HIRUP DINA KAMERDIKAAN

Paguneman

Roy jeung Beni, babaturan kuliah, sering diskusi sual naon wae anu nuju rame di masarakat. Ayeuna maranehna keur ngagunemkeun masalah anu geus ruksak ku gaya hirup masarakat.

Kasadaran kana nolak kabiasaan goreng teh tacan nerap di masarakat. Kitu deui pangaruhna kana kahirupan pikeun generasi anu bakal datang. Pagunemanana patali jeung proyek kuliah maranehanana anu keur digarap.

Maranehna sadar yen anu ditalungtik teh lain mung saukur ngumpulkeun data, tuluy nyieun runtuyan kecap-kecap pikeun meunangkeun peunteun lulus dina ahir semester. Tapi kumaha carana netelakeun rupa-rupa masalah anu lumangsung. Tuluy mere pamikiran keur bongbolonganana supaya aya parobahan.

“Parobahan mah kudu dimimitian ti urang heula, Ben,” ceuk Roy.

“Urang teh ditantang pikeun ngalakonan anu leuwih beurat,” tembal Beni, “padahal sabenerna urang bisa wae meunang peunteun alus tanpa riweuh-riweuh teuing.”

Roy teu nembalan, tapi malah nanya, pokna, “Ben, maneh apal teu? Hiji-hijina tanggal beureum - libur nasional dina bulan Agustus taun ieu?”

“Nya apal atuh,” tembal Beni bari terus nyanyi, “Tujuh belas Agustus taun empat lima. Itulah hari kemerdekaan kita.”

“Biasaan euy,” ceuk Roy bari seuri ngadenge Beni ngajawab ku cara nyanyi.

“Okeh ... jadi naon hubunganna tanggal beureum jeung omongan kuring sual proyek kuliah anu keur digarap?” Beni nanya deui.

“Enya, eta mah alus pisan,” ceuk Roy, “Tapi sanggeus hajat Agustusan kasampak ampir unggal waktu, runtah ngagunduk di mamana. Eta teh kabiasaan goreng di nagara urang, utamana di kota.”

“Enya oge ... bener kitu,” ceuk Benni. Tuluyna deui, “Ari kitu mah pipikran kuring jadi beuki kabuka pikeun neruskeun ieu proyek. Malah mah bisa mikirkeun kampanyeu pikeun solusina ngaliwatan media sosial atawa langsung we gawe bareng jeung pamarentah atawa organisasi anu ngarojong.”

“Urang kudu inget, Ben, yen eta teh kawajiban urang pikeun ngarobah kahirupan masarakat supaya jadi leuwih alus,” ceuk Roy negeskeun, “malah mah dina hal-hal anu basajan. Leuwih ti eta, jati diri urang teh lain ngan salaku generasi bangsa tapi oge salaku kaom muda anu geus dimerdikakeun ku Kristus.”

“Enya bener,” ceuk Beni, “Urang teh agen ganda pikeun tujuan anu sarua, nyaeta hirup nu jadi berkah.”

“Dawuhan Gusti dina 1 Petrus 2 ayat 16 netelakeun yen jalma nu geus percaya ka Gusti kudu hirup dina kabebasan tapi ulah sakahayangna wae,” ceuk Roy ngajelaskeun, “hartina yen hirup nu merdika teh kudu taat ka Gusti Kristus anu geus ngabebaskeunana.”

“Bebas tapi taat kana aturan Kristus, kitu, Roy?” tanya Beni.

“Enya, di antarana ucap kudu sarua jeung lampah,” tembal Roy. “Henteu tojaiah, henteu diperbudak deui ku dosa atawa kajahatan, komo ku sikep anu sok resep ngaruksak mah. Jadi jalma nu mandiri, dimimitian ti hal-hal leutik, nu kudu dilaksanakeun kalawan kasadaran jeung ajen-inajen hirup nu mulya.”

“Jadi sanajan ngan ukur ngadahar permen, jalma kudu nyaho ka mana ngalungkeun bungkusna. Kitu meureun nya?” tanya Beni.

“Bener pisan! Kudu taat ti mimiti nu leutik, anu basajan, supaya jadi kabiasaan. Ceuk basa deungeun mah boga integritas, hirup bakal leuwih mulya,” ceuk Roy.

“Kuring yakin yen proyek urang bakal mere pangaruh hade,” ceuk Beni. “Sabab urang boga tujuan nu leuwih penting batan ngan ukur neangan peunteun alus dina kuliah, tapi mawa kahadean pikeun bangsa urang.”

“Anu disebut ‘ngeusi kamerdikaan’ teh sok mindeng kadenge di nagara urang,” ceuk Roy, “tapi nepi ka ayeuna tacan diwujudkeun kalawan eces jentre, tacan katembong dina kahirupan masarakat.”

“Baheula kolonialis dianggap ngaruksak, tuluy fokus kana perlawanan,” ceuk Beni. “Sanajan kitu, kiwari geus loba karuksakan anu disababkeun ku kalakuan bangsa sorangan. Contona wae di wewengkon Bandung Barat, bulan Juni, viral di media sosial ngeunaan tumpukan runtah di walungan.”

“Tah, eta teh nembongkeun kakurangan diri, bangsa merdika anu masih keneh dijajah ku sipat bodo,” ceuk Roy.

“Kitu oge kahirupan jalma peracya, kudu ngaji diri salaku jalma anu geus dimerdikakeun ku Kristus tina borogod dosa, sangkan hirup urang anu bener teh lir ibarat caangnya dunya,” ceuk Beni mungkas pagunemanana.

Ku: Sdrk. Yelsin Yonatan