Kiwari mah urang sapopoe sok sering ngaleueut nganggo cangkir palastik, pangpangna mah ciherang. Dina acara-acara, upami nyuguhan cai herang teh sok nganggo nu geus dipaket dina cangkir palastik, jadi cangkirna teu kedah dikumbah, langsung we dipiceun. Memang seueur merek cai dina cangkir palastik, tapi sok disebutna ‘aqua’, masing naon wae oge merekna.
Ku sabab sakabeh jalma sering pisan miceunan cangkang palastik urut aqua tea, nya runtahna oge seueur pisan. Nu mawi di mana- mana geus pinuh ku runtah cangkang palastik, sanes mung di Indonesia tapi di sakuliah dunya. Eta runtah palastik teh butuh ratusan taun sangkan bisa ancur pisan tur ngahiji jeung alam. Tah, nu mawi alam urang teh jadi ruksak ku lantaran runtah tina cangkang palastik.
Ku kituna, ayeuna mah hayu urang ngupayakeun supaya alam teh henteu wuwuh ruksak. Carana nyaeta ku jalan ngamangpaatkeun runtah tina cangkang palastik. Upami katingali aya cangkir palastik urut aqua, ulah dipiceun. Urang anggo sangkan jadi barang anu mangpaat.

· 3 gelas palastik urut nu geus beresih
· Gunting
· Spidol
· Jidar
· Manik-manik kembang
1. Cangkir palastik nu hiji dibeulah dua ku gunting.
2. Saluyukeun ukuran kembang nganggo jidar, tur cirian ku spidol.
3. Sisi-sisina diguntingan. Tapi samemehna cirian heula ku spidol.
4. Urut guntingan teh ditilep ka bagian luar cangkirna; teken ku gunting supaya jadi rada bengkung.
5. Cangkir nu dua deui oge sarua dijieun cara cangkir nu ti payun.
6. Sanggeus beres diguntingan sarta jadi saperti kembang, tengahna diliangan ku gunting, heg dipasangan manik- manik kembang.
Cangkir-cangkir palastik teh tumpukkeun. Nu aya manik-manikan di pangluhurna. Beres! Kembang eros tina cangkir palastik geus jadi, bisa jadi hiasan di imah.
