PEUNTEUN UJIAN
Bu Guru: “Budi, ku naon ujian matematika teh peunteunna ngan 30?”
Budi : “Eta teh usaha abdi satekah polah, Bu.” Bu Guru: “Naha usaha teh ngan meunang peunteun 30?”
Budi : “Leres, Bu... usaha satekah polah nahan tunduh nalika ujian, usaha satekah polah supaya teu niron, tapi ahirna abdi mung tiasa pasrah.”
Bu Guru: “Haaarrr?! Jadi hidep teh taluk di tengah jalan?”
Budi : “Leres, Bu, tinimbang niron, mending jujur… sanajan saralah sadayana.”
Bu Guru: “Budi... hidep teh conto murid anu... jujur tapi tacan siap ujian.”
Budi : “Sahenteuna abdi siap mental, Bu.”
->Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah supaya dipaparin kabijaksanaan, da Allah mah sipat murah jeung welas asih (Yakobus 1:5).
SALAH NGARTI
Eman jeung Oding hayang ngajaran ngaleueut di tempat nu kasebutna kafe. Ceuk bejana mah tempatna ngeunaheun. Tuluy maranehna pesen es sirop dua gelas.
Teu lila jol nu ngaladangan mawa es sirop dua gelas, saluyu jeung anu dipesen. Regot dileueut es sirop teh. Tuluy Eman jeung Oding ngaluarkeun leupeut jeung bala-bala tina kantong sewang- sewangan. Am didalahar bangun ni’mat.
Sabot kitu nu ngaladangan teh geus jol deui, tapi teu mawa nanaon. Malah pok manehna teh ka Eman jeung Oding, “Di dieu mah teu kenging barang tuang kenging mekel nyalira.”
“Oh, muhun atuh,” tembal Eman jeung Oding meh bareng bari silih tukeur lontong jeung bala-balana. Nu ngaladangan bati bengong, bingungeun.
->Boga pangarti jeung kapinteran mah leuwih utama ti batan boga emas perak. (Siloka 16:16).

BALUKAR TINA NGIMPI
Mang Sasma kakara meunang pagawean anyar, jadi Satpam di imah Juragan Haruman, jalma beunghar pisan. Hiji mangsa Jaragan Haruman nyarita ka mang Sasma.
“Kuring rek nyaba ka lembur nu jauh,” ceuk Juragan Haruman. “Ku sabab jauh, meuntas sagara, kuring rek tumpak kapal terbang, ambeh teu lila teuing di jalanna.”
Mang Sasma ngabandungan omongan dununganana. Tapi sanggeus ngahuleng sakeudeung, pok manehna nyarita, “Juragan, hapunten pisan, saena mah ulah waka nyanyabaan heula, bisi cilaka. Geus kaimpikeun ku sim kuring.” Eta omongan mang Sasma kataji ku
Juragan Haruman. Anjeunna nganuhunkeun pisan ka mang Sasma. Song mang Sasma dibere duit lumayan gede.
Tapi hanjakalna teu kungsi lila ti harita, mang Sasma dipecat ku Juragan Haruman. Naon salahna? Gawena sare wae!
->Lamun waktu ngan dipake sare, nya malarat balukarna. Kudu ngoprek, sangkan seubeuh barang capek (Siloka 20:13).
