Pangjajap
Sadaya jalma anu percaya ka Gusti tangtos moal bireuk deui kana kecap kaasih. Sikep asih saluyu jeung pangersa Gusti. Tapi aya oge anu asihna henteu iklas.
Aya anu sok pilih kasih. Aya anu katembongna asih, padahal tujuanana goreng. Sikep anu kitu disababkeun ku kaayaan manusa anu geus tigebrus kana dosa.
Kaasih ka Gusti Allah henteu dipisahkeun tina kaasih ka sasama. Kaasih jalma ka Gusti Allah katembong dina kaasihna ka sasama.
Shema urang Yahudi, kieu unggelna: "Kanyahokeun eh urang Israil! Nya PANGERAN, ngan PANGERAN, anu jadi Allah urang teh. Masing nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta sing sakuat-kuat." (Pamindo 6:4-5).
Eta teh inti sari hirup kaagamaan nu sajati. Namung aya tambahanana, yaeta: "Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan." (Imamat 19:18).
Parentah Gusti Yesus, kieu ungelna: Maraneh sing silih pikanyaah, saperti Kami nyaah ka maraneh. (Yohanes 15:12). Hayu urang diajar ngeunaan hirup anu mikaasih ka Gusti tur ka sasama.
Hukum nu Kahiji nu Pangutama
Nalika Gusti Yesus nuju ngawulang, sababaraha urang Farisi jeung Saduki, para pamingpin agama, hayang ngadoja ka Mantenna. Pok nanya, "Guru, parentah nu mana dina Hukum Agama anu pangutamana?"
Ku Gusti Yesus diwaler kalawan jembar tur jentre, "Masing nyaah ka PANGERAN Allah maneh teru jeung hate, terus jeung nyawa, sarta terus jeung budi akal. Ieu parentah anu pangutama jeung pangpentingna. Sakabeh eusi Hukum Musa jeung pangajaran nabi-nabi liana, gumantungna ka ieu dua parentah." (Mateus 22:37-40).
Parentah geusan mikaasih ka Gusti kalawan sagemblengna hate, nyawa, jeung akal budi teh hartina di mana wae, iraha wae, dina kanyaan anu kumaha wae. Hirup asih ka Gusti nyaeta ngalampahkeun sagala parentah Mantenna (Ilikan 1 Yohanes 2:3; 1 Yohanes 3:24).
Ieu parentah katingalna beurat pisan. Namung, Gusti henteu maparin parentah anu hamo dilaksanakeun, saba Mantenna teh kalintang miasihna ka sakumna manusa.
Kieu jangji Gusti ka sing saha anu miasih ka Mantenna, "Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh." (Mateus 11:29).
Henteu aya alesan jalma henteu mikaasih ka Gusti, sabab Gusti langkung tipayun parantos nembongkeun asih-Na ka sakumna manusa. Tapi Allah mah geus nembongkeun kasih-Na ka urang. Kristus pupus ngaganti urang sajeroning urang keur hirup keneh dina dosa. (Rum 5:8).
Hukum nu Kadua anu Sarua jeung Hukum Kahiji
Salajengna Gusti Yesus ngalengkapan waleranana ka para ahli torat tea, sanggemna, "Nu kadua sarua pentingna, nya eta: 'Masing nyaah ka batur kawas ka diri sorangan'" (Mateus 22:39). Kaasih ka sasama jeung asih ka Gusti teh sarua pentingna, nyaeta anu dina basa aslina disebat "Agape".
Kecap agape ngandung harti kaasih anu ajenna pangluhurna. Gusti henteu nganggo kecap 'philia', anu hartina asih ka sobat. Atuh hartina, parentah Gusti sangkan urang miasih ka samama teh kalintang penting tur luhur ajenna. Kaasih Agape teh henteu mentingkeun diri nyalira, taya watesna, tanpa aya saratna, suci, sarta pinuh pangorbanan.

Dupi kenyataanana kumaha? Kenyataanana mah manusa teh umumna tacan tiasa miasih ku kaasih 'agape'.
Umumna mah manusa bakal miasih ka jalma anu miasih ka anjeunna. Ieu parentah Gusti Yesus sangkan urang miasih ku kaasih 'agape' teh wajib dilaksanakeun. Sadaya manusa umumna resep mikaasih ka diri nyalira, rumawat ka diri nyalira.
Parentah kadua nyaeta miasih ka sasama saperti ka diri nyalira. Hartina kaasih urang ka batur teh sami sareng kaasih urang ka diri nyalira. Gusti Yesus maparin tuladan ngeunaan kaasih ka sasam, nyaeta kaasih hiji jalma ka sobat-sobatna nepi ka iklas ngorbankeun nyawana pikeun ngabela sobat-sobatna. (Yohanes 15:13).
Parentah Gusti Allah tiasa dilaksanakeun upami urang rumaket ka Mantenna, ku margi Mantenna sumber kaasih. Saur Gusti Yesus, "Sakumaha Kami dipikanyaah ku Rama, maraneh oge dipikanyaah ku Kami, anu matak kudu tetep aya dina kanyaah Kami." (Yohanes 15:9).
Ku naon pangna Gusti Yesus negeskeun supaya manusa teh tetep rumaket ka Mantenna? Sabab manusa mah sifatna sok tara ajeg, sok mawa karep sorangan, lesot tina sifat mikaasih. Nu mawi manusa pemohalan tiasa mikaasih upami henteu rumaket kana sumberna kaasih nyaeta Gusti Yesus.
Dawuhan Gusti netelakeun yen manusa di dunya geus sakitu jarahatna, serta pipikiranana salawasna pohara kalotorna (Kejadian 6:5). Upami urang tetep rumaket ka Gusti Yesus, ku Mantenna dipaparin kamampuh pikeun mikaasih ka sasama.
Larapkeuneun
Jalma anu mikaasih ka sasama, pasti bakal usaha sangkan bisa nyenagkeun manah jalma anu dipikaasih. Malah mah dugi ka iklas rido ngorbankeun diri demi kabagjaan jalma aku dipikaasih.
Saur Gusti Yesus, "Upama maraneh nyaraah ka Kami geus tangtu narurut kana parentah-parentah Kami." (Yohanes 14:15). Hayu urang diajar ngalaksanakeun parentah Gusti Yesus, nyaeta mikaasih ka Gusti tur ka sasama ku kaasih 'agape'.
Gusti Yesus maparin tuladan kaasih anu sampurna. Mantenna iklas nandangan sangsara dugi ka pupus dina kai dipalang kanggo nebus sakumna umat manusa tina hukuman langgeng.
Urang anu henteu layak dipikaasih, tetep dipikaasih ku Gusti Allah. Ieu anu janten dasarna sangkan urang mikaasih ka Gusti tur ka sasama. Ku jalan kitu urang bakal ngalaman hirup anu suka bungah sinareng Gusti. (*)