Para pamaos tangtos moal bireuk deui kana tutuwuhan anu disebutna lidah buaya (basa deungeunna: Aloe vera), sapertos anu katembong dina gambar. Tapi panginten aya pamaos anu tacan apal ti mana asalna sarta rupa-rupa mangpaatna.
Lidah buaya asalna ti jajirah Arab, terus nyebar ka sakuliah dunya anu iklimna tropis, contona di nagri urang, daerah anu semi-tropis, jeung nu iklimna garing. Tuwuhan lidah buaya seueur dianggo dina pertanian, dina kadaharan pikeun ubar, oge jadi pepelakan pikeun di taman nyaeta sok dipelak dina pot.
Ieu teh tutuwuhan anu seueur mangpaatna. Lidah buaya sok dianggo dina inuman, olesan kanggo kulit, kosmetika, atawa ubar nu dioleskeun kana raheut alatan kaduruk. Di handap ieu baris dipedar sababaraha mangpaat lianna tina lidah buaya.
1. Dioleskeun kana kulit nu garing
Lidah buaya dioleskeun kana kulit anu garing, ku sabab aya mineral, enzim, antioksidan, vitamin A, vitamin C, jeung vitamin E. Ku kituna kulit jadi beueus.
2. Ngaleungitkeun jarawat
Tina panalungtikan kabukti yen lidah buaya mangpaat pikeun ngaleungitkeun jarawat, sabab aya kandungan asam salisilat jeung antiseptik lianna. Ku kituna bakteri anu nyababkeun ayana jarawat bisa dileungitkeun. Dioleskeunana unggal isuk jeung sore, bisa oge dibarengan ku nginum ubar ti dokter.

3. Ngaleungitkeun kotombe
Oleskeun lidah buaya kana kulit mastaka 2 dugi ka 3 kali saminggu. Antep heula 30 menit dugi ka sajam samemeh dikuramas, supaya kotombena leungit. Tina panalungtikan kabukti yen lidah buaya bisa ngabeueuskeun kulit, sangkan henteu garing tur babari raheut; kotombe jadi ngurangan.
4. Nurunkeun kadar gula darah
Lidah buaya bisa oge jadi ubar diabetes, atawa nu sok disebut kasakit gula. Panalungtikan ngabuktikeun yen upami ngadahar ekstrak lidah buaya unggal poe, bisa ngabantu nurunkeun kadar gula darah tipe 2. Tapi memang kudu atiati, supaya ulah dugi ka ngagejlog, jadi turun pisan, nyaeta kaayaan anu disebut hipoglikemia.
5. Ngurangan kolesterol
Lidah buaya anu geus diolah jadi suplemen oge mangpaat pikeun nurunkeun kadar kolestrol. Sababaraha panalungtikan mintonkeun yen ngadahar suplemen lidah buaya bisa nurunkeun kadar trigliserida sarta ningkatkeun kadar kolesterol nu saena (HDL).
6. Ngalancarkeun miceun
Mangpaat lidah buaya pikeun ngalancarkeun miceun geus ti baheula keneh. Tapi memang kudu ati-ati, sabab bisa-bisa kalah jadi miceun wae tur nyeri patuangan.
Diropea ku Redaksi LM, tina sababaraha sumber.
