CARPON: NU KEDUL BARIS MULUNTU

Pudin masih keneh gogoleran dina korsi di rohang tamu. Padahal geus jam satengah dalapan. Manehna acan mandi, acan sarapan ongkoh. Ari hudangna mah geus ti isuk-isuk keneh, samemeh jam tujuh. “Pudin, hayoh... bisi kabeurangan,” ceuk Ema.

“Sakedap, Ma,” ceuk Pudin.

Tapi sanggeus jam dalapan, Pudin masih keneh nguliat dina korsi di rohang tamu. Jol deui emana.

“Hey, Pudin, ari maneh moal gawe?” tanya Ema bingung.

“Hujan, Ma,” tembal Pudin singket.

“Memangna ku naon kitu mun hujan?” tanya Emana bingungeun, “kapan eta aya payung, ngajagrag….”

“Ah, Ema mah,” ceuk Pudin, “nya hoream we atuh, Ma, ari kudu huhujanan mah, baseuh.”

“Ari Pudin…,” Ema ngarenghap panjang. “Din, ngaranna ge digawe. Nya moal halodo wae atuh. Masing hujan oge, angger kudu indit gawe.”

“Moal, ah, Ma,” ceuk Pudin, “Hoream. Da pa Amid oge teu nanaon.”

“Beu… ieu mah budak teh nya… mani hese dibejaan,” ceuk Ema bari terus ngaleos.
***

Sapoe eta cuacana angger keneh henteu loba parobahan. Hujan masih terus ngaririncik. Sakapeung ngagedean, der hujan badag. Nepi ka sorenakeun hujan teh teu aya raatna.

Pudin mah anteng we ngarengkol dina korsi di rohang tamu. Sakali-kali ingkig ka meja makan, gek diuk tuluy am dahar. Geus karasa wareg mah balik deui ka rohang tamu, ngagoler deui we.

Lamun henteu ka meja makan mah paling oge jung ka kamar mandi sakeudeung. Sanggeus kitu mah balik deui wae ka rohang tamu, goledag ngedeng.

Poe eta Pudin ngan gogoleran wae taya kabosen, tuluy kasarean. Barang kuniang hudang, gap kana hape. Tuluy anteng nyo’o hape.

Wanci sariak layung, kurunyung batur sapagawean Pudin, nu ngaran Entis. Manehna datang sanggeus bubar kantor.

“Sampurasun…,” ceuk Entis.

“Rampees….,” tembal Ema.

“Punten, Ma, dupi Pudin aya di bumi?” tanya Entis.

“Aeh, geuning Entis, sugan teh saha. Aya, tah, keur di rohang tamu. Sok ka lebet atuh, Tis.”

“Muhun, Ma,” ceuk Entis, “punten atuh abdi ka lebet, Ma.”

“Enya… mangga… sok jung,” ceuk Ema ngajurung Entis nyampeurkeun Pudin di rohang tamu.

Barang nepi ka rohang tamu, kasampak Pudin keur gogoleran. Entis mani olohok. Manehna ukur gogodeg ningali Pudin keur anteng gogoleran dina korsi bari maen game dina hape.

“Aeh…aeh… ari sugan teh nyaan maneh keur gering, Din,” ceuk Entis bangun aneheun. Pudin ukur seuri, nyerengeh, tuluy pokna, “Ah, uing teh hoream indit gawe, Tis.”

“Haaarrr… aya kituna…!” ceuk Entis. Sikep Pudin kitunteh teu kahartieun ku manehna mah.

“Sapopoe hujan wae, Tis!” ceuk Pudin.

“Heueuh uing ge nyaho,” ceuk Entis.

“Nya matak jibrug kabaseuhan,” ceuk Pudin. “Kumaha rek digawe cing, ari geus kitu mah?” tanya Pudin.

“Kapan gawe mah di jero, Din, nya moal kahujanan atuh, moal kabaseuhan,” tembal Entis.

“Enya… ngarti uing oge,” ceuk Pudin ngabela dirina, “di kantor mah moal kabaseuhan masing hujan badag oge.”

“Ari kitu, naha make sieun kahujanan, sieun kabaseuhan sagala?” tanya Entis bingung.

“Kapan ti dieu ka kantor teh kudu leumpang, Tis,” tembal Pudin.

“Nya ulah huhujanan atuh, kapan bisa make payung,” ceuk Entis. “Memangna maneh teu boga payung?”

Pudin teu nembalan. Manehna ukur nyerengeh.

“Piraku pagawe kantoran teu kabeuli payung-payung acan mah, Din,” ceuk Entis bari gumujeng.

“Lain teu kabeuli ari ukur payungpayung wae mah, Tis,” Pudin ngabantah.

“Naha atuh, lain indit make payung?” tanya Entis aneheun, asa teu asup akal.

“Da masing make payung oge, ari hujanna badag mah nepi ka kantor teh uing kabaseuhan atuh euy,” ceuk Pudin keukeuh.

“Oooh…jadi maneh teh eleh ku cihujan nya?” tanya Entis ngaheureuyan.

“Lain eleh,” tembal Pudin teu narima, “puguh uing mah embung indit gawe teh lantaran nyingkahan cihujan.”

“Ah, hese ngomong jeung maneh mah, Din,” ceuk Entis, horeameun ngabahas deui.

“Ari kitu… maneh teh ka dieu ngan ukur nitah uing meuli payung?” tanya Pudin heureuy.

“Euh… maneh mah euy…,” Entis nyaritana eureun heula, teu diteruskeun.

“Har, na ku naon kitu?” tanya Pudin panasaran.

“Poe ieu teh meneran pa Amid milang kala,” ceuk Entis.

“Na tanggal sabaraha kitu ayeuna teh?” tanya Pudin bari rada mikir.

“Ah, moal beja-beja… tuh tempo sorangan we dina kalender, atawa dina hape,” tembal Entis malik heureuy. “Keun bae lah…,” ceuk Pudin singket bari rada handeueul.

“Urang dijajanan timbel kumplit… ngeunaaah pisan, Din,” ceuk Entis, “cenah mah nu kasohor tea timbelna, ti restoran Asep dedengean mah.”

“Emmm,” ceuk Pudin bari ngabayangkeun kadaharan nu ngareunah.

“Geus kitu, urang dibere ieu,” ceuk Entis bari nembongkeun amplop.

“Naon eta?” tanya Pudin beuki panasaran.

“Hadiah pa Amid milang kala, Din,” tembal Entis bangun anu bungah pisan.

“Naha bet maneh anu dibere hadiah?” tanya Pudin aneheun bari sirik ongkoh, “pan anu milang kalana ge pa Amid, nya pantesna oge maneh atuh anu mere.”

“Nya duka teuing eta mah, da uing mah ukur dibere… atoh we nu aya,” tembal Entis, “nya puguh we ditarima atuh, lumayan pisan…!”

Pudin baeud. Manehna keuheul ka diri sorangan sabab pohoeun yen poe eta teh poe istimewa. Pa Amid, dununganana milang kala.

Geus jadi kabiasaan, unggal pa Amid milang kala, para pagawena sok dijajanan. Kadaharanana lain nu biasa-biasa, pasti nu istimewa. Tapi anu leuwih matak keuheuleun ka Pudin nyaeta yen pa Amid babagi amplop duit. Samemehna mah henteu kitu, ngan dibaragi kadaharan wungkul.

“Keun we, isukan ge urang bisa meunang bonus,” ceuk Pudin bangun sebel.

“Nya moal atuh, Din,” celengkeung teh Ema bari asup ka rohang tamu.

“Euh… Ema mah sok nyanyahoanan,” ceuk Pudin keuheuleun.

“Maenya hadiah milang kala dipindo?” tanya Ema.

“Nya bisa wae atuh, Ma,” tembal Pudin teu narima.

“Eta mah geus milik nu getol digawe,” ceuk Ema, “nu matak tong kedul atuh, Pudin.”

“Piraning ge bolos sakali, Ma,” Pudin ngabela diri.

“Heueuh… bener, ngan sakali,” ceuk Ema, “sakali basa hujan, sakali basa hoream, sakali basa nyeri hulu, meus-meus we sakali.”

Ema nyindiran ka Pudin anu katempo pisan kaduhungeunana. Ari Entis mah ukur mesem.

“Ceuk paribasa oge,” ceuk Ema ka Pudin, “nu kedul mah baris muluntu.”

Barang ret ka Entis, Pudin jadi era sorangan. Manehna ngusapan sirah bari mesem. Tapi di jero hatena mah manehna jangji rek jadi jelema anu getol digawe.

Ku: EVA