KAASIH

Kaayaan pikahariwangeun di sakuliah dunya ku jalaran virus anu katelahna Corona
atanapi Covid-19 geus meh jejeg sataun.
Ieu kaayaan teh etang-etang ujian kanggo sakumna

manusa, naha ka saha bade muntang tur gumantung.


Seueur para padamel anu dilirenkeun tina padamelanana, anu sok disebat PHK tea, singketan tina
Pemutusan Hubungan Kerja. Toko-toko ditarutup,
para padamel pabrik teu tiasa barang damel sabab
teu kenging karumpul, teu kenging pacaket.


Malah mah warung sangu oge boh nu laleutik
boh anu garede anu sok disebat restoran tea oge ditarutup. Kasebatna mah ekonomi teh lumpuh, teu
tiasa jalan, ku margi sadaya jalma kedah maratuh di
imah sewang-sewangan.


Sabalikna di rumah sakit mah rame wae, sabab
seueur pisan pasen. Jalma-jalma anu kaseureud ku
virus Corona murudul ka rumah sakit. Anu hade milik mah tiasa damang deui, namung henteu sakedik
anu bablas dugi ka maot.


Kitu deui barudak sakola, diajarna ti imah
sewang-sewangan nganggo video. Para murid tiasa
ngabandungan pangajaran ti bapa-ibu guruna. Cara
anu samodel kieu bisa laksana jalaran kamajuan
teknologi.


Kumaha sareng kulawarga anu bapa/ibuna teu
tiasa barang damel? Katambah deui, eta kulawarga
kaseureud ku Covid-19.


Dina kaayaan samodel kitu, seueur kulawarga
sabudeureunana anu ngarintun kadaharan, silih genti unggal dinten. Ieu mangrupi bukti kaasih
warga masarakat ka tatangga anu nuju mayunan ka rerepet.


Seueur oge para jamaah Gusti di kota anu
ngarintun pangabutuh sadidinten ka warga jamaah
anu henteu tiasa barang damel, anu di-PHK, boh di
kota boh di desa.


Sikep para jamaah anu silih tulungan teh estu
nulad ka para murid tur rasul Gusti Yesus, nyaeta
rasul Petrus sareng rasul Yohanes. Aranjeunna mintonkeun kaasih Gusti Yesus ka jalma anu teu wala kaya.


Dina hiji poe kira-kira pukul tilu sore, waktuna
sembahyang, Petrus jeung Yohanes arangkat ka Bait
Allah. Di hiji lawang anu ngaranna Panto Alus, aya
hiji lalaki anu lumpuh ti barang lahir; unggal poe
sok digotong ka eta lawang sina menta sidekah ka
nu rek arasup ka Bait Allah.


Petrus jeung Yohanes oge basa rek lalebet
dipentaan sidekah. Aranjeunna neuteup, geus kitu
Petrus sasauran, “Teuteup ieu kaula duaan!” Eta jelema tuluy neuteup bari ngarep-ngarep sidekah.
Saur Petrus, “Duit mah kaula teu boga. Tapi
kaboga kaula ayeuna rek dibikeun. Demi pajenengan
Yesus Kristus urang Nasaret, andika geura nangtung,
tuluy leumpang!”


Tuluy ku anjeunna dicekel leungeunna nu
katuhu sina nangtung. Harita keneh suku jeung mumuncanganana ngadak-ngadak kuat, jung nangtung
semu luncat, tuluy leuleumpangan bulak-balik, ti
dinya nuturkeun Petrus jeung Yohanes ka jero Bait
Allah, ajrug-ajrugan jeung muji ka Allah. (Rasul Rasul 3:1-8).


Kaasih rasul Petrus jeung rasul Yohanes ditembongkeun ku jalan ngadoakeun eta jalma sangkan
cageur tina panyawatna nu matuh. Tapi anu pangpentingna, eta jalma wanoh ka Gusti Yesus sarta
tiasa ngamulyakeun Gusti Allah.

Dina pedaran Langlang Mitra anu katilu taun
2020 ayeuna, bade dibahas langkung jero ngeunaan
lampah hirup anu mintonkeun kaasih Gusti. Sumangga para pamaos maca kaca-kaca salajengna.
Gusti Yesus ngaberkahan. (*)