NULUNG KA NU BUTUH, NULUNG KA NU SUSAH

Di jaman ayana sasalad Covid 19 kahirupan jadi leuwih ripuh. Rea jalma anu kapaksa leungiteun padamelan alatan di-PHK ku perusahaanana.

Balukarna henteu sakedik kulawarga anu kakurangan bahan poko. Aya kulawarga anu tuangna mung sakali sadinten ku sabab teu gaduh kanggo tuangeunana.

Kaayaan samodel kieu sanes mung kaalaman ku anu di kota, tapi anu di kampung oge sami. Sanes mung kaalaman di nagara urang, tapi di nagara deungeun, meh di sakuliah dunya, oge sami. Eta sababna warga sadunya ngalaman kasusah anu luar biasa.

Kaayaan di kampung Mang Onyon oge sami. Seueur jalma anu kedah ngadahar sampeu wungkul. Aya oge anu kedah puasa sabab memang teu gaduh kadaharan sama sekali.

Mang Onyon henteu tenang jeung henteu tega ningali kaayaan anu matak pikawatireun kieu. Sabab anjeunna emut kana Pangandika Gusti yen putra Gusti mah nulungan ka batur anu keur kakurangan.

Bujeng-bujeng ka tatangga atanapi batur, dalah musuh anu nyorang kasusah oge kedah ditulungan. Ku kituna Mang Onyon kenteu kendat neneda ka Gusti nyuhunkeun bongbolongan, kumaha carana bisa nulungan batur.

Hiji mangsa, sanggeus beres ngadoa, Mang Onyon ngarasa dipaparin hikmat ku Gusti. Anjeunna ngumpulkan tatangga-tatanggana anu mampuh secara ekonomi. Heg aranjeunna baradami, kumaha carana tiasa nulungan tatangga-tatangga anu henteu mampuh.

Ceuk Mang Onyon ka balarea, "Ayeuna waktuna urang mintonkeun kayaah urang ka sasama." Mang Onyon ngajakan ka aranjeunna, "Hayu urang anu geus diberkahan ku Gusti, ngabagi eta berkah Gusti ka dulur-dulur anu teu mampuh."

Pangajak Mang Onyon didasaran ku dawuhan Gusti anu kieu ungelna: "Lain maksud simkuring rek ngentengkeun batur tuluy ngarerepot ka aranjeun, ngan ku sabab ayeuna aranjeun keur aya dina kacukupan, munasabah lamun mere ka batur anu keur butuh. Engke lamun aranjeun pareng kakurangan sarta maranehna keur aya dina kacukupan tangtu aranjeun oge ditulung. Jadi saimbang pada silih ladenan." (2 Konrinta 8:13-14).

Terus Mang Onyon nambahan deui, "Sabab ceuk Kitab Suci: "Anu ngumpulkeunana loba moal matak leuwih, anu ngumpulkeunana saeutik moal matak kurang." (2 Korinta 8:15).

Sanggeus dijelaskeun kitu, para tatanggana mupakat rek silih bantu dina sual kadaharan. Maranehna rek nyieun hiji tempat anu disebutna "Dapur Salembur".

Jalma-jalma anu marampuh ngarumpulkan ka daharan di eta tempat supaya jalma-jalma anu henteu marampuh tiasa nyandak dahareun ti dinya. Mang Onyon oge geus nyiapkeun jalma-jalma anu resep ngalalayanan dina widang eta.

Atuh ti harita eta tempat jadi rame ku jalma anu ngiriman dahareun jeung ku jalma anu bade nyandak dahareun. Ti saprak aya "Dapur Salembur", teu aya deui tatangga Mang Onyon anu kasusahan ku dahareun.

Saterusna Mang Onyon oge maparin panyuluhan ka warga kampung. Salian ti silih bantu dina urusan dahareun, kedah silih bantu oge dina urusan padamelan sangkan warga kampung tiasa babrengan ngungkulan masalah ekonomi.

Mang Onyon ngusulkeun ku tatanggana supaya pada ngamangpaatkeun lahan pakarangan anu aya di imah sewang-sewangan. Eta lahan dipelakan ku rupa-rupa pepelakan anu tereh dipanen, pikeun nyumponan pangabutuh kadaharan kulawarga sadidinten.

Mang Onyon nyontoan ku peplakan anu tiasa dipelak di pakarangan samodel cengek, tomat, seledri, bawang daun, sampeu, kangkung, terong, jeung rea-rea deui. Tujuanana supaya ibu-ibu anu bade masak tiasa metik atanapi ngundeur di buruan imah.

"Ku cara anu samodel kieu, urang teu kudu ngaluarkeun duit," ceuk Mang Onyon, "eukeur mah hese neangan duit teh, katambah deui kudu ayana sasalad Covid 19, beuki hese deui."

Warga di kampung Mang Onyon kacida aratoheunana dipaparin bongbolongan kitu. Naon anu dicaritakeun sarta dilakonan ku Mang Onyon teh karaos pisan mangpaatna.

Atuh sanggeus aranjeunna ngalaksanakeun saluyu jeung usul Mang Onyon, warga masarakat di kampung Mang Onyon jadi sarugih. Ayeuna di tiap kampung Mang Onyon jadi sarugih. Ayeuna di tiap imah geus marelak sasayuran. Anu garaduh balong dipelakan lauk

Leres saur Kitab suci, upami sagala rupa hasilna jadi langkung mucekil. "Kudu silih bantu bakeubeurat, nekanan hukum Kristus." (Galata 6:2).

Urang salaku putra Gusti henteu kenging masa bodo, henteu mirosea ka batur. Sabalikna urang kedang gaduh manah sapertos Gusti.

Kumaha paraosan Gusti upami Mantenna ningal jalma anu keur kasusahan? Kumaha paraosan Gusti upami ningal jalma anu perlu pitulung?

Mang Onyon salaku putra Gusti di kampungna geus ngalampahkeun pengersa Gusti nyaeta mikanyaah ka Gusti ku mintonkeun mikanyaah ka sasama. Bohong kacida upami urang ngaku mikanyaah ka Gusti tapi tara kersa nulungan ka sasama.

Aya pribasa anu kieu: nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah. Hartina, upami urang bade nulungan, kedah ka batur anu leres-leres meryogikeun pitulung.

Dina kitab Suci langkung eces deui disebatkeun yen upami urang nulung ka nu butuh, nalang ka nu susah, sami sareng ngahutangan Gusti. Gusti anu kagungan kapiat ka urang upami urang nulung ka batur anu butuh. (Siloka 19;17).

Mang Onyon geus mintonkeun sikep anu luyu sareng Gusti nyaeta nulung ka nu butuh nalang ka nu susah. Sikep Mang Onyon kamanah ku Gusti.

Hayu urang nurutan sikep Mang Onyon utamina dina mangsa sasalad saperti kiwari. Gusti Yesus ngaberkahan!

Salam tu Juragan Anom