SEMPAL GUYON: NIRON

NIRON
Hiji poe pa Ohir, bapana Tono, disaur ku pa Darajat, guruna Tono. Pa Darajat: Bapa, ieu tuang putra teh sok niron wae ka baturna sabangku, si Andi. Pa Ohir: Kutan?! Naon buktina yen pun anak sok niron wae teh, Pa?

Pa Darajat: Tah, cobi tingal ieu, salasahiji buktina waktu ujian Sajarah. Pertanyaan kahiji: Saha pangarang buku ‘Habis GelapTerbitlah Terang?’ Andi ngajawab: R.A. Kartini. Eh, Tono oge sarua jawabanana: R.A. Kartini. Pa Ohir: “Atuh da eta mah memangna kitu, pan pun anak teh ngapalkeun samemeh ujian.

Pa Darajat: Nya... bisa wae sarua. Tapi cobi ku Bapa ditingal, pertanyaan nu kadua: Di mana R.A. Kartini dibabarkeunana? Si Andi ngajawab: di Jepara. Si Tono oge ngajawab: di Jepara.

Pa Ohir: “Ah, eta mah kabeneran we, Pa. Ceuk abdi mah buktina henteu sah, nyebutkeun pun anak sok niron wae teh. Boa-boa malah Andi anu niron ka pun anak.

Pa Darajat: Nya bisa wae disebutna kabeneran. Tapi ieu tah bukti anu pangutamana mah, dina pertanyaan katilu: Taun sabaraha ayana Perang Diponegoro? Andi ngajawab: Kuring teu apal. Ari Tono ngajawabna: Komo kuring.

Pa Ohir: Atuh eta mah Tono ngajawab ka Andi, Pa, sanes ka Bapa. Naha Bapa bet jadi nuduh ka pun anak sok niron wae?

Pa Darajat ngahuleng, teu bisa nyarita naonnaon deui. Atuh pa Ohir oge amitan, tuluy ngaleos.

→Jelema anu asak luangna, nu diulik teh lampah nu bijaksana. (Siloka 17:24a).

SINGA NU SOMBONG
Singa ngora anu sombong keur kulantang kulinting di tengah leuweung. Barang nepi ka sisi leuweung, Singa amprok jeung sakumpulan monyet.

“Auuumm... hei Monyet goreng patut. Cing saha nu panghebatna di ieu leuweung?”

“Nya puguh wae juragan Singa atuh,” tembal Monyet sabaladna.

Leos we Singa ka tengah leuweung, amprok jeung gorombolan ajag. “Auuumm... hei Ajag nu lalicik. Saha nu pangdipikasieun di ieu leuweung?”

“Nya juragan Singa atuh,” tembal Ajag sabaladna.

Leos deui Singa, heg amprok jeung Gajah nu gede pisan awakna. “Auuumm... hei Gajah goreng irung. Saha nu pangkuatna di ieu leuweung?” Gajah teu nembalan, kalah ngaleos. Singa keuheuleun tuluy nuturkeun, pok nanya deui, “Hei Gajah, saha nu pangkuatna....”

Singa can tutas nyaritanya,Gajahngadeukeutan, sebrut narajang. Singa dijejek, nepi ka babak belur teu walakaya. Geus kitu mah Gajah ngaleos.

Singa kukulutus, “Ari teu bisa ngajawab mah teu kudu nyiksa atuh....”

→Sipat angkuh nungtun kana pisusaheun. (Siloka 13:10).