Sasih Desember mangrupikeun sasih panuntung taun. Upami cumarios perkawis sasih Desember, tangtos urang moal bireuk deui sareng dinten medalna Gusti Yesus ka alam dunya dina raraga nyalametkeun sakumna umat manusa.
Ku naon umat manusa kedah disalametkeun? Sabab, saprak manusa munggaran - bapa Adam sareng ambu Hawa - tigebrus kana dosa, sakumna manusa janten dosa sarta aya dina kawasa dosa. Nalika dikawasaan ku dosa. manusa teu daya teu upaya, henteu bisa ngaleupaskeun diri tina kawasa dosa.
Manusa parantos kaicalan kamulyaan Allah lantaran dosa sarata upahna dosa nyaeta maot (Rum 3:23; 6:23). Karana kacida miasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tinggal-Na, supaya sakur nu percaya ka Anjeunna ulah binasa tapi meunang hirup langgeng (Yohanes 3:16).
Gusti Yesus kedah medal ka alam dunya, kedah ngaraoskeun kabeubeurat umat manusa; kedah pupus dina kai palang salaku puncak panebusan; dikurebkeun sarta gugah deui dinten nu katilu pikeun ngabuktoskeun yen Gusti Yesus unggul tina ngalawan maot.
Ku naon Gusti Yesus kedah medal ka alam duya? Ku margi asih-Na Gusti Allah ka umat manusa. Manusa butuh pitulung anu tiasa nyalametkeun tina kawasa dosa.
Kaayaan Manusa
Sakumna umat manusa, sadaya seler bangsa, kalebet urang Sunda dipikaasih ku Gusti. Namung seureud Covid-19 danget ayeuna nyababkeun sakumna manusa di sakuliah dunya aya dina kaayaan bahaya.
Unggal dinten malih mah unggal jam, unggal menit, unggal detik, aya jalma anu maot ku karana Covid-19 boh panyawat lianna. Hanjakalna, seueur jalma anu henteu terang baris ka mana ngajugjug dina mayunan hirup nu nyandak kana kalanggengan.
Danget ayeuna masih keneh aya jalma anu lumampah dina jalan anu poek anu mawa kana kabinasaan. Seueur jalma anu masih ditungtun ku batur anu lolong sacara nungtunna oge teu acan terang jalanna anu nyandak kana kahirupan langgeng.
Ninggal kaayaan manusa anu jumlahna kalintang ageungna, Gusti Yesus ngaraos ngerik manah-Na, sabab manusa teh lir domba anu henteu gaduh pangangon anu tiasa nuyun sarna ngajamin kasalametan domba-dombana.
Manah Gusti Yesus
Para pamaos, urang disaur ku Gusti Yesus sangkan nampi sih kurnia ti Mantenna, diberkahan ku Mantenna. Gusti ngagaduhhan rarancang pikeun jalma nu percaya ka Mantenna.
Gusti Yesus nyaur sakumna manusa pikeun disalametkeun tina hukuman langgeng. Sakur anu nampi panyaur ti Mantenna, dipaparin tanggel waler sangkan tiasa nuyun batur.
Sing saha anu diberkahan ku PANGERAN langkung ti payun tangtos gaduh pancen sangkan tiasa janten berkah keur batur. Gusti Yesus ngagaduhan rarancang pikeun urang salaku jalma anu percaya ka Mantenna.
Naon rarancang Gusti Yesus kanggo urang? Rarancang-Na nyaeta Mantenna ngagaduhan manah anu mikaasih ka sakumna jalma di ieu dunya sangkan tiasa disalametkeun tina hukuman langgeng.
Dina Injil Mateus 14:14 disebarkeun, "... ningali jelema sakitu reana manah Yesus mani ngerik hawatoseun. Anu garering ku Anjeunna tuluy dicalageurkeun." Ayat ieu cumarios perkawis manah Gusti anu kalingtang merhatoskeun kaayaan jelema-jelema di sabudeureuna-Na.
Danget ayeuna manah Gusti Yesus hawatoseun ningal kaayaan jalma di Jawa Barat anu jumlahna kalintang ageungna tapi teu acan aya anu nuyun pikeun ngawanohkeun Gusti Yesus ka aranjeunna. Gusti Yesus ngajarkeun ka murid-murid sangkan aranjeunna ngagaduhan kaasih ka jalma rea nu aya di sabudeureunana anu keur garering secara rohani.
Hal anu sami ieu anu dipiharep ku Gusti Yesus pikeun sakumna umat nu tos percanten ka Mantenna. Urang oge kedah ngagaduhan manah Gusti Yesus pikeun jalma-jalma nu aya di sabudeureun urang mangsa kiwari anu keur garering secara rohani.
Gusti Yesus Maparin Amanat
Para pamaos, aya hiji istilah "lamun lain urang,

saha deui: lamun lain ayeuna, iraha deui?" Ieu istilah mintonkeun yen urang kedah saenggal-enggalna milampah naon anu kedah dipilampah.
Urang disaur ku Gusti, disalametkeun ku Gusti, diberkahan ku Gusti, jeung sajabina deui tangtos aya rarancang Gusti pikeun urang. Malihan urang ditempatkeun di Jawa Barat ku Gusti ku margi Gusti ngagaduhan rarancang pikeun urang di Jawa Barat.
Naon rarancang Gusti pikeun urang? Urang kedah janten saksi Gusti Yesus sarta ngagaduhan manah sapertos Gusti Yesus.
Salaku wujud yen urang ngagaduhan manah sapertos Gusti Yesus tangtos urang kedah milampah naon anu parantos dipidamel ku Gusti Yesus atanapi nulad ka Gusti Yesus. Hal ieu ditegaskeun oge ku amanat-Na ka para murid-Na.
"Anu garering cageurkeun, anu paraeh hirupkeun deui, anu lepra waluyakeun, anu kasurupan roh jahat kaluarkeun roh jahatna. Maraneh menang ieu kawasa teh teu kudu mayar. Kudu dipake nulungan nu sejen, ulah menta bayaran." (Mateus 10:8).
Hayu urang tanjeurkeun karajaan Gusti di Tatar Sunda ku kaasih Gusti Yesus. Hayu urang tepangkeun Gusti Yesus ka jalma-jalma sabudeureun urang sangkan aranjeunna tiasa nampi nugraha kasalametan. Kabagjaan aranjeunna nya kabagjaan urang sadayana. Saurang anu disalametkeun, saeusi sawarga suka gumbira. Gusti Yesus ngaberkahan.