dina kahirupan.
Alkitab maparin bongbolongan pikeun mayunan masalah sulit samodel kieu. Kahiji: urang kedah sadar yen saleresna Alkitab tos ngelingan yen dina mangsa ahir jaman bakal datang mangsa anu werit.
Rasul Paulus, nyeratan ka jamaah anu diasuh ku Timoteus: "Inget anaking, dina ahir jaman bakal loba kasukeran. Jalma-jalma ngan inget ka diri sorangan bae, sarakah, takabur, garumede, resep ngagogoreng, bahula ka kolot, taya panarima, teu baroga agama; taya karunya, taya hampura, resep mitenah, bengis, dedegler, ijid ka jelema hade." (2 Timotius 3:1-3).
Urang tiasa ningal dina Alkitab, satiap bade aya mangsa werit, Gusti Allah sok ngawartosan langkung ti payun supaya manusa bisa ngungkulanana. Sapertos mangsa werit anu dialaman dina jaman nabi Nuh (Kajadian 6); anu dialaman dina jaman nabi Yusuf (Kajadian 41).

Kitu deui kajadian anu sanesna dina Alkitab. Saleresna ngalangkung Covid-19 Gusti nuju ngawartosan urang, ka payun bakal datang mangsa werit, di antarana resesi ekonomi anu kudu disanghareupan.
Kadua: sikep urang dina mangsa werit, tangtos boh istri boh pameget, kedah sami-sami ningkatkeun kualitas kanyaah anu ajenna leuwih unggul ti biasana. Kedah diemut yen dina pernikahan, urang geus ngucapkeun jangji di payuneun Gusti, tur disaksian ku para badega Gusti sareng jamaah.
Urang geus jangji arek hirup satia najan naon bae kaayaan anu dialaman. Urang rek sapapait samamanis, sabagja, sacilaka, ngan maot anu bisa misahkeun.
Ngeunteung kana kajadian mangsa werit jaman nabi Nuh sareng nabi Yusuf, rasiahna nyaeta kudu hirup raket sareng Gusti Allah, henteu ngalanggar kana parentah Mantenna. Ku jalan kitu urang bisa kaluar tina mangsa werit.
Sajaba ti eta, ayeuna urang kudu mimiti nyusun siasat anyar. Aya 5 siasat kanggo nanggulangan kaayaan ekonomi anu sulit ieu.
Lamun urang aya keneh padamelan, kudu tetep ngajaga hubungan anu hade sareng pingpinan di tempat damel; teu kudu heula hayang naeh gajih, komo deui jeung ngilu-ngilu demo sagala. Sadaya perusahaan ayeuna nuju ripuh.
Pangasilan jeung pengeluaran kudu saimbang, ulah nepi ka gede pengeluaran batan pengasilan.
Utamakeun heula pangabutuh utama sapertos dahareun.
Sabisa-bisa jauhan sareng cegah hal-hal anu mangrupi kahayang anu lain pangabutuh utama. Kudu waspada lamun boga kabiasaan sok balanja di toko "online" lantaran sok kagoda ku barang anu dipasarkeun, anu henteu dipikabutuh tapi dibeuli lantaran kabita.
Cegah gaya hirup mewah ku cara ngandelkeun tina panginjeum, samodel kabiasaan belanja ku kartu kiridit atawa komo deui nginjeum ka rentenir anu bungana bisa nyekek. Covid-19 ngajarkeun kabiasaan hirup sederhana.
Anu Katilu: Najan pangasilan sakedik, usahakeun nabung. Tingal kumaha pangalaman nabi Yusuf di mangsa anu sukat jaman Mesir kuno. Rasiahna nyaeta NABUNG. Tina pangasilan dipisahkeun 5% pikeun ditabung. (Kajadian 41:34).
Mangsa harita program nabung anu digagas ku nabi Yusuf berhasil, dugi ka teu bisa deui ngitung jumlah tempat nyimpen cadangan bebekalan nagara. Dina jaman sulit kieu numutkeun pakar finansial Ahmad Gozali, lamun hayang aman sakedahna kagungan dana cadangan antara 3 dugi ka 12 kali tina pengeluaran bulanan (Kompas.com (4/8/2020).
Kitab Siloka ngingetan urang sangkan diajar kana laki lampah sireum, satu leutik tapi bijak. Jalma kedul kudu nengetan petana sireum. (Siloka 6:6). Di bumi aya opat rupa sati lembut, tapi kacida palinterna, nyaeta: Sireum, naon tanagana, tapi ari keur halodo garetol ngumpulkeun rejeki. (Siloka 30:24-25).
Upami ku urang disimpulkeun pangajaran ieu, kanyaah dina mangsa Covid-19 teh memang mayunan ujian anu beurat. Buktina rea jalma anu ngagugat cerey pernikahan.
Hal ieu ngabuktikeun yen seueur pisan jalma anu gagal ngajaga kanyaah dina rumah tanggana. Tapi kangge urang anu percaya ka Gusti Yesus, kudu hirup dumasar kana tungtunan Alkitab.
Alkitab nungtun urang sangkan sadar ku lantaran Gusti tos ngelingan ti anggangna yen bakal datang mangsa susah. Mangsa anu kieu bisa disangkareupan ku cara ningkatkeun kanyaan malah kedah tambih murni ajenna.
Susun siasat babarengan kangge nyangkareupan kaayaan kieu. Ulah hilap, urang kudu nyisihkeun tina pangasilan pikeun nabung supaya aya bekel mangsa ka payun.
Urang kedah nyonto sikep nabi Yusuf kitu deui sireum anu ngumpulkeun dahareun pikeun mayunan mangsa susah salajengna. Gusti ngaberkahan.