Saha di antawis para pamaos anu nuju mayunan hal-hal anu poek, sarupaning kahariwang keur mangsa jaga? Hariwang mayunan pimaoteun?
Atanapi paramaos hariwang mayunan pangabutuh ekonomi anu beuki dieu beuki beurat? Aya anu nuju mayunan rupa-rupa panyakit? Rupa-rupa kahariwang tumiba ka seueur jalmi anu tiasa moekkeun pikiran di mangsa kiwari.
Naon anu kedah dipilampah ku urang? Beja jeung beja geuningan bewara nu katampi sanes bewara anu hade, anu matak pikabungaheun, tapi malah seuseueurna anu goreng jeung matak ngarentagkeun hate wungkul. Jalan poekkeun, pikiran oge jadi milu baluweng.
Paramaos, aya hiji jalan anu caang hibar, anu tiasa nyaangan jalan lalumaku umat manusa. Kumaha sangkan jalan hirup urang nu keur disorang teh terus dicaangan ku PANGERAN?
Upami jalan dicaangan ku PANGERAN, naon bae anu dipilampah pasti bakal lungsur langsar, sanaos mayunan masalah. Aya sabaraha perkawis sangkan jalan hirup urang dicaangan ku PANGERAN. Dina ieu pedaran mung bade dibahas dua hal.
Gusti teh sumbering caang (2 Samuel 22:29). Upami hirup urang hayang aya dina caang, tangtos urang kedah raket sareng PANGERAN, sanaos henteu gampil. Ku margi aya jarak anu misahkeun antawis urang sareng Mantenna, nyaeta dosa.
Dosa ngabalukarkeun manusa pisah ti PANGERAN. Samemeh manusa tigebrus kana dosa, kaayaanana estu genah merenah tumaninah sarta dibulen ku kamulyaan PANGERAN tur hirup raket sareng Mantenna. Tapi manusa dikawasaan ku dosa ti saprakna tigebrus kana dosa anu dimimitian ku bapa Adam sareng ibu Hawa (Kajadian 3). Naon bae nu dipilampah mindeng pisan ngadatangkeun pidosaeun sarta beuki jauh ti
PANGERAN.
Manusa geus satekah polah usaha ngaleupaskeun diri tina kawasa dosa sarta milari Gusti sangkan bisa raket deui jeung PANGERAN. Hanjakalna tarekah manusa mubadir sadayana.
Upami urang hoyong hirup raket deui sareng PANGERAN, kedah gentos status. Anu tadina jalmi dosa kedah janten jalmi suci, sanaos henteu gampil. Jalmi mah pamohalan bisa suci ku usaha sorangan, sabab geus dikawasaan ku dosa, jadi badega dosa.
Kumaha carana sangkan urang tiasa ngarobih status di payuneun PANGERAN? Sih kurnia PANGERAN maparinan jalan kaluarna keur urang sadaya sangkan status urang tiasa robih.
Cara ngarobih status nyaeta ngalangkungan percaya sareng nampi Gusti Yesus salaku Gusti sareng Jurusalamet sacara pribadi. Hal ieu saluyu sareng Kitab Suci anu
dicutat dina Yohanes 1:12, kieu ungelna: Tapi loba oge anu narima jeung palercaya ka Anjeunna (Gusti Yesus) teh; jelema-jelema anu kitu ku Anjeunna dipaparin hak jadi putra-putra Allah.
Jadi upami urang percaya sarta nampi Gusti Yesus, status urang dirobih janten putra- putra Allah. Ieu status anu kalintang raketna sareng PANGERAN, sapertos putra ka rama, parantos ngahiji deui sareng PANGERAN salaku sumbering caang.
Tangtos hirup urang oge aya dina caang PANGERAN. Ayeuna mah aranjeun anu lain bangsa Yahudi teh lain bangsa sejen deui, geus papada jadi warga umat Allah, jadi anggota-anggota kulawarga Allah (Efesus 2:19).
Nalika urang parantos janten putra-putra Gusti, aya perkawis anu kedah janten perhatosan urang, nyaeta kataatan urang ka Gusti Allah salaku Rama urang. Pentingna urang nuturkeun panuyun PANGERAN sangkan bener-bener bisa ngalaman kamerdekaan sajati di lebet Gusti.
Urang henteu dijajah deui ku kawasa dosa, bisa hirup dina kasucian sarta dituyun ku Roh PANGERAN (Galata 5:22-23, 25). Sami
halna sepuh gaduh putra, aya nu nurut, aya oge anu bedegong. Putra nu bedegong pasti seueur nanggung resikona.
Gusti henteu miharep putra-putra-Na sasab sarta meunang bancang pakewuh dina hirupna. Putra anu nurut sarta taat ka rama pasti baris teras aya dina panalingaanana. Naon nu rek dihontalna baris gancang kacumponan sabab aya dina jalan anu kacaangan ku PANGERAN.
Ku sabab kitu sangkan manusa henteu sasab sarta meunang bancang pakewuh, PANGERAN maparin panuyun ngalangungan pangandika-Na. Pangandika Gusti saibarat Goegle Map anu nuyun jurumudi anu henteu apal pijalaneneun.

Hal eta diebrehkeun deui ku raja Daud anu dicutat tina Jabur 119:105, kieu ungelna: Pangandika Gusti teh lampu pikeun abdi, sinar caang nu nyaangan jalan abdi. Jadi upami pijalaneun urang hoyong dicaangan ku PANGERAN, hayu urang tuturkeun panuyun-Na ngalangkungan pangandika-Na. Saha di antawis urang nu rajin ngaos atanapi ngadangukeun embaran Kitab Suci?
Jadi beja kabungahan perkawis kumaha cara urang bisa hirup dina caang nyaeta kudu percaya ka Gusti Yesus sangkan status urang robih, tina budak dosa janten putra-putra Gusti Allah. Upami urang janten putra-putra- Na, eta hartosna Gusti Allah teh salaku Rama urang, mintonkeun hiji status anu ngagaduhan hubungan anu kacida raketna.
Naon status saderek di payuneun PANGERAN danget ayeuna? Naha saderek masih keneh ngarasa jauh ti PANGERAN? Hayu percaya sarta ngangken Gusti Yesus salaku Gusti sareng Jurusalamet sacara pribadi. Sanggeus kitu urang kedah nuturkeun sadaya panuyun-Na sangkan tetep hirup dina caangna PANGERAN.
Hirup nuturkeun panuyun-Na, taat numutkeun papakon-Na anu dipaparinkeun ka urang. Papakon-Na tiasa katampi ngalangkungan pangaosan Kitab Suci atanapi nampi pangajaran anu numuwuhkeun karohanian iman urang.