Saha Santo Agustinus teh?
Santo Agustinus ti Hipo teh ahli teologi, ahli palsapah, sarta uskup anu gede pangaruhna dina sajarah kahirupan umat Gusti. Riwayat hirupna ditulis ku Possidius. Anjeunna nulis tilu belas buku antara taun 397 jeung 400 dihijikeun jadi sajilid, eusina pikeun muji ka Gusti Allah.
Dina eta buku-buku dituliskeun paguneman Agustinus sareng Gusti Allah. Judul bukuna Confessions (Pangakuan) dina basa Latin. Eusina kahiji nyaeta pangakuan kana kahengkeran; kadua, syukur ka Gusti Allah atawa pujian ka Mantenna.
Mangsa budak sarta kulawarga Agustinus
Santo (St.) Agustinus dibabarkeun 13 Nopember taun 354 Samemeh Masehi (SM) di Thagaste, Propinsi Numidia, Afrika Kaler (ayeuna katelahna Ahras, Aljazair). Ngaran bapana Patricius, teu percaya ka Gusti. Ibuna nyaeta Monika, percaya tuhu ka Gusti. Anjeunna boga dulur dua, lalaki ngaranna Navigius, jeung awewe tapi teu kacatet ngaranna, kapala biara awewe.
Mangsa ngora anu pinuh pergolakan
St. Agustinus keur ngorana mah hirupna henteu mulus rahayu. Agustinus diajar ilmu bahasa, palsapah, jeung sastra, sarta sanggeus lulus, jadi guru elmu bahasa di Kartago jeung Milan, tapi hirupna henteu saleh. Anjeunna boga anak di luar nikah jeung Adeodatus, tapi hubunganana henteu manjang.
Agustinus kapangaruhan ku ajaran Manikeisme, agama anu ngajarkeun kahadean tapi oge kajahatan. Anjeunna teu puguh rarasaan, asa hese mikir, guligah, teu puas kana kaayaan hirup sorangan.
‘Saha Gusti teh? Naon anu disebut bebeneran teh? Jang naon kuring kudu hirup?’ eta anu jadi pertanyaan Agustinus. Tapi bingung ka saha nyiar pitulung. Dina kaayaan kitu, ibu Monika teu kendat ngadoakeun putrana, neda pitulung ka Gusti sangkan Agustinus bisa tobat tur milampah hirup anu mangpaat.
Peran Monika dina pertobatan Agustinus
Salian ti geten ngadoakeun, ibu Monika oge sok sering ngajelaskeun ngeunaan iman ka Gusti Yesus sarta ngajakan Agustinus milampah hirup anu bener. Taun 386 Masehi, rarasaan Agustinus beuki teu paruguh, teu ngarasa bagja-jamuga, kapikir rek neangan cara geusan hirup tengtrem.
Dina kaayaan kitu anjeunna nguping riwayat kahirupan Santo Antonius ti Mesir. Ras kapikir, naon anu kudu dilakonan.
Agustinus maca Surat Rum, anu kieu ungelna, “Tingkah laku masing luyu sakumaha pantesna hirup dina caangna beurang -- ulah pepestaan bae, ulah mabok, ulah rucah, ulah aeb, ulah gelut, ulah dengki. Cekel pakarang ti Gusti Yesus Kristus, ulah ngumbar pidosaeun ngalajur napsu.” (Rum 13:13-14).
Eta dawuhan Gusti ngageuing Agustinus, dugi ka sadar yen hirupna kudu robah. Ahirna kalawan pitulung Roh Suci tur doa ibuna, anjeunna bisa tobat.
Dina acara wengi Paska di Katedral Milano, 24 April taun 387, Agustinus nampi Gusti salaku Jurusalamet pribadina, nalika umurna 32 taun. Agustinus yakin yen peran ibuna kalintang ageung dina pertobatanana, sarta ngajenan perjoangan ibuna.
“Iman hartina percaya kana hal anu tacan katingal ku urang; ganjaran iman nyaeta ngabuktikeun naon anu dipercaya ku urang.”.
“Sim kuring ningal kamulyaan PANGERAN nalika nuju mayunan karerepet anu pangbeuratna. Sim kuring jadi serab ku kamulyaan Mantenna.”
Kahirupan St. Agustinus sanggeus tobat
Sanggeus tobat, Agustinus hirup kalayan sosonsoson ngabakti ka Gusti sarta getol ngalayanan padamelan Gusti. Anjeunna ngahasilkeun seueur tulisan-tulisan ngeunaan pangwanohan ka Gusti
Agustinus kasohor lantaran buku hasil tulisanana nu judulna “Confessions” (Pangakuan). Eusina catetan pribadi kahirupanana, sarta City of God (Kota Gusti). Ieu buku ditulis pikeun maparin sumanget ka para jamaah Gusti sabada dijarah ku bangsa Rum ku Visigoth taun 410 Masehi.
Anjeunna kasebat salaku salasahiji pamikir anu paling gede pangaruhna dina sajarah. Pamikiran ngeunaan emutan tur hakekat waktu, oge pamikiran yen Gusti henteu tiasa kaukur ku waktu, sabab Mantenna mah langgeng.
Agustinus resep ngabantuan jalma nu mariskin tur nu teu diprosea ku batur, sarta ngawulangkeun ngeunaan kaasih Gusti. Pamikiran Agustinus ngeumaan hubungan iman jeung akal manusa oge gede pangaruhna kana sajarah palsapah umat Gusti.


Ahir hirup St. Agustinus
Agustinus pupus 28 Agustus 430 Masehi tur dikurebkeun di Katedral Hippo. Lajeng layonna dialihkeun ka Pavia, Italia. Warisanana terus hirup sarta mangaruhan umat Gusti dugi ka kiwari.
Ku jalaran kitu Agustinus kalebet salasahiji tokoh pangpentingna dina sajarah umat Gusti. Anjeunna ninggalkan warisan anu kalintang ageung ajenna kanggo kahirupan umat Gusti.
Larapkeuneun
Urang tiasa metik seueur pangajaran nu sae tina kahirupan Agustinus. Nu kahiji, saha wae oge bisa tobat, sanajan geus sakumaha beuratna oge lampah dosana. Ieu mangrupi bukti yen Gusti Allah kawasa ngarobah hirup jalma kalawan aheng.
Urang oge tiasa diajar ti ibu Monika, ibuna Agustinu. Anjeunna nembongkeun yen doa teh kalintang pentingna dina perjoangan nulungan batur sangkan miboga iman anu saestu.
Riwayat Agustinus oge nembongkeun pentingna kahirupan rohaniah dina ngalenyepan harti bebeneran nu saestu. Sih karunia Gusti Allah dipintonkeun dina kahirupanana. Mantenna kawasa ngarobah hirup Agustinus kalawan aheng jalaran sih karunia-Na.
Salajengna kahirupan Agustinus nembongkeun yen ngabdi ka Gusti teh kalintang pentingna. Anjeunna ngabuktikeun yen tujuan hirupna bisa kaharti nalika hirupna diabdikeun ka Gusti.
Disasarikeun tina sababaraha sumber ku:
Bp. D. Sunhadi, S.Th.
Ulah miluan adat kabiasaan ieu dunya. Batin teh sina dianyarkeun ku Mantenna, supaya pikiran aranjeun barobah anyar sama sakali. Ari geus kitu mah tangtu bakal terang kana pangersa Allah, mana nu hade, nu sampurna, nu matak bisa nyukakeun manah-Na. Rum12:2