TOKOH TULADAN
NICKY CRUZ: JALMA DOSA NU DIROBAH
Saha Nicky Cruz teh?
Anjeunna dilahirkeun 6 Desember 1938 di San Juan, di nagara Brazil. Anjeunna teh pangwawar Beja Kabungahan anu kasohor di dunya; ngadegkeun Yayasan Nicky Cruz Outreach, pikeun pangwawaran Beja Kabungahan; jeung sababaraha palayanan lianna.
Kasang tukang kahirupan Nicky
Nicky tumuwuh di salasahiji wewengkon ‘nu poek’ di San Juan. Kolotna teh tukang ngalakonan Brujería, basa Sepanyol, hartina sihir. Sacara mental mah anjeunna teh dikaniaya ku kolotna, atuh dilandina oge ‘anak setan’.
Tanggal 1 Januari 1955, yuswa 16 taun, Nicky dikirim ku kolotna ka lanceukna nu matuh di kota New York. Tuluy dipindahkeun ka Brooklyn, Nicky hirup kumbuh di komplek perumahan bareng jeung leuwih ti 30,000 urang Puerto tur urang Amerika anu harideung kulitna.
Kahirupan jaman harita kacida susahna. Anjeunna tuluy ngagabung ka gorombolan nu disebut Mau-Maus. Sanggeus genep bulan ngagabung, Nicky kapilih jadi pamingpinna. Ahirna ieu gorombolan jadi kasohor tur paling dipikasieun di sakuliah kota New York.
Samemeh masrahkeun hirupna ka Gusti Yesus Kristus, Nicky ngaku yen anjeunna ditakdirkeun pikeun ‘panjara, korsi listrik, jeung naraka’. Anjeunna kasebut jalma anu teu pantes dipikaasih ku jalma rea, ku kolotna anu ngalakonan elmu sihir, komo deui ku diri sorangan.
Pertobatan
Teu lila ti harita, saurang badega Gusti, ngaranna David Wilkerson ngawawarkeun dawuhan Gusti di lingkungan Nicky Cruz. Anjeunna nyaritakeun yen Gusti Yesus kalintang mikaasihna ka Nicky sarta asih-Na teh keur salalamina. Eta badega Gusti teh kalah ditampiling ku Nicky bari diancam rek dipaehan.
Wilkerson neuteup ka Nicky tuluy pokna, “Bisa wae hidep ku kuring dikeureutan jadi sarebu lembar, tapi unggal lambarna masih tetep dipikanyaah ku Gusti, sabab hamo aya anu bisa maehan kaasih, jalaran Gusti Allah mah sipat asih.”
Sorena kurunyung eta badega Gusti ngadatangan markas Mau-Maus pikeun nyaritakeun deui wawaranana, heg ditampiling deui ku Nicky. Tapi bapa Wilkerson ukur mesem, tuluy Nicky didoakeun.
Dua minggu ti harita, Wilkerson ngawawarkeun deui Beja Kabungahan di eta wewengkon. Barang meunang beja kitu, Nicky boga niat rek mere ‘palajaran’ ka eta badega Gusti. Anjeunna ngajakan sababaraha anggota gorombolanna, jung indit kana beus husus anu disadiakeun ku Wilkerson.
Nalika Nicky dugi ka tempat acara, anjeunna ngarasa kaduhung kana laku lampahna, bruk bae sujud ngadoa. Sanggeus rengse ngadugikeun dawuhan Gusti, bapa Wilkerson maparin pancen ka Mau-Maus purah ngumpulkeun persembahan.
Jleng bae Nicky luncat tina bangku, jung mingpin balad-baladna ngumpulkeun persembahan. Anjeunna reuwaseun ku kanyataan yen masih keneh dipercaya ku batur. Sanggeus beres, song kantong persembahan teh disanggakeun ka bapa Wilkerson dina panggung, hareupeun jalma rea.
Sanggeus eta bapa Wilkerson maparin kasempetan, pokna, “Kanggo sing saha anu hoyong didoakeun tur nampi Gusti Yesus salaku Jurusalamet sacara pribadi, mangga ka payun.” Nicky jeung baladna ngalabring ka parayun.
Heg ku bapa Wilkerson didoakeun. Nicky ngaku dosa sarta neda hampura ka Gusti tina sagala lampahna anu geus ngaraheutkeun manah Gusti.
Poe isukna jung Nicky jeung sababaraha baladna ngajugjug ka kantor pulisi. Aranjeunna masrahkeun sakabeh pakarang paranti milampah kajahatan, sarupa ning peso, pestol, jeung batu-batu.
Tuluy Nicky mimiti diajar di Sakola Alkitab. Anjeunna ngawawarkeun Beja Kabungahan ka lingkungan heubeulna pikeun nulungan sababaraha anggota Mau-Maus, kalebet pamingpin anyarna, Israel Narvaez.
Palayanan Nicky Cruz
Nicky geus ngumbara ka sakuliah dunya ngalayanan jutaan jalma, langkung ti 50 taun. Anjeunna geus nulis 17 buku anu tujuanana pikeun mangaruhan para rumaja anu aya masalah hirup, sarta geus diruksak ku kajahatan, narkoba, jeung kahirupan geng.
Taun 1991 Nicky gawe bareng jeung anak awewe sarta minantuna pikeun ngabewarakeun Beja Kabungahan ka mana- mana, utamana ka masarakat anu tacan wanoh ka Gusti Yesus. Aranjeunna ngadegkeun lembaga nu dingaranan TRUCE, pikeun ngabewarakeun Beja Kabungahan di kota-kota.
TRUCE ngawawarkeun Beja Kabungahan make seni anu kawentar di masarakat kota kaasup rap, hip hop, R&B, sacara lisan, oge teater, jeung tari. Aranjeunna oge gawe bareng jeung jamaah lokal pikeun ngalatih para jamaah dina ngabagi iman, sarta nuyun kaom muda ka jalan Gusti.
Salian ti eta, TRUCE oge ngumpulkeun kaom muda ti sakuliah Amerika. Lolobana anu asalna ti kulawarga tur lingkungan anu loba masalah. Kaom muda teh ditungtun kalawan kanyaah Kristus sarta dialajar Alkitab. Aranjeunna negeskeun ka para kaom muda yen Gusti Yesus mikaasih ka aranjeunna pon kitu oge ka kaum muda di sakuliah dunya.
Para pamingpin nasional di sakuliah dunya baringungeun milari bongbolongan pikeun mupus kekerasan di kaom muda. Ku sabab pangalaman hirup tur kamampuh karangkul kaom muda, Nicky sering diulem ku para pamingpin di sakuliah dunya. Kaom muda di kota babari wanoh ka anjeunna, sarta bisa ngawangun kapercayaan tur muka hate kana bewara anu didugikeun.
Pikeun Lenyepaneun
Kahirupan Nicky Cruz geus dirobah ku Gusti, ti dunya anu poek ka nu caang. Budak anu leutikna susah, gedena jadi tukang ngabarontak. Tapi sanggeus anjeunna tepang sareng Gusti Yesus, hirupna dianyarkeun.
Nicky ditepangkeun ka Gusti Yesus ku bapa David Wilkerson. Ieu sanes ku kaagungan Wilkerson, tapi estu jalaran kakawasaan Roh Suci anu parantos ngarobih hirup Nicky. Ahirna Nicky jadi badega Gusti nu ngawawarkeun Beja Kabungahan.
Patarosanana ka urang, naha urang geus ngalaman hirup sinareng Gusti? Panginten kiwari urang keur hirup dina borogod dosa. Masing emut yen Gusti Yesus ngantosan urang. Panginten urang geus diemutan ku mitra atanapi hal sanes sangkan ngadeuheus ka Mantenna.
Ayeuna waktuna urang dibebaskeun tina borogod dosa, sangkan jadi jalma merdika. Kieu ungelna dawuhan Gusti Yesus, “Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun.” (Mateus 11:28). Amin.
Disadur tina sababaraha sumber ku: Bp. D. Sunhadi, S.Th.