Prakprakan hirup utama anu kedah dilampahkeun ku sadaya manusa anu kumelendang di alam dunya nyaeta hirup miasih ka Gusti tur ka sasama. Namung hanjakalna, ieu teh henteu gampang, sanaos henteu mustahil tiasa dilakonan.
Henteu sakedik jalma anu gagal ngalampahkeunana. Bujeng-bujeng anu henteu wanoh ka Gusti, cacakan anu ngakuna wanoh oge, kanyataanana mah seueur anu gagal.
Samodel kumaha jalma anu kasebat nyumponan prakprakan hirup miasih ka Gusti tur ka sasama teh? Kahiji, hirup miasih ka Gusti sanes mung ukur akon-akon, tapi hirup anu kamanah ku Gusti. Miasih ka Gusti sanes diukur ku omongan, tapi ku lakulampah anu matak nyukakeun manah PANGERAN.
Seueur alesanana nalika gagal nyumponan hirup anu kamanah ku Gusti. Miasih ka Gusti, aya patalina jeung kaiklasan, kasatiaan, tur soson-soson, sabab Gusti mah hamo iasa dibobodo.
Cindekna, hirup miasih ka Gusti teh tiasa dipintonkeun ku dua jal yaeta: Percaya ka Gusti tur masrahkeun diri sagemblengna ka Gusti; hirup nurut ka Gusti tur nyukakeun manah Gusti sadaya prak prakan hirup.
Kadua, hirup miasih ka sasama nyaeta nyenangkeun batur; ngahiyap batur didasaran ku kanyaah anu beresih, anu teu aya codekana. Ieu kaasih anu henteu kahalang ku kakurangan jeung kagorengan batur.
Tangtosna gampang diucapkeun, sesah dilakonan, tapi kedah dilaksanakeun. Jalma anu tiasa nerapkeun "hirup miasih ka Gusti tur ka sasama", hartina geus tiasa nyumponan hukum Gusti (Mateus 22:37-39).
Dina Alkitab seueur dicatet tokoh-tokoh anu ngalampahkeun prakprakan hirup tokoh-tokoh anu ngalampahkeun prakprakan hirup miasih ka Gusti tur ka sasama, di antawisna Yusuf. Lalampahan hirup Yusuf, pangalamanana, sikepna ka batur anu neungteuinganan estu mintonkeun hirup miasih ka Gusti tur ka sasama. Lampah hirupna luyu sareng piwulang Gusti anu dituliskeun dina Mateus 22:37-39.
Yusuf geus ngabuktikeun pribadi anu ngupayakeun lampah hirup anu kamanah ku Gusti. Sakedikna aya 4 hal anu nembongkeun kahirupan Yusuf anu kamanah ku Gusti.
Kahiji, Yusuf disarengan ku Gusti (Kajadian 39:2,3,21). Upami Yusuf henteu kamanah ka Gusti, pamohalan disarengan ku Gusti. Tanpa panyarengan Gusti, pamohalan Yusuf bisa ngalaksanakeun hal-hal anu sesah dilakonan ku manusa.
Kadua, Yusuf ngalantarankeun kulawarga Potifar, anu jadi dununganana, diberkahan ku Gusti (Kajadian 29:5). Nalika hirup jalma kamanah ku Gusti, tangtos ku Gusti dianggo ngalaksanakeun maksad Mantenna. Malih mah hirupna tiasa janten berkah keur batur.

Katilu, Yusuf henteu milampah dosa, henteu tigebrus kana dosa. Sanajan aya kasempatan pikeun milampah dosa, nalika ku istri Potifar, iman Yusuf pengkuh (Kajadian 29:9).
Tangtos upami henteu emut ka Gusti, pasti anjeunna oge tigebrus kana eta dosa. Rasa asih tur ajrih ka Gusti, jadi pangdorong anjeunna henteu nyingkahan dosa, sanajan aya kasempatan, batur teu arapaleun.
Tapi Yusuf tetep hoyong ngalampahkeun naon anu kamanah ku Gusti. Anjeunna apa yen dosa teh dipikaijid ku Gusti.
Kaopat, Yusuf sadar yen kamampuh aya dina dirina, sanes asal ti dirina tapi asal ti Gusti (Kajadian 41:16). Ieu kasadaran anu mintonkeun yen Yusuf rendah hate.
Yusuf oge mintonkeun kaasihna ka sasama. Anjeunna diteungteinganana ku lanceuk-lanceukna; dipitenah di imah Potifar; jeung di panjara.
Waktu kapareng janten pamingpin, anjeunna narima lanceuk-lanceuk. Limpah Yusuf dumasar kana sifat ka sasama.
Yusuf henteu nglawan, henteu ngewa, henteu dendam. Anjeunna teras-terasan ngalakukeun anu pihadeeun keur batur.
Sumawona Yusuf katingal nampi lanceuk-lanceukna kalayan disarengan ku rasa sono, deudeuh, iklas tur kabungah anu sanes pupulasan. Ti dinya tiasa katingal sifat asih Yusuf (Kajadian 45:1-8).
Sikep miasih ka Gusti tur ka sasama geus jadi katangtuan anu sakedahna dipilampah ku manusa ti kapungkur dugi ka kiwari. Utamina jalma anu ngaku iman ka Gusti.
Ti jaman ka jaman, tina sagala kaayanaan, kumaha bae oge kaayaan jaman, henteu aya alesan kanggo henteu miasih ka Gusti ka sasama. Kitu sakedahna hubungan antara manusa sareng Gusti sakedahna hubungan antara manusa sareng Gusti pon kitu oge antara manusa sareng sasama.
Nulad kana sikep Yusuf dina mintonkeun hirup anu miasih ka Gusti sarta ka sasama aya sababaraha kacindekan anu tiasa dilarapkeun dina hirup urang. Kitu oge dina kaayaan ayeuna anu ditarajang ku Covid-19, bisa jadi tangtangan pikeun nerapkeun kaasih.
Kacindekan:
Miasih ka Gusti nyaeta milampah hirup anu kamanah ku Gusti, dina kaayaan anu kumaha bae oge. Kahoyong milampah hirup anu henteu kamanah ku Gusti kedah dilawan tur dielehkeun.
Jadikeun sikep miasih ka Gusti tur ka sasama salaku tujuan utama kahirupan urang. Masing narima sasama sakumaha ayana tanpa ngabeda-bedakeun.
Masing asih boh ka nu ngewa boh ka nu nyaah ka urang, kitu oge ka nu nguciwakeun. Gusti kawasa ngalaksanakeun rarancang Mantenna saluyu sareng pangersa-Na.
Milampah kahadean keur sasama sanes dumeh ngabales kaasih batur, tapi mangrupakeun jati diri anut ka Gusti. Henteu gampang nerapkeunana utamina dina kaayaan ayeuna. Tapi ku pitulung Gusti, pasti urang tiasa nerapkeunana dina prakprakan hirup urang. Gusti Yesus ngaberkahan.
