Warga kampung Sukamaju geus teu bireuk deui ka Abah Darsa, jalaran sikepna nu jadi conto keur jalma rea. Meh unggal jalma anu aya masalah, sok menta pitulung ka Abah Darsa supaya meunang bongbolongan.
Abah Darsa mah loba kanyaho, malum we da keur ngorana sering mancen damel ka mana-mana. Tapi najan kitu, jalmana henteu adigung, malah katelah handap asor. Gaulna ka saha wae, tara pipilih.
Hiji mangsa Soni jeung Riki nganjang ka imah Abah Darsa, sabab geus lila tara panggih. Anu jadi lantaranana nyaeta Soni jeung Riki sakola di luar kota.
“Sampurasun... Abah Darsa...,” ceuk Soni.
“Rampeees, mangga ka lebet,” tembal Abah Darsa bari mukakeun panto.
“Kumaha... damang, Bah?” tanya Riki, paromanna mani marahmay.
“Puji Gusti... pangesto... sae Abah mah,” tembal Abah Darsa bari uluk salam. “Kumaha yeuh Soni jeung Riki? Saprak hidep sakola di dayeuh, tara panggih jeung Abah.”
“Puji Gusti, sae, Bah,” tembal Soni jeung Riki meh bareng. tanya Abah Darsa.
“Abah bungah, hidep bisa sarakola di paguron luhur, pikeun ngahontal cita-cita,” ceuk Abah Darsa, “tapi nu pangpentingna mah, hidup teh kudu jadi caang, jadi tuladan nu hade di mana wae.”
“Muhun, Bah, abdi jeung Riki, sok inget wae kana pituah Abah,” ceuk Soni mani sumanget.
“Sumuhun, Bah, abdi moal hilap kana nasehat Abah,” ceuk Riki, “tapi jujur, Bah, hirup jadi caang, jadi tuladan nu sae teh geuning susah. Kadang abdi sok rada mikir upami bade nulungan batur teh.”

“Kabeh oge butuh proses, Son, Ki,” ceuk Abah Darsa, “kudu leukeun tur satia, sarta taat kana dawuhan Gusti.”
Abah Darsa mamatahan yen sing saha anu satia milampah hirup saluyu jeung pangandika Gusti, masing keur ripuh atawa keur susah, bakal ditangtayungan ku caang Mantenna. Ku jalaran kitu hirup jalma anu satia tuhu ka Gusti bakal dituyun ku Mantenna, moal titajong kana kajahatan.
“Cahya Gusti wuwuh caang, kokotor dosa anu aya dina diri urang bakal kaboker,” ceuk Abah Darsa, “tapi ku sabab urang rumaket ke Mantenna, jadi bisa tobat sarta tereh dibersihkeun ku Gusti. Nu mawi kudu hirup rumaket ka Gusti.”
“Kahartos pisan, Bah,” ceuk Riki, “jadi, supaya gaduh caang hirup, urang kedah rumaket ka Gusti.”
“Bener,” ceuk Abah Darsa, “dawuhan Gusti, kieu ungelna: Lalampahan jelema anu satuhu, saibarat srangenge medal, beuki beurang beuki caang.”
Para pamaos, ieu pedaran bade ngabahas kahirupan jalma anu satuhu sareng pangandika Gusti. Hirupna tangtos janten berkah keur batur, sabab hirupna nu jadi caang teh tiasa langkung caang deui ku margi teras mintonkeun kaasih Gusti keur sasamana, sarta Gusti Allah anu dimulyakeun. Sumangga para pamaos neraskeun maca kaca-kaca salajengna.