Rohang Istri
Dina saban taun unggal bulanAgustus sakumna bangsa Indonesia sok ngayakeun rupa-rupa acara pikeun mieling kamerdekaan. Pon kitu oge di desa Sukabungah keur tatan-tatan ngararancang acara anu rek diayakeun.
Harita wanci tunggang gunung kaom istri geus karumpul di balandongan RT, anu diluluguan ku Lastri sapara kanca. Pok Lastri ngamitian nyarita, “Hatur nuhun palawargi anu parantos kempel. Dinten ieu sim kuring dipaparin pancen ku pak RT kanggo ngadugiken rarancang acara mieling kemerdekaan anu baris dilaksanakeun minggon payun.”
“Kapungkur henteu sakedik para pahlawan anu parantos rela ngorbankeun jiwa sareng ragana,” ceuk Ratna. “Aranjeunna iklas dugikeun ka ngocorkeun getih kanggo ngabela bangsa sareng negara supados leupas ti para panjajah.
“Ayeuna urang parantos bebas merdeka,” ceuk Lastri, “hayu urang nulad kana sikep para pahlawan, ku margi seueur keneh jalmi-jalmi anu nuju ngaraos dijajah hirupna ku alatan ekonomi, panyawat, sareng rupi-rupi masalah sanesna.”
Lastri umajak ka warga desa, utamina kaom istri, ngayakeun baksos (bakti sosial). Rencanana mah bade ngadamel 20 kantong sembako anu engkena dibagikeun ka para pahatu sareng sepuh-sepuh anu parantos nunggelis.
“Carana, urang udunan, lajeng artosna dikempelkeun, saparantos ngempel nembe urang balanjakeun saluyu sareng kaperyogian,” ceuk Lastri. “Sim kuring disarengan ku Teh Ratna sareng Ceu Edoh anu baris ngabantos nyatet saha wae anu ku urang kedah dibagi atanapi naon wae anu kedah dipeser.”
“Kumaha palawargi satuju?” tanya Lastri jeung Ratna meh bareng.
“Satujuuuu...,” sadaya nu hadir ragem nembalan.
Sanggeus rengse gempungan tuluy balubar. Kajaba anu tiluan, Lastri, Ratna jeung ceu Edoh masih neruskeun babadamian.
Lastri nyarita ka Ratna, “Rat, ayeuna urang nyatetkeun heula saha wae anu baris dibagi sembako sareng naon wae anu bade dipeser.”
“Siap,” ceuk Ratna bari nyiapkeun buku catetan jeung bolpen.
“Tah, engke ‘pami tos jelas nembe ceu Edoh balanja,” ceuk Lastri deui.
“Enya, bereslah urusan balanja mah serenkeun we ka Euceu,” ceuk Edoh.
“Pasti eta mah, Ceu,” ceuk Lastri bari nyerengeh, “nu mawi ngajakan ceu Edoh ge, da apal seueur pangalamanana.”
“Yeuh, kieu nya, engke mun geus kumpul duitna, urang balanja anu samurah- murahna ngarah meunang bati anu loba,” ceuk Edoh.
“Haaaar... ari Euceu, naha bet kitu?” ceuk Lastri jeung Ratna heran jeung reuwas ngadenge kitu.
“Nya teu nanaon atuh... da nu sejen mah teu arapaleun iyeuh,” tembal Edoh bari rada kerung, “pan urang teh ngurbankeun waktu, tanaga, pikiran ... nya wajar lamun urang meunang untung.”
“Muhun, Ceu, kituna mah,” ceuk Lastri nerangkeun, “tapi urang oge kedah emut pan naon rupi nu dipidamel ayeuna teh pikeun ngeusi kamerdekaan sanes kanggo milari kauntungan.”
Ratna oge milu mairan kana omonga Lastri, “Muhun, sakedahna urang langkung sae deui, margi gaduh tuladan anu saestu nyaeta Gusti ku Manten parantos ngorbankeun salira- Na sangkan urang bebas tina kawasa dosa.”
“Janten kumaha, Ceu ... kersa mangbalanjakeun, sanaos henteu kenging untung?” tanya Lastri.
“Aya pitutur tina Siloka, kieu: Jalma hade ditungtun ku kajujuran. Jalma curang bakal cilaka ku curangna,” ceuk Ratna, “ayeuna unggal jalma kantun milih, bade janten jalma anu kumaha? Temahna urang keneh anu baris nampina.”
Ceu Edoh dikitukeun ku Ratna jeung Lastri teh rada ngahuleng bari kaisinan. Pok nembalan, “Muhun eta oge leres pisan, da tadina oge Euceu mah sanes bade teu jujur, mung bade ngamangpaatkeun kasempetan kanggo usaha.”
“Aaah, si Euceu mah aya-aya wae,” ceuk Ratna bari seuri. “Hayu ayeuna mah urang nyatetkeun nami-nami jalmi anu baris dibagi, sareng barang-barang anu bade dipeser, kalayan disarengan ku hate anu ihlas tur jujur. Supados sagala rupi anu dipidamel tiasa didugikeun ka warga teh saujratna.”
“Enya bener pisan Rat kudu kitu,” ceuk Lastri, mancegkeun pamadegan Ratna. “Sajaba ti eta oge masih keneh aya pieunteungeun keur urang nyaeta, paripolahna ibu Sapirah, ku sabab teu jujur waktu mawa seba tina hasil ngajual tanahna.”
“Temahna matak paregat nyawa apan harita,” ceuk Ratna nyambungan, “samemehna meunang pangweweleh heula ti Ki Rasul. Manehna teu jujur. Malahan Ki Rasul negeskeun laku lampah nu teu jujur teh sarua jeung ngadoja Roh Gusti.”
”Nu matak, poma urang mah ulah nepi ka kitu,” Lastri mungkas caritaanana.
Ceu Edoh anu tadi keur ngabandungan, rada balaham belehem nembalan, “Enya, nya, bener pisan. Euceu kakara inget deui kana carita eta, eeeey, mani ngeraiii pisan nya .... Ari kitu mah ayeuna Euceu rek saujratna we ah, keueung,” ceuk Edoh.
Ku: Saidah