NU GORENG DIPULANG HADE

Pieunteungeun


“Enya bareto kuring ku aranjeun dicilakakeun. Tapi ku Gusti Allah geus dibalikkeun jadi pitulung, sangkan kuring bisa nyambung umur sanak baraya anu sakitu lobana, nya geuning ayeuna bukti aranjeun bararisa keneh hirup. Nya ti dinya lantaranana.” (Kajadian 50:20)

Saur Stephen Covey, panulis buku, yen kahirupan urang saleresna mung sapuluh persen dipangaruhan ku sagala kajadian anu tumiba ka urang. Salapan puluh persen mangrupa hasil tina emutan urang ngeunaan kaayaan anu sapuluh persen tea. Eta margina bahasan urang ayeuna dijudulan: Nu Goreng Dipulang Hade.

Dina ieu kasempetan urang bade diajar ti Yusuf. Anjeunna ngarespon kalayan leres kana pangalaman anu matak nganyenyeri, dugi ka hirupna tiasa unggul. Ahirna Yusup tiasa dipaparin kapercayaan sarta tanggung jawab anu ageung, sangkan janten berkah pikeun kulawargana pon kitu deui kanggo bangsa nu sanes.

Seueur anu kaalaman ku Yusup. Anjeunna dialungkeun ka sumur, dijual jadi budak, digebruskeun ka panjara, jeung sajabana. Yusup ngarasa sedih jeung nalangsa. Tapi ieu kasangsaraan henteu matak Yusup jadi jalma jahat.

Tiasa wae Yusup ngabales kajahatan dulur- dulurna, sabab sagala kasangsaraanana lumangsung alatan kalakuan aranjeunna. Nanging Yusup milih ngahampura sarta mikanyaah ka dulur-dulurna (Kajadian 50:20-21). Ku naon pangna Yusup tiasa kitu? Aya dua alesanana.

1. Yusuf henteu neuteuli

Upami urang merhatikeun Kajadian 50:15-18, waktu dulur-dulurna nyoba menta welas asihna, sanajan make ngaran bapana, Yusup teu ambek atawa kuciwa. Malah Yusup ceurik sarta ngarasa rada sedih. Ieu nembongkeun yen anjeunna henteu ngunek- ngunek.

Sikep Yusup luar biasa. Padahal tiasa wae anjeunna ngunek-ngunek. Tapi Yusup mah henteu kitu, sabab hatena henteu ngunek- ngunek.

Sikep Yusup maparin pangajaran ka urang yen paketrok mah so kaya wae dina hirup kumbuh jeung batur. Pagetreng dina kulawarga nu hiji jeung nu sejen, pon kitu deui anatara salaki jeung pamajikan. Tapi sua ngunek- ngunek mah pilihan. Naon anu dilampahkeun ku batur ka urang, henteu kedah jadi emutan pikeun ngabales.

Kumaha sareng para pamaos Langlang Mitra nu satia? Memang henteu gampil, tapi upami urang niat, tangtu bisa. Yusup mah manusa biasa kawas urang, jadi upami Yusup sanggup, tangtu urang oge bisa. Ulah dugi ka tetep nyimpen kanyeri dina hate, ku jalaran kitu urang bisa ngabales ku kasaean sanajan lampah batur ka urang teh teu adil.

2. Yusuf henteu ngunghak wewenang Gusti Allah

Saur Yusuf berkata, “Ulah sieun ku kuring. Kuring moal ngangkat diri jadi Allah.” (Kajadian 50:19). Sikep anu luar biasa. Kakawasaanana anu luhung di tanah Mesir henteu ngajantenkeun anjeunna agul sarta saolah-olah anjeunna jadi Gusti. Sangkilang ku dulur-dulurna dipikangewa tur disiksa, Yusup henteu gaduh emutan pikeun ngahukum aranjeunna. Yusup estu ngartos yen hukuman mah wewenang Gusti Allah.

Cariosan Yakub, ramana Yusup, oge sami. Harita Rahel, pamajikanana timburu sarta niat rek maehan maneh jalaran gabug (Kaj. 30:1-2). Yusup seueur diajar ti ramana, yen teu aya niat ngunghak wewenang Gusti Allah. Ngabales kajahatan jalmi mah kawenang Gusti Allah (Pamindo 32:35-36). Eta sababna nalika urang milampah hal dina raraga ngunek-ngunek, hartina ngahina sarta ngarampas hak Gusti Allah.

Yusuf sadar yen Gusti Allah uninga kana unggal kajadian boh nu sae boh anu henteu. Saurna, “Enya bareto kuring ku aranjeun dicilakakeun. Tapi ku Allah geus dibalikkeun jadi pitulung, sangkan kuring bisa nyambung umur sanak baraya anu sakitu lobana, nya geuning ayeuna bukti aranjeun bararisa keneh hirup. Nya ti dinya lantaranana” (Kajadian 50:20).

Gusti Allah iasa ngasilkeun kahadean tina kaayaan anu awon. Gusti tangtos mirosea, hamo ngantep ka umat-Na. Mantenna ngatur sangkan janten sae. Dulur-dulur Yusup ngahaja milampah kajahatan. Tapi balukar tina eta kajahatan teh ku Gusti dijantenkeun kasaean kanggo Yusup. Naon anu dilampahkeun ku dulur-dulur Yusup saleresna dianggo ku Gusti pikeun ngawujudkeun rancangan Mantenna anu agung.

Atuh pangalaman Yusup tiasa janten pangemut ka urang yen numutkeun pangersa Gusti Allah mah kajahatan batur ka urang teh kedah dibales ku kasaean. Nu mawi upami aya jalma anu milampah kajahatan ka urang, hartina aranjeunna nuju ngalaksanakeun rancangan Gusti Allah kanggo urang. Aranjeunna nuju “ngupayakeun” kahadean keur urang, antepkeun wae bari gumujeng.

Diajar tina pangalaman hirup Yusup, hayu urang jaga hate urang kalayan taliti. Aya babasan, “Manuk hiber di luhureun hamo bisa dicaram, tapi ku urang bisa diusir lamun rek eunteup dina mastaka urang.”

Ku jalaran kitu, para pamaos, hayu urang nulad ka Yusup. Anjeunna henteu neuteuli atanapi ngunek-ngunek. Sabalikna ngabales kajahatan lanceuk-lanceukna ku sikep anu amis budi.

Yusup ngabales kajahatan dulurna ku pitulung anu kalintang ageungna. Upami kitu mah tangtos urang tiasa janten pribadi anu kiat sarta dipercaya ku Gusti pikeun tanggung jawab anu ageung, nyaeta berkah anu balabah, berkah pikeun bangsa-bangsa. Gusti Yesus ngaberkahan.


Ku: Kang Wandi