Dina kahirupan sadidinten, urang pasti bakal mayunan masalah. Salami urang kumelendang di alam dunya pasti bakal dipayunkeun kana sagala masalah. Ayeuna kumaha cara urang mayunan sarta ngarengsekeun masalahna.
Aya jamaah Mang Onyon anu kapungkur ngagaduhan masalah sakitu abotna. Tapi ku pitulung Gusti, masalah eta jamaah bisa direngsekeun kalayan nyugemakeun.
Naon anu jadi cukang lantaran eta masalah bisa rengse? Ku margi eta jamaah gumantung ka Gusti kalayan sagemblengna.
Jamaah anu geus dibantos ku Mang Onyon teh ngaranna Mang Dirga. Ayeuna kahirupan Mang Dirga beuki maju bae sacara rohaniah pon kitu deui sacara jasmaniahna.
Mang Dirga memang jadi jamaah anu sakitu taatna kana Pangandika Gusti. Anjeunna oge satia diajar pangandika Gusti ka Mang Onyon.
Dina hiji sore Mang Onyon patepung jeung Mang Dirga di kebon jagong. Kabeneran di eta kebon aya saungna, atuh duanana aratoh sarta ngawangkong di saung di kebon jagong. Mang Onyon naros ka Mang Dirga kumaha parasaan Mang Dirga ayeuna sanggeus dilalayanan ku Mang Onyon.

“Kumaha parasaan Mang Dirga ayeuna sanggeus Mang Dirga hirup rumaket sareng Gusti?” tanya Mang Onyon ka Mang Dirga bari imut.
“Duh, Mang, bentenna tebih pisan,” tembal Mang Dirga.
“Kumaha maksadna?” tanya Mang Onyon panasaran.
“Samemeh wanoh sareng Gusti mah mun aya masalah teh hoyongna ambek jeung aral bae,” tembal Mang Dirga, “sakapeung mah sok hayang maehan maneh bakat ku teu kiat nandangannana.”
“Euleuh…!” Mang Onyon mani reuwaseun.
“Komo upami masalahna teu lirenliren mah asa hayang leungit weh ti ieu dunya teh,” Mang Dirga ngajelaskeun. “Kapungkur upami abdi aya masalah, barudak oge jadi sasaran kaambek sareng kakeuheul abdi, nya aranjeunna anu sok disalahkeun ku abdi.”
“Watir atuh barudakna,” ceuk Mang Onyon.
“Nu mawi, Mang, akibatna barudak janten sarieuneun sareng ngarewaeun ka abdi,” ceuk Mang Dirga, “teu jarang barudak sareng pun bojo nyareri hate ku abdi, alatan abdi teu tiasa nahan amarah, unggal aya masalah anu dipayunan ku abdi.”
“Tah, ari ayeuna kumaha saparantos Mang Dirga wanoh ka Gusti? Naha masih keneh siga baheula gede ambek jeung murang maring ka saha bae?” tanya Mang Onyon deui.
“Tah, ayeuna mah benten atuh Mang,” tembal Mang Dirga bari seuri ka Mang Onyon.
“Kumaha bentenna, Mang Dirga?” tanya Mang Onyon deui.
“Waktu patepang jeung Mang Onyon, heg ditaros ku naha kuring hayang ngarasakan sarta nampi hirup anu sukabungah tur hirup anu langgeng,” Mang Dirga terus nyarita.
“Enya,” ceuk Mang Onyon singket.
“Harita kuring kataji pisan ku hirup anu sukabungah jeung hirup anu langgeng,” Mang Dirga neruskeun caritana, “Saterasna Mang Onyon medar kumaha kaayaan jalma di ieu dunya, yen sadaya jalma geus dosa geus kaicalan kamulyaan Gusti.”
“Bener,” ceuk Mang Onyon.
“Saur Mang Onyon harita yen jalma geus teu walakaya teu bisa nanaon,” ceuk Mang Dirga, “tapi Gusti anu Maha Kawasa, asiheun pisan ka manusa, dugi ka Mantenna maparin jalan, sangkan manusa iasa salamet ku jalan anu disayogikeun ku Gusti tea.”
Saha-saha jalma anu percaya sarta nampi Gusti Yesus, pasti salamet sarta kenging hirup anu langgeng. Mang Dirga ditanya ku Mang Onyon, naha kersa nampi sihkurnia Gusti, kersa ditulungan sarta disalametkeun ku Gusti Yesus? Harita oge Mang Dirga langsung ngawaler, kersa nampi sihkurnia Gusti sarta nampi Gusti Yesus salaku jurusalamet pribadina.

Saparantos kitu Mang Dirga teras diajar sareng Mang Onyon, kumaha carana hirup jadi putra Gusti. Alhasil sanajan geus percaya ka Gusti, masalah mah henteu ngirangan, malah tambih seueur.
“Anu ngabentenkeunana, kapungkur mah ari aya masalah teh dibereskeun ku kakiatan nyalira anu hengker,” ceuk Mang Dirga, “ayeuna mah upami aya masalah langsung nyuhunkeun tulung ka Gusti anu pasti sayogi maparin pitulung ka sakur umat anu nyambat ka Mantenna.”
Leres saur Pangandika Gusti anu kieu ungelna: “Kami tangtu nyapa ka jalma anu ngandelna ka manusa sarta ngandel kana kakuatan sorangan. Sabalikna Kami tangtu ngaberkahan ka sakur jalma anu ngandel ka Kami.” (Yermia 17:5, 7).
“Ngalangkungan pangandika Gusti, abdi diemutkeun yen abdi mindeng nganggo kakiatan nyalira dina ngarengsekeun sagala masalah, henteu gumantung ka Gusti,” ceuk Mang Dirga, “kakiatan nyalira anu hengker tea, hasilna oge teu sae, sabalikna masalahna kalah ka langkung ageung deui. Tapi saparantos wanoh ka Gusti, abdi sadar sarta janten isin yen abdi saleresna teu tiasa nanaon.”
Mang Onyon kacida bungahna ngadangu katerangan Mang Dirga. Anjeunna kersa nampi sihkurnia Gusti, nampi jalan anu disayogikeun ku Gusti.
“Tah, Mang Dirga, Gusti jangji, yen sing saha anu kersa nampi sihkurnia ti Mantenna, bakal kenging hirup anu langgeng,” ceuk Mang Onyon.
Jangji Gusti: saha bae anu kersa nampi sihkurnia Gusti bakal kenging hirup anu langgeng. Salami aranjeunna kumelendang di alam dunya, Gusti jangji baris ngariksa sarta nyarengan ka aranjeunna dugi ka ahir jaman.

Ieu jangji anu luar biasa kanggo sadaya jalmi anu kersa nampi sihkurnia Gusti sareng nampi jalan kasalametan anu tos disayogikeun ku Gusti. Gusti oge jangji baris maparin mangsa ka payun anu pijamugaeun, sanes picilakaeun.
“Mang Dirga tos nampi sihkurnia Gusti. Ku margi kitu Mang Dirga baris nampi sagala berkah ti Gusti, boh berkah jasmaniah pon kitu oge berkah rohaniah,” ceuk Mang Onyon, “ayeuna Mang Dirga tos ngaraoskeun kumaha jangji Gusti anu luar biasa eta dicumponan dina kahirupan Mang Dirga danget ayeuna.”
Memang kataji ku Mang Onyon anu sacara husus merhatoskeun kahirupan Mang Dirga. Hirupna makin dinten makin sae, diberkahan sacara jasmani jeung rohani.
“Lamun dina kahirupan urang sapopoe mah tadina masih poek, terus bray-brayan nepi ka caang, beuki beurang beuki caang, gumantung ka saha urang ngandelna,” ceuk Mang Onyon, “tah, siga kitu kahirupan Mang Dirga anu katingali ku kuring mah, sabab Mang Dirga ngandel ka Gusti.”
Ngadangu cariosan Mang Onyon siga kitu, Mang Dirga mani carinakdak, kagagas ku kaayaan manehna anu hirupna ngandel ka Gusti. Ras inget kana kalakuan baheula samemeh wanoh ka Gusti sarta samemeh manehna nampi sihkurnia Gusti. Tapi ayeuna manehna ngarasa sugema ku margi geus nampi sihkurnia Gusti.
Sanggeus rengse ngobrolna di saung kebon jagong, tungtungna Mang Onyon jeung Mang Dirga baralik ka imahna sewangsewangan bari ngarasa sugema ku lantaran dipercanten sarta dipilih jadi putra Gusti, ku jalan nampi sihkurnia Gusti, sarta hirup ngandel ka Gusti!
Salam ti Juragan Anom!